You are on page 1of 8

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN

Nama Sekolah : SMK Plus Al-Aitaam


Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester :X/2
Materi Pokok/ Tema : Sajarah Sunda/Babad
Alokasi Waktu: 4 JP (2x Pertemuan)

A. Tujuan Pembelajaran
Setelah proses kegiatan belajar mengajar carita babad, peserta didik mampu menganalisis
isi, struktur, unsur kebahasaan teks babad/sajarah Sunda serta menyajikan isi teks babad atau
sejarah Sunda dengan memperhatikan struktur dan unsur kebahasaan.
B. Kompetensi Dasar dan Indikator
Kompetensi Dasar Indikator Pencapaian Kompetensi
3.1 Menganalisis isi, struktur, dan unsur 3.1.1 Peserta didik mampu Memilih teks
kebahasaan teks babad/ sejarah Sunda. babad/sajarah Sunda
3.1.2 Memahami struktur kebahasaan teks
babad/sejarah Sunda.
3.1.3 Memahami setiap kejadian sejarah dalam
teks babad/ sajarah Sunda
3.1.4 Menemukan keterkaitan antara tokoh dan
kejadian sejarah dengan kenyataan daerah
setempat
3.1.5 Menentukan galur teks babad/ sajarah
Sunda
4.1 Menyajikan isi teks babad/sejarah Sunda 4.1.1 Meringkas isi teks babad/sejarah Sunda,
dengan memperhatikan struktur dan unsur sesuai dengan struktur dan unsur kebahasaan.
kebahasaan. 4.1.2 Mengoreksi hasil ringkasan isi teks
babad/sejarah Sunda, dengan teman sebangku
atau kelompok
4.1.3 Menceritakan kembali isi teks
babad/sejarah Sunda.
C. Materi Pelajaran (Fakta, Konsep, Prinsip, Prosedur)
1. Fakta (sesuatu yang dapat diindera):
Contoh teks carita babad.
Carita Babad
Babad Limbangan
Jaman baheula, kacaturkeun di Karajaan Pajajaran. Rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh
kongas kagagahanana. Anjeunna boga pangiring nu kacida satiana, katelahna Aki Haruman.
Unggal poé, Aki Haruman ku Prabu Siliwangi sok diparéntah pikeun moro maké sumpit atawa
jamparing.
Hiji poé, Aki Haruman indit ka wétankeun pikeun moro. Tapi nepi ka panonpoé manceran
téh manéhna can beubeunangan baé, sanajann geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem,
teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Jog Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. Ti dinya katempo ku manéhna aya cahaya nu
moncorong ti sisi Walungan Cipancar. Puguh baé anjeunna hémengeun. Barang disampeurkeun,
singhoréng éta cahaya téh kaluar ti awak hiji putri nu keur mandi. Barang ditanya, éta putri
ngaku anakna Sunan Rumenggong, nu ngawasa wewengkon Limbangan.
Patepungna Aki Haruman jeung putri ti Limbangan téh ditepikeun ka Prabu Siliwangi.
Dumasar kana éta kajadian, gunung tempat Aki Haruman ningali aya putri nu moncorong
cahayaan téh dingaranan Gunung Haruman.
Barang ngadéngé dongéng Aki Haruman, dina haté Prabu Siliwangi bet jorojoy aya niat
pikeun mileuleuheungkeun éta putri keur pipamajikaneunana. Enya gé teu kungsi tepung, tapi
Sang Prabu geus bisa nyipta-nyipta kumaha kageulisan éta putri.
Keur ngalaksanakeun niatna, Prabu Siliwangi ngutus Gajah Manggala jeung Arya Gajah,
duanana gé pangagung ti Pajajaran, pikeun ngalamar putri ti Limbangan téa. Inditna dibarengan
ku Aki Haruman jeung para pangiring anu samagréng ku pakarang. Prabu Siliwangi
ngawawadian yén éta utusan téh teu meunang balik saméméh hasil ngalamar Nyi Putri.
Teu kacatur di jalanna. Sanepina ka hareupeun Sunan Rumenggong Gajah Manggala
nepikeun maksudna, yén manéhna diutus ku Prabu Siliwangi pikeun ngalamar putri Limbangan.
Ku Sunan Rumenggong éta kahayang Prabu Siliwangi téh ditepikeun deui ka Nyi Putri.
Barang nguping pamaksudan utusan Prabu Siliwangi, Nyi Putri téh katingal henteu bérag.
Pokna, “Ama, hapunten anu kasuhun, abdi teu tiasa nampi panglamar ti Prabu Siliwangi.”
Sunan Rumenggong teu kurang-kurang kagétna. Pokna, “Naha?”
“Ama nyalira uninga, apan Sang Prabu téh tos kagungan istri langkung ti 100 jalmi...”
Sanajan dipapaksa ku ramana, carékna embung dikawin téh keukeuh embung. Ari utusan
tetep pageuh nyekel timbalan Prabu Siliwangi yén maranéhna kudu hasil ngalamar Nyi Putri.
Tungtungna, ku habén dipapaksa, Nyi Putri téh ngaleungit, ilang tanpa karana. Bur-ber
ditétéangan ogé weléh teu kapanggih, ngan seungitna baé nu kaangseu ngahiliwir. Tempat Nyi
Putri kaangseu seungitna téh katelah lembur Buniwangi.
Sunan Rumenggong henteu cicing, bur-ber néangan putrina anu ngaleungit téa. Ber ka hilir
ber ka girang, ngalér ngidul ngétan ngulon. Lantaran nempo kolotna sakitu susahna, Nyi Putri
ahirna némbongan deui di hiji imah anu nyempil. Manéhna teu tégaeun ningali kolot dirungrum
ku kabingung jeung kanalangsa anu pohara. Lembur tempat Nyi Putri némbongan di imah anu
nyempil téh dingaranan Kampung Sempil.
Ku Sunan Rumenggong Nyi Putri dipapatahan sangkan daék dikawin ku Prabu Siliwangi,
sabab lamun henteu tanwandé bakal terus dipapaksa. Bari ngagelendut putrana, Sunan
Rumenggong ogé nepikeun naséhat, “Aya lima jalma nu ku urang wajib dihormat jeung
dijungjung, nyaéta guru, raja, kolot, mitoha, jeung lanceuk nu cikal.” Lian ti éta, Sunan
Rumenggong ogé nepikeun harepanana, sugan baé jaga anak-anak Nyi Putri téh jadi turunan
raja.
Ahirna, Nyi Putri daék dikawin ku Prabu Siliwangi.
Sapuluh taun ti harita, Nyi Putri dipaparinan dua putra pameget, nyaéta Basudéwa jeung
Liman Sanjaya. Éta dua putrana ti Prabu Siliwangi téh dibawa ka Limbangan ku Sunan
Rumenggong sarta tuluy dijenengkeun prabu di dua tempat anu béda, luyu jeung amanat Prabu
Siliwangi. Prabu Basudéwa ngawasa wewengkon Limbangan, sarta Prabu Liman Sanjaya
ngawasa wewengkon Dayeuh Luhur di kiduleunana.
(Diraéh tina buku “Naskah Sunda Lama Kelompok Babad”, Pusat Pembinaan dan
Pengembangan Bahasa, Depdikbud, 1985)

2. Konsep
Carita Babad
a. Wangenan:
Dina kamus kaluaran LBSS (1979) ditétélakeun yén nu disebut babad téh dongéng anu ngandung
unsur-unsur sajarah. Ari Iskandarwassid dina buku Kamus Istilah Sastra (1996) nerangkeun kieu:
carita babad téh carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian
penting jaman baheula di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah (muka) éta wewengkon.
Masih dina éta kamus ditétélakeun ogé yén karep nu nyusun babad téh bangun rék nulis sajarah.
Malah sawaréh mah judulna ogé aya nu tandes maké kecap “sajarah”. Tapi carita babad téh tacan
diaku jadi sajarah lantaran di jerona kaselapkeun hal-hal anu pamohalan atawa rékaan. Lian ti éta
teu bisa dianggap sajarah lantaran tacan katarima ku panguji disiplin (élmu) sajarah.
Sajarah Carita Babad
Tradisi nyusun babad téh geus aya ti baheula. Malah tina nu geus kapaluruh ku para ahli, carita
babad geus kapanggih ti jaman tradisi nulis naskah kénéh. Éta tradisi manjang nepi ka abad ka-
20. Ditulisna aya nu dina wangun prosa aya ogé nu ditulis dina wangun puisi. Utamana mah dina
wangun wawacan. Conto carita babad téh di antarana Babad Bogor, Babad Cikundul, Babad
Galuh, Babad Panjalu, Babad Sumedang, Babad Limbangan, Sajarah Lampah Para Wali Kabéh,
jeung sajabana.
3. Prinsip (generalisasi antar konsep-konsep yang berkaitan):
Ciri-ciri carita babad
1. Ngadung unsur pamohalan
2. Eusina nyaritakeun asal-usul hiji tempat
3. Pangarangna teu kapaluhur
4. Sumebarna tatalépa
4. Prosedur (langkah-langkah sistematis menerapkan konsep):
1. Maham eusi carita babad
2. Nyaritakeun deui eusi carita babad
D. Metode Pembelajaran
a. Pendekatan : Saintific,
b. Model : Discovery Learning
c. Teknik : mengamati, tanya jawab, diskusi, penugasan
E. Media Pembelajaran
- Teks carita babad
- Proyektor, laptop
F. Sumber Belajar
- Buku pembelajaran
- Pusat dan Pengembangan Bahasa, 1985. Naskah Sunda Lama Kelompok Babad: Depdikbud.
G. Kegiatan Pembelajaran
Kegiatan Langkah-langkah Alokasi Waktu
Pembelajaran
Pendahuluan a. Guru menyapa dan 15’
mempersiapkan peserta didik
dalam pembelajaran dengan
berdoa, melihat kerapihan dan
kebersihan kelas serta
menanyakan presensi hari itu.
b. Guru memberikan apersepsi
dan memotivasi peserta didik,
dengan menjelaskan pengertian
carita babad.
c. Guru membagi kelompok
dengan anggota 4 orang masing-
masing kelompok.
d. Guru menjelaskan tujuan
pembelajaran yang
dikembangkan dalam
pembelajaran teks carita babad.
Inti Pertemuan 1 60’
Mengamati:
· Membaca dan mengamati
contoh carita babad.
· Mengamati dan memahami
ciri-ciri carita babad.
Mempertanyakan:
· Bertanya jawab isi dari contoh
carita babad.
Mengeksplorasi:
· Mencari referensi contoh
carita babad dari berbagai
sumber.

· Mencari kata-kata sulit dan


menemukan artinya dalam
kamus.
Mengasosiasikan:
· Membandingkan carita
babad dengan jenis dongeng
lainnya.
· Mengevaluasi dan
mendiskusikan kaidah teks carita
babad.
Pertemuan 2
Mengkomunikasikan:
· Menyampaikan perbedaan
carita babad dengan jenis
dongeng lainnya secara lisan.
· Menceritakan kembali isi
dari carita babad yang dibaca
oleh kelompok
· Menyampaikan kata-kata
sulit yang ada dalam carita babad
setelah dibaca secara
berkelompok.
· Peserta didik menanggapi
hasil laporan dari masing-masing
kelompok.
Penutup a. Peserta didik dengan panduan 10’
guru menyimpulkan pembahasan
tentang ciri-ciri carita babad
dengan jenis dongeng lainnya.
b. Guru menanggapi kata-kata
yang dianggap sulit oleh peserta
didik dari hasil membaca carita
babad.
c. Guru menyampaikan
informasi pembelajaran yang
akan datang.
d. Pembelajaran diakhiri dengan
do’a dan salam.

Latihan
Sangkan leuwih paham kana carita babad, pék hidep ngawangun kelompok keur
ngaanalisis hiji carita babad. Pigawé léngkah-léngkah ieu di handap!
1. Wangun jadi opat kelompok!
2. Kelompok néangan hiji carita babad, anu sumberna bisa tina buku atawa tina internét,
sarta jieun ringkesanana. Carita nu dianalisis ku hiji kelompok diusahakeun ulah sarua
jeung kelompok séjénna.
3. Analisis ku kelompok, éta carita babad téh patali jeung sajarah naon? Naha sajarah
tempat, sajarah luluhur (karuhun) hiji masarakat, atawa sajarah séjénna?
4. Naha dina éta carita téh aya unsur-unsur pamohalanana? Mun aya tuduhkeun sarta
tuliskeun!
5. Catetkeun ngaran tokoh-tokohna, sarta kumaha peran éta tokoh dina carita!
6. Téangan sarta tuliskeun kecap-kecap anu teu dipikaharti sarta paluhur dina kamus!
7. Présentasikeun hasil analisis kelompok hidep di hareupeun babaturan, sacara bagilir!

a. Penilaian Tugas
Aspek Penilaian Carita Babad

Nama Bisa rata-


Kelompok Diksi Ketepatan membedakan Keotentikan rata
Ketepatan Skor
Isi jenis-jenis Tulisan
babad Nilai

1 3 4 4 3 3 3.33 83
2

b. Penilaian Keterampilan Biantara


Aspek Yang Dinilai
Nama Siswa Tata Lentong/ Sikep/ Pidangan Skor rata- Nilai
Basa rata
Wirahma Pesemon
Ahmad Dhani 3 4 4 3 3.33 81
c. Penilaian Sikap
Sikap Yang Diamati
Nama
Siswa Kerja Tanggung
Santun Disiplin Jujur Peduli Semangat
Sama Jawab

Bandung, 2019
Mengetahui:
Kepala Sekolah, Guru Mata Pelajaran,

Wulan Nuraini, S.Pd.

You might also like