You are on page 1of 1

‫َٰٓيَأُّيَها ٱَّلِذ يَن َء اَم ُنوْا ُك ِتَب َع َلۡي ُك ُم ٱلِّص َياُم َك َم ا ُك ِتَب َع َلى ٱَّلِذ يَن ِم ن َقۡب ِلُك

ۡم َلَع َّلُك ۡم َتَّتُقوَن‬


183. Hai jalma-jalma anu airman, tos diowajibkeun ka aranjeun puasa, sakumaha diwajibkeun ka
jalma2 samemeh aranjeun, suoaya aranjeun taqwa.

Ayat nembe parentah Alloh ka jalma anu ariman pikeun ngalaksanekun ibadah puasa romadhon.
Jalma anu teu iman / jalma kafir teu kataklif pikeun ibadah, boh ibadah puasa atawa ibadah
sejenna.

Jalma kafirmah bebas…..teu kudu puasa, teu perlu sholat, teu kudu ibadah ka Alloh. Da ka Alloh
na ge teu percayaeun. Tapi jalma kafir geus dicap ku Alloh jadi ahli naraka

Urang bersyukur ka Alloh diparinan kanikmatan nu paling berharga nyata nikmat iman & Islam.
Katambih nikmat panjang yuswa bari sehat sahingga tiasa tepang sareng sasih anu mulya.
Maka Wujud syukur sareng bukti bakti tina kaislaman & kaimanan urang dibuktikeun ku
ngalaksanakeun parentah Alloh. Diantawisna puasa dina bulan romadhon sareng ibadah anu
sanesna.

Kamulyaan reng kaagungan romadhon disambut dimana2. Kagiatan2 umat islam dina bulan
romadhon luar biasa, siang wengi disibukkuen ku ibadah. Nu dimasjid nu dimadrosah, tikawit
murangkalih dugi ka sepuh pada2 tekun ngalaksnankeun amaliah ibadah, boh sunnah boh wajib.

Tapi aya oge malih teu sakedik jalmi anu ngahinakeun, ngalalaorakeun kana kaagungan
romadhon ku ngalakukeun perkara anu dicaram ku Alloh. Sanes sakadar teu puasa/ nyemen.
Tapi oge wani ngarumpak perkara anu diharamkeun ku Alloh.

Hal ieu teu heran. Margi parantos diwanti2 ku rasululloh SAW. Pidawuh rasululloh saw

‫ ِقْيَل َيا َر ُسْو َل هللا‬.) ‫ (ِإَّن ُأَّمِتْي َلْم َيِخ ُّز ْو ا َم ا َأَقاُم ْو ا َشْهَر َر َم َض اَن‬:‫قال رسول هللا صلى هللا عليه وسلم‬
‫ (ِاْنِتَهاُك اْلَم َح اِر ِم ِفْيِه ِم ْن ِز َنا ِفْيِه َأْو َش ِر َب ِفْيِه َخ ْم ًرا‬:‫َو َم ا َخ ِز ُيُهْم ِفي ِإَض اَع ِة َشْهِر َر َم َض اَن ؟ قال‬
‫َلَع َنُه ًُهللا َو َم ْن ِفي الَّس َم اَو اِت ِإَلى ِم ْثِلِه ِم َن اْلَح ْو ِل َفِإْن َم اَت َقْبَل َأْن ُيْد ِر َك ُه َر َم َض اُن َلْم َتْبَقى َلُه ِع ْنَد ِهللا‬
‫َح َس َنٌة يتقي بها النار َفاَّتُقوا َشْهَر َر َم َض اَن َفِإَّن اْلَح َس َناِت ُتَض اَع ُف ِفيِه َم ا اَل ُتَض اَع ُف ِفْيَم ا ِس َو اُه‬
‫َو َك َذ ِلَك الَّسِّيَئاُت‬

Saenyana ummat kami mwal jadi hina salagi maranehna ngadegkeun bulan romadhon.
Sahabat naros? Wahai rasul alloh naon bentuk kahinaan maranehna kusabab ngalalaworakeun
bulan romadhon? Dawuh kanjeng rasul. Ngarumpak perkara anu haram dina bulan romadhon,
saperti jina jeung nginum arak , Alloh sareng malaikatna ngalaknat dina taun eta. Dimana maot
eta jalma saacan datang deui bulan romadhon maka manehna sama sakali teu boga kahadean
anu bisa nyalametkeun dririna tina naraka. Kumargi kitu jaga bulan romadhon, saenyana dina
bulan romadhon pahala kasaean dilipat-gandakeun, nya kitu deu kagorengan dilipat gandakeun.
(imam thobroni).

Sing emut sanes wungkul kasaean anu dilipet lipet ganjarana dina bulan puasa, tapi kaawonan
oge sami. Dilipet lipet –lipet dosana.
Ku hal eta. Kirangan bahkan kantunkeun naon wae kaawonan sareng dosa dina sasih romadhon.
Tingkatkeun amaliyah ibadah urtamina anu sunnah. Supados urang kalebet jalmi anu kenging
rohmat, barokah, sarta maghfirah Alloh swt. Ngalangkungan sasih anu mulya.

You might also like