You are on page 1of 3

"Pidato Kautamaan Pentingna Nungtut Jeung Nyiar Elmu"

ِ ‫َا َّلس ََل ُم عَلَ ْي ُ ُْك َو َر ْ َْح ُة‬


‫هللا َوبَ َر ََكتُ ُه‬

ٌ‫ َوت َْذ ِك َرة‬،‫ِصةٌ ِ ُِل ِوِل الْ ُقلُ ْو ِب َو ْ َاِلبْ َص ِار‬ َ ِ ‫ َوتَ ْب‬،‫ ُمكَ ّ ِو ُر اللَّ ْيلِ عَ ََل الَّنَّ َ ِار‬،‫ َالْ َع ِزْي ِز الْغَفَّ ِار‬،‫َالْ َح ْمدُ ِ ٰ ّ ِِل الْ َوا ِح ِد الْقَه َِّار‬
ُ‫ آَ َّما بَ ْعد‬.‫ َوعَ َٰل آ ِ ِِل َو َا ْْصَا ِب ِه ا ْ َِل ْخ َي ِار‬،‫الس ََل ُم عَ َٰل ُم َح َّم ٍد الْ ُم ْختَ ِار‬ َّ ‫الص ََل ُة َو‬ َّ ‫ َو‬.‫ِ ُِل ِوِل ْ َاِللْ َب ِاب َو ْاْل ْعتِ َب ِار‬
‫هللا َّالر ْ ْٰح ِن‬ِ ‫الش ْي َط ِان َّالرجِ ْ ِْي ب ِْس ِم‬ َّ ‫هللا تَ َع ٰاِل ِ ِِف الْ ُق ْرآ ِن الْ َع ِظ ْ ِْي َوه َُو آَ ْصدَ ُق الْقَائِ ِل ْ َْي آَع ُْو ُذ ِِب ِهلل ِم َن‬ ُ ‫فَقَدْ قَا َل‬
‫ُشوا‬ ُ ُ ْ ‫ُشوا فَان‬ ُ ُ ْ ‫هللا لَ ُ ُْك َوا َذا ِقي َل ان‬ ُ ‫َّالر ِح ْ ِْي ََي آَُّيه َا َّ ِاَّل َين آ َم ُنوا ا َذا ِقي َل لَ ُ ُْك تَفَ َّس ُحوا ِِف الْ َم َجا ِل ِس فَافْ َس ُحوا يَ ْف َس ِح‬
ِ
)١١ : ‫ون ِ َخبِريٌ (اجملادةل‬ ُ
َ َ َ ‫ل‬ ‫م‬ ‫ع‬
ْ َ ‫ت‬ ‫ا‬ ‫م‬ ‫ب‬
ِ ‫هللا‬
ُ ‫و‬َ ََ َ ‫ات‬ ٍ ‫ج‬ ‫َر‬
‫د‬ ْ
‫ْل‬ ‫ع‬ ِ ْ ‫ل‬ ‫ا‬ ‫ُوا‬ ‫ت‬‫و‬ ُ ‫آ‬ ‫ين‬ ِ َّ
‫اَّل‬
َ َ ‫و‬ ْ
‫ُك‬ ُ ‫ن‬
ْ ِ
‫م‬ ‫هللا َّ ِاَّل َين آ َمنُوا‬ ُ ِ ‫يَ ْرفَع‬
))‫َل‬ َ َ ْ َ‫هللا عَلَ ْي ِه َو َس َّ َْل (( ُك ْن عَا ِل ًما َا ْو ُمتَ َع ِل ّ ًما َا ْو ُم ْس تَ ِم ًعا َا ْو ُم ِح ًّبا َو َْل تَ ُك ْن خَا ِم ًسا فََت‬ ُ ‫َوقَا َل النَّ ِ هِب َص ََّل‬
‫ُم َح َّم ٍد آ ِم ْْي‬ ‫عَ َٰل‬ ْ‫َو َِب ِرك‬ ‫َو َس ِ ّ ْْل‬ ‫َص ِ ّل‬ ‫ اللهم‬.‫ِِف ادله عَا ِء‬ ‫تَ َب ُار ًَك‬
ِ ِ ‫ َاللهم ا ِ ِّن آَع ُْو ُذ ب َِك ِم ْن ِع ْ ٍْل َْل يَ ْنفَ ُع َوقَلْ ٍب َْل َ َْيشَ ُع َو َ ََع ٍل َْل ُي ْرفَ ُع َو ُدعَا ٍء َْل ي ُْس َم ُع ِب َر ْ َْحتِ َك ََي آَ ْر َح َم َّالر‬.
‫اْح ْ َْي‬
ِ
Teu aya kecap anu langkung megah, anu pantes diucapkeun ku hiji jalmi, salian ti manjatkeun puja ka
dzat Allah anu Maha Kawasa, Puji didugikeun ka dzat Allah anu Maha Suci, oge Syukur ka dzat Allah
anu Maha Ghofur, nyatana Allah ‘azza wa jalla anu ngagaduhan sifat kasampurnaan jeung bersih tina
sifat kakirangan.

ِّ ُ ‫الْ ُمتَّ ِص ُف ِب‬


ّ ِ ُ ‫ك َ َمَكلٍ َوالْ ُم َ ََّن ُه َع ْن‬
‫ك ن َ ْق ٍص‬

Anu parantos maparin nikmat ka makhlukna anu patut ku urang disyukuran sanes dikufuran. Sakumaha
Allah ngadawuh dina Al-Qur’an:

‫لَ ِ ِْئ َشكَ ْر ُ ُْت أِل ِزيدَ نَّ ُ ُْك َولَ ِ ِْئ كَفَ ْر ُ ُْت ا َّن عَ َذ ِاِب لَشَ ِدي ٌد‬
ِ
Shalawat ‫ مع‬salamna, mudah-mudahan dilimpah curahkeun ka buah manah Siti Aminah penguasa
Makkah pembuka syafa’ah, nyatana kengjeng nabi Muhammad saw., sakumaha imam Ibnu
Malik nyarioskeun dina baet terakhirna :

‫ ُم َح َّم ٍد خ ْ َِري النَّ ِ ِ ِّب آُ ْر ِس َل‬# ‫هللا ُم َص ِل ّ ًيا عَ َٰل‬


َ ُ‫فَأَ ْْحَد‬

Oge henteu hilap ka para kulawargina ka para sohabatna oge ka urang sadayana salaku umatna mudah-
mudahan kenging Syafa’atul’udzma ti mantenna.
َّ ‫ َالْ َعا ِل ُم َالْ َع ََّل َم ُة َصا ِح ُب الْفَ ِض ْي َ َِل َو‬،‫َش ْي ُخ َنا الْ ُمكَ َّر ُم َوالْ ُمكَ َّر َم ُة‬
‫الس َعا َد ِة‬

Pimpinan sekaligus sesepuh ieu sakola jeng ieu pasantren, ustadz ustadzah, hadirin hadirot anu ku
simabdi dihormati anu mudah-mudahan aya dina rahmat Alloh..Aaamiin ya rob.

‫ آ ِم ْ َْي ََي َر َّب الْ َعالَ ِم ْ َْي‬.‫هللا ِِف ُط ْولِ َحيَاِتِ ِ ْم‬ ُ َ‫هللا ِِف ِعلْ ِمه ِْم َِب َرك‬
ُ َ‫هللا ِِف ِر ْز ِقه ِْم َِب َرك‬ ُ َ‫َِب َرك‬
Alhamdulillah kalayan izin Allah swt., di Haflah anu barokah ieu urang sadayana tiasa patepung lawung
patepang wajah dina acara …….

Hadirin rahimakumullah...

Dina kitab “Fawa’idulmakiyah” mushonnif Said ‘Alawiy bin Ahmad Asy-Syeghaf, menjelaskan :

‫ َالْ ِع ْ ِْل َوالْ َع َملِ َو ْاْلخ ََْل ِص َوالْخ َْو ِف‬: ‫َْلبُ َّد لِلْ َع ْب ِد ِم ْن آَ ْربَ َع ِة آَ ْش َي َاء‬
ِ
Diwajibkeun ka hiji abid anu hayang salamet dunia akherat, kudu boga 4 perkara ;
1. Ilmu 2. Amal 3. Ikhlas 4. Khauf, nyaeta sieun ku Allah

Coba ku urang tafakkuran, Allah nyiptakeun manusia benten jeung nyiptakeun binatang. Pami binatang
mah teu gaduh akal, sedengkeun ari jalmi mah gaduh jiwa, dipasihan akal anu mana eta akal teh kangge
nampi pamahaman sareng ilmu ti gusti Allah. Maka dina hiji katerangan dijelaskeun :

‫َا ْْلن ْ َس ُان َحيَ َو ٌان َنَ ِطقٌ َا ْي ُمدْ ِركُ الْ ِع ْ ِْل‬
ِ
Manusia teh nyaeta “hewan“ anu berfikir, maksudna tiasa mendakan kana ilmu.
Margi ari ilmu eta diibaratkeun cahaya anu nyaangan ka urang sadayana. Margi saur rosul :

‫الْ ِع ْ ُْل ن ُْو ٌر‬


“ari ilmu eta cahaya”

Upami aya jalmi teu gaduheun ilmu eta jalmi lir ibarat jalmi anu lolong. Tah ari jalmi buta mah sagala
rupi oge pantes, najong baskom, pantes..! nubruk panto, pantes..! malah ragrag kana jurang oge pantes..!
kitu oge jalmi anu bodo eta oge pantes wae ieu pantes itu pantes te boga pamadegan. Maka urang kudu
milari elmu. Ari Pang apdol apdol na elmu nyaeta elmu hal.

Nah hadirin, anu ku simabdi dipikahormat..


Tina élmu kabagjaan dunya tiasa urang rasakeun, tina élmu ogé kabagjaan alam akhérat tiasa
urang rasakeun. Sapertos tina hadis nabi anu ngabogaan harti "
‫ وم ْن أرادهُما فعل ْي ِه باِل ِع ْل ِم‬،‫ وم ْن أراد اآلخِ ره فعل ْي ِه بِا ْل ِع ْل ِم‬،‫م ْن أراد الدُّ ْنيا فعل ْي ِه بِاْل ِع ْل ِم‬

saha jalma anu ngahoyongan kahirupan dunyana, mangka wajib bagina ngabogaan élmu"
hoyong bagja di aherat mangka wajib bagina ngabogaan élmu, hoyong bagja dunnya jeng akherat
mangka wajib bagina ngabogaan élmu”

Nah, makin loba élmu nu ku urang dipiboga insya allah kabutuhan sareng kabagjaan dunya
tiasa urang hontal. Kitu ogé sami, panghareupan urang kana kabagjaan akhirerat ogé insya allah
tiasa urang rasakeun.

Ku kituna para hadirin sakalian, janten nungtut élmu téh kedah diutamakeun. Komo deui pikeun
urang nu janten siswa-siswi jeng santri teu aya alesan kanggo urang males-malesan tina diajar.

Sabab, diajar atawa nungtut élmu téh nyaéta hiji kawajiban pikeun urang saréréa. Rék kumaha
ogé, mangsa kaharepna bangsa ieu téh aya dipundak urang salaku "generasi ngora". Ku kituna,
urang kudu bener-bener diajar pikeun neangan ilmu nepi ka sajero-jerona.

Nah, para hadirin anu kusimabdi pikahormat, sakitu waé pidato singket dina judul kautamaan
nungtut élmu anu tiasa di dugikeun tina kasempatan iéu. Mugi-mugi urang sadaya tiasa terus
diajar sarta ulah ngarasa males, supados urang tiasa ngarasakeun naon éta nikmatna ngabogaan
élmu.

Panutup ti simabdi, mugia pidato singket ieu tiasa ngingetkeun urang sadaya pikeun pentingna
urang kana nungtut élmu téh. Haturnuhun kana sadaya waktosna, hapunten bilih aya kalepatan
tina cariosan sim abdi.
“Wallahul muwaffiq ila aqwamit-thariiq”

ِ ‫َا َّلس ََل ُم عَلَ ْي ُ ُْك َو َر ْ َْح ُة‬


‫هللا َوبَ َر ََكتُ ُه‬

You might also like