You are on page 1of 3

Tempas Sindir

Kelas XI MIPA Bade ngalaksanakeun sawala, anu temana Tempas sindir, pamilon aratos siap Bade
ngalaksanakeun sawala ieu.

Mangga ka Nurul salaku panumbu catur waktos sareng tempat di sumanggaken

Nurul: Bismillah.....Assalamualaikum wr. wb.Langkung ti payun urang sanggakeun puji sinareng sukur ka
Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin rupining kani'matan kanggo urang sadaya. Teu hilap sholawat
miwah salam urang tetepken ka jungjungan urang sadaya nabi Muhammad Saw. Sateacana Hatur nuhun
ka sadérék Panata Acara anu parantos maparin kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur
dina ieu kasempetan. Wilujeng sumping ka para pamilon dina ieu acara sawala nu matak kataji.Kantenan
pisan, da lumangsungna ogé dina sawala ieu teh bade ngabahas patempas sindir tugas ti guru bahasa
sunda nyaeta bu aan amaliah. Sawalai ieu téh kasang tukangna lantaran ayana tugas. Oge kanggo,
ngemut - ngemut,materi anu parantos di dugikeun ku bu aan amaliah.

Langsung wae ka neng Sulastri sareng ayu salaku pangjejer, waktos sareng tempat di sumanggaken

NengSulastri : Sateuacanna hatur nuhun kangge panumbu catur, anu parantos masihan waktos kangge
simkuring.Sapertos anu Atos didugikeun ku panumbu catur tadi, Dina Sawala dinten ieu urang Bade
ngabahas Tempas sindir. Sateuacan ngabahas ngeunaan Tempas sindir,simkuring Bade ngajelaskeun
ngeunaan sisindiran.Naon anu di maksud sisindiran teh? Sisindiran nyaeta samacam pantun atawa karya
sastra sunda anu ngandung makna tertentu. Sisindiran Aya tilu rupi nyaeta paparikan, rarakitan sareng
wawangsalan.

Ayu: Sedengkeun Tempas sindir nyaeta kagiatan nyarita ku cara silih bales sisindiran anu dilakukeun ku
langkung ti sajalmi. Ku sabab minggon payun Aya praktek tempas sindir, janten ayeuna urang bahas
ngeunaan praktek tempas sindir teh.

Adik : Janten kumaha? Praktek ieu teh perkelompok atanapi mandiri?

Putri: Nya, perkelompok atuh kan Nami na ge tempas sindir pasti perkelompok kan silih tempas.

Adik :Nya kalem we atuh.

Nurul : Atos, Atos mending urang teraskeun wae ieu acara teh.

Fahmi : Ai paparikan sareng rarakitan naon bedana?

Neng Sulastri : Rarakitan sareng paparikan hampir sarua, bedana Aya Dina kecap-kecap anu di ulang.
Aditia: jadi Dina tempas sindir teh Kedah campur antara paparikan, rarakitan sareng wawangsalan?

Davit : Saena mah enya, tapi pami teu tiasa mah sawios we. Janten milih we hiji, Bade NU mana?

Neng Sulastri : Kumaha pami nyobaan sadayana, janten paparikan rarakitan sareng wawangsalan teh di
gabung?

Sadayana : Satuju

Adik: Tapi kan hente sadayana tiasa, kumaha pami hiji paparikan hungkul, setuju teu?"

Devina : Tapi kan Arurang sakelompok jadi tiasa latihan heula sateuacan kagiatanna di kawitan.

Davit : Tah mending Kitu we, jadi arurang teh sakantenan di ajar ngadamel paparikan, rarakitan sareng
wawangsalan teh.

Ayu : Tah atuh mending Kitu we, kan seeran Oge jadi tiasa silih bantu Oge.

Adik: Janten kangge masalah tema na mah campur we nya.

Sadayana : Enya

Davit : Tah ayeuna mah tema Atos ditangtukeun, janten tinggal latihanna, Bade iraha sareng di bumi
Saha?

Fahmi: Kumaha lamun di bumi Ayu deui?

Ayu : Ulah ah, ulah di bumi Ayu.

Fauzia : Terus di bumi Saha atuh?

Adik: NU pasti mah Kedah anu di tengah-tengah, kan karunya anu tebih.

Nurul: Nah satuju Abi ge.

Feri : Jadina di bumi Saha atuh ieu teh, Kedah puguh. Ngarah bisa latihan sateuacan kagiatanna.

Neng : Kumaha pami di sakola, supados adil Kitu.

Fauzia : Kan di sakola di angge belajar.

Aditia : Kan tiasa dinten Sabtu kerja kelompokna.

Fauzia:Tapi kan di konci.

Davit : Masalah konci na mah nambut we atuh ka A Ucup.

Nurul: Masalah konci Atos beres nya. Janten kerja kelompok teh Atos we di sakola dinten Sabtu.

Ayu : Jam sabaraha?


Feri: Jam 10 we atuh, kumaha satuju?

Sadayana : Satuju.

Devina: Alhamdulillah sawala ieu parantos rengse dilaksanakan, anu hasilna nyaeta :

1. Dina tempas sindir temana campur, paparikan rarakitan sareng wawangsalan

2.Kerja kelompok na di sakola jam 10.

Nurul : Alhamdulillah sawala ieu parantos rengse, hatur nuhun la sadayana anu parantos dongkap,
Akhirul Kalam wassalamu'alaikum.

You might also like