You are on page 1of 6

1

ُُ َ ُ ْ َ َ ُ َ َ ُ َ َّ
‫هللا َو َب َركاته‬
ِ ‫السالم عل ْيك ْم ورح َمة‬
ََ ُ َ َ َ ِّ َ ْ َ َ ُ ْ َ ْ ُ ُُ ْ ُ ََ ْ َْ ََ ُُ َ ََ ُ ُ ْ َ َ َ ْ َّ
‫هللا ﻓﻼ‬ ‫ َﻣ ْﻦ َﻳ ْﻬ ِﺪ ِﻩ‬،‫اﺕ ﺃ ْع َم ِالﻨا‬ِ ‫اﻪﻠﻟ ِﻣﻦ َﺷو ِر َﺃﻧﻔ ِسﻨا و ِﻣﻦ ﺳﻴﺌ‬ ِ ‫ﻠِﻟ ﻧﺤ َمﺪﻩ وﻧ ْسﺘ ِﻌ ْﻴﻨه وﻧ ْسﺘﻐ ِﻔ ُرﻩ وﻧ ُﻌﻮﺫ ِﺑ‬ ِ ِ ‫ِﺇﻥ الﺤ ْمﺪ‬
ُُ ُ ً َّ ُ ْ َّ َ َ َ َّ َ ُ ْ َ ُ َ َ ََ ْ َُ
‫ ﺃﺷ َﻬﺪ ﺃﻥ ﻻ ِﺇله ِﺇﻻ هللا َوﺃﺷ َﻬﺪ ﺃﻥ ُﻣ َﺤ َّمﺪا َع ْﺒﺪ ُﻩ َو َر ُﺳ ْﻮله‬.‫ُﻣ ِﻀ َّﻞ له َو َﻣ ْﻦ ُﻳﻀ ِل ْﻞ ﻓﻼ ﻫ ِاﺩ َﻱ له‬
ِّ َ َ ‫َا َّلل ُﻬ َّم َص ِّﻞ َع ََل ُﻣ َﺤ َّمﺪ َو َع ََل آله َو َص ْﺤﺒه َو َﻣ ْﻦ َتﺒ َﻌ ُﻬ ْم بإ ْح‬
‫ اﻣا ﺑﻌـﺪ‬.‫اﻥ ِﺇَل َﻳ ْﻮ ِم الﺪ ْﻳ ِﻦ‬ ٍ ‫س‬ ِِ ِ ِِ ِِ ٍ
ُ َ َّ ُ َ َ َُ َ ‫ﻬا َّالذ ْﻳ َﻦ َء َاﻣ ُﻨﻮا َّات ُقﻮا‬ َ ُّ َ َ ْ َّ َ ْ َّ َ ُ ْ ُ َ
‫هللا َح َّق تق ِات ِه َوال ت ُم ْﻮت َّﻦ ِﺇال َوﺃﻧﺘ ْم‬ ِ ‫ ﻳا ﺃﻳ‬.‫اﻥ الر ِجي ِم‬ِ ‫اﻪﻠﻟ ِﻣﻦ الشيط‬ ِ ‫ اعﻮﺫ ِﺑ‬:‫قال هللا تﻌاَل‬
َ
‫ﻣ ْس ِل ُم ْﻮﻥ‬.ُّ
ْ ََ َُ َ ‫ ُﻳ ْصل ْح َل ُك ْم َﺃ ْع َم َال ُك ْم َو َي ْﻐﻔ ْر َل ُك ْم ُﺫ ُﻧ ْو َب ُك ْم َو َﻣ ْﻦ ُﻳطع‬.‫هللا َو ُق ْﻮ ُل ْﻮا َق ْﻮ ًال َﺳﺪ ْﻳ ًﺪا‬
‫هللا َو َر ُﺳ ْﻮله ﻓقﺪ‬ َ ‫َﻳا َﺃ ُّﻳ َﻬا َّالذ ْﻳ َﻦ َء َاﻣ ُﻨﻮا َّات ُقﻮا‬
ِِ ِ ِ ِ ِ
ً‫َﻓ َاز َﻓ ْﻮ ًزا َعظ ْيما‬
ِ
Para Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah, Sadaya puji kagungan Allah anu tos ngutus Rasul-Na kalayan nyandak
petunjuk sareng Agama anu hak, anu ngajelaskeun sagala rupi dina perkara Agama, diutusna Rasul sebagai pembawa
berita gembira ka umatna jeung sebagai peringatan, anu nyeru kana Agama Allah, jeung sebagai lampu anu penerang.
Hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Alloh SWT, kana mangrupi-rupi limpahan Rahmat sareng karunia
Allah berupa iman sareng Islam. Urang sadayana nyaksi kana yen saestuna henteu aya Pangeran anging Allah anu sahiji,
henteu aya anu ngarencangan ka manten-Na. Oge urang sadaya nyaksi kana yen saestuna kangjeng Nabi Muhammad eta
Hamba Allah sareng Rasul-Na, anu dikuatkeun ku pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang Mukjizat. Rohmat sinareng
salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka mantenna, oge ka kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka sadaya
pengikutna dugikeun ka akhir zaman.

Anu kahiji abdi salaku khatib nyuhunkeun dihapunten saageung-ageungna kumargi abdi tatih didieu sanes adigung sanes
ahli kanu agama sanajan masih diajar sareng sami-sami diajar janten jalmi anu sae, hapunten bilih khutbah ieu jauh tina
sampurna. Dina papatah anu tos kadangu ku urang nyaeta ulah ningali jalmi tina tampilanana tapi tingali naon anu
dicarioskeuna, nya kitu upami ningali pangadegan abdi mah jauh tina disebut khatib tapi mudah-mudahan khutbah ieu
janten pepeling kangge abdi khusus na, umumna kangge para wargi sadayana. Khatib teu weleh-weleh ngajak ka para
hadirin sadayana haru urang ningkatkeun kataqwaan sareng kaimanan urang dayana ka Allah SWT ku cara ngalakukeun
sagala anjurananan tinu anu diwajibkeun sareng anu dilarang ku Allah SWT katut anu disunahkeun sareng anu dicarek ku
Nabi Muhammad SAW.

Para Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah,

Aamiin…
َ َ ُ َ َ
‫هللا ت َﻌاَل‬ ‫ قال‬:
َ‫س ۚ َﺫ ل َك ﺑ َأ َّﻧ ُﻬ ْم َق ُالﻮا ﺇ َّﻧما‬
ِّ َ‫اﻥ ﻣ َﻦ ْالم‬
ُ َ ْ َّ ُ ُ َّ َ َ َ َّ ُ ُ َ َ َ َّ َ ُ ُ َ َ َ ِّ َ ُ ُ ْ َ َ َّ
َِ ِ َ َِ َ ْ َ ِ ‫ال ِذﻳﻦ ﻳأ كلﻮﻥ الرباَ َل ﻳقﻮﻣﻮﻥ ِﺇَل كما ﻳقﻮم ال ِذﻱ ﻳﺘخﺒطه الشيط‬
‫ف َوﺃ ْﻣ ُر ُﻩ‬ َ ‫الر َبا ۚ َﻓ َم ْﻦ َج َاء ُﻩ َﻣ ْﻮع َظ ٌة ﻣ ْﻦ َ ِّربه ﻓاﻧ َﺘه ﻓل ُه َﻣا َﺳل‬
َ ِّ َ ‫اﻠِﻟ ْال َب ْﻴ َع َو َح َّر‬
‫م‬ ُ َّ ‫الر َبا ۗ َوﺃ َح َّﻞ‬
ِّ ُ ‫ْال َب ْﻴ ُع ﻣ ْث‬
‫ﻞ‬
ِ ِ ِ ِ
َ ُ َ َ ْ ُ َّ ُ َ ْ َ َ َ ُ َ َ َ ْ َ َ َّ َ
‫اﻠِﻟ ۖ وﻣﻦ عاﺩ ﻓأول ِﺌك ﺃصﺤاب الﻨ ِار ۖ ﻫم ِﻓﻴﻬا خ ِالﺪوﻥ‬ ِ ‫ِﺇَل‬
“Jalma-jalma anu ngadahar (nyokot) riba teu bisa nangtung kajaba saperti nangtungna jalma anu kaasupan sétan
kulantaran (pangaruh) panyakit owah. Kaayaan maranéhanana kitu téh, kusabab maranéhna ngomong (boga pamanggih),
saéstuna jual beuli téh sarua baé jeung riba, padahal Alloh geus ngahalalkeun jual beuli sarta ngaharamkeun riba. Jalma-
2

jalma anu geus nepi ka manéhna panyarék ti pangéranna, tuluy eureun (tina nyokot riba), mangka keur manéhna naon
anu geus dicokotna baheula (saméméh datang panyarék); jeung urusanna (dipasrahkeun) ka Alloh. Jalma anu balik deui
(nyokot riba), mangka jalma saperti kitu téh nyaéta pangeusi-pangeusi naraka; maranéhna langgeng di jerona”. (QS Al
Baqoroh [2]: 275)

Hadirin jama’ah Jum’ah rohimakumulloh,

Alhamdulillah, urang sadayana masih kénéh ditepangkeun ku Alloh di tempat anu mulya ieu, masjid Alloh. Dina dinten
Juma'ah anu mulya ieu. Kalayan disarengan ku jalmi-jalmi anu mulya, jalmi-jalmi anu takwa. Mudah-mudahan
kabarokahan minuhan urang sadaya. Anu munggaran tur utami, hayu urang ronjatkeun katakwaan urang ka Alloh. Takwa
anu diwujudkeun ku kata'atan ka Alloh. Ngajalankeun sakabéh peréntah-Na jeung ninggalkeun sakabéh panyarék
Mantenna.

Hadirin jama’ah Jum’ah rohimakumulloh,

Sikep dasar jalmi anu takwa dina nyanghareupan paréntah sareng panyarék Alloh nyaéta ta'at, sami’na wa atho’na. Abdi
sadaya nguping sareng abdi sadaya ta'at. Ulah aya rasa kapaksa numatak beurat saeutik ogé dina jero dirina kana aturan
Alloh sareng Rosul-Na.

ً ‫ت َو ُي َس ِّل ُمﻮا َت ْسل‬


َ ْ َ َ َّ ِّ ً َ َ ْ ُ َ ُ َ ُ َ َ َ َ ُ ِّ َ ُ َّّ َ َ ُ ْ ُ َ َ ِّ َ َ َ َ
‫يما‬ ِ ‫يما ﺷ َج َر َب ْﻴﻨ ُﻬ ْم ث َّم َل َﻳ ِجﺪوا ِ يف ﺃﻧﻔ ِس ِﻬم حرجا ﻣما قﻀي‬‫ﻓَل وربك َل ﻳؤ ِﻣﻨﻮﻥ حت ﻳﺤكمﻮك ِﻓ‬
“Mangka demi Robb anjeun, maranéhna (hakékatna) teu ariman nepika maranéhna ngajadikeun anjeun hakim tina
perkara anu kumaranéhna dipacéngkadkeun, tuluy maranéhna teu ngarasa beurat dina jero haté maranéhna kana
putusan anu kuanjeun dibikeun, jeung maranéhna narima kalawan sagemblengna”. (QS an Nisaa’ [4]: 65).

Mangka kacida pisan anéhna sarta teu asup akal, lamun aya jalma anu ngaku takwa tapi nolak hukum-hukum Alloh, atawa
beurat ngajalankeun aturan-aturan Alloh, kalawan loba alesan pikeun ngangles. Contona baé; teu cocok jeung zaman alias
kuno, aturan éta ngan keur urang Arab wungkul, atawa loba deui alesan séjénna. Anu intina mah, ingkar sarta teu hayang
diatur ku aturan Alloh SWT.

Hadirin jama’ah Jum’ah rohimakumulloh,

Hiji conto nyata aya dina paningal urang sadaya. Sataun katukang, 24 Januari 2019, dicanangkeun Hari Indonesia Tanpa
Riba. ‘Pencanangan’ ieu téh ngajadi wujud gerakan pikeun ngingetkeun masyarakat supaya ninggalkeun riba. Kunaon
sababna? Sabab riba aya tur walatra di mana-mana.

Padahal mah, Rosululloh SAW ogé kalawan teges, écés témbrés tur boréas ngajelaskeun akibat tina riba. Dina salahsawios
hadits anjeuna ngadawuh:

َ ََ ْ ُ ْ َ ْ ُّ َ َ ْ َ َ َ ْ َ ْ َ ِّ َ َ ِّ َ َ َ َ
‫هللا‬
ِ ‫ ﻓقﺪ ﺃحلﻮا ِﺑأﻧﻔ ِس ِﻬم عذاب‬،‫ِﺇﺫا ظﻬر الزﻧا والربا ِ يف قري ٍة‬
“Saumpami di mana-mana zina jeung riba geus sumebar di hiji kampung mangka saéstuna maranéhna geus ngahalalkan
azab Alloh ka diri maranéhna sorangan”. (HR al-Hakim, al-Baihaqi & ath-Thobroni)

Coba perhatikeun wanci kiwari, riba henteu ngan saukur sumebar di kampung atawa désa, tapi geus jadi tihang-tihang
ekonomi nagara. Terus, rék bisa kumaha pibakaleunana nagri urang ieu meunang kabarokahan ti Alloh SWT?

Hadirin jama’ah Jum’ah rohimakumulloh,

Alloh SWT méré ancaman anu banget ka maranéhna anu kabeulit ku riba. Dawuhan Mantenna:
3

ْ ْ َّ ُ َ َّ َ َ َ ِّ َ ْ َ ُ َ ْ َّ ُ ُ َّ َ َ َ َّ ُ ُ َ َ َ َّ َ ُ ُ َ َ َ ِّ َ ُ ُ ْ َ َ َّ
‫س ۚ ﺫ ِلك ِﺑأﻧ ُﻬ ْم قالﻮا ِﺇﻧ َما ال َب ْﻴ ُع ِﻣث ُﻞ‬ ‫ﻮم ال ِذﻱ ﻳﺘخﺒطه الشيطاﻥ ِﻣﻦ الم‬ ‫ال ِذﻳﻦ ﻳأ كلﻮﻥ الربا َل ﻳقﻮﻣﻮﻥ ِﺇَل كما ﻳق‬
َ َّ َ َ َ ُ َ َ َ َ ْ َ ٌ َ ُ َّ ‫الر َبا ۗ َو َﺃ َح َّﻞ‬
ْ ُ َ ْ َ َ ِّ ‫اﻠِﻟ ْال َب ْﻴ َع َو َح َّر َم‬
‫اﻠِﻟ ۖ َو َﻣ ْﻦ َعاﺩ‬ ُ َ َ َ ِّ َ ْ
ِ ‫الربا ۚ ﻓ َمﻦ ج َاءﻩ َﻣﻮ ِعظة ِﻣﻦ رب ِه ﻓاﻧﺘه ﻓله َﻣا ﺳلف وﺃ ْﻣ ُرﻩ ِﺇَل‬ ِّ
َ ُ َ ُ َّ ُ َ ْ َ َ َ َ ُ
‫اب الﻨ ِار ۖ ﻫ ْم ِﻓ َﻴﻬا خ ِالﺪوﻥ‬ ‫ﻓأول ِﺌك ﺃصﺤ‬
“Jalma-jalma anu ngadahar (nyokot) riba teu bisa nangtung kajaba saperti nangtungna jalma anu kaasupan sétan
kulantaran (pangaruh) panyakit owah. Kaayaan maranéhanana kitu téh, kusabab maranéhna ngomong (boga pamanggih),
saéstuna jual beuli téh sarua baé jeung riba, padahal Alloh geus ngahalalkeun jual beuli sarta ngaharamkeun riba. Jalma-
jalma anu geus nepi ka manéhna panyarék ti pangérana, tuluy eureun (tina nyokot riba), mangka keur manéhna naon anu
geus dicokotna baheula (saméméh datang panyarék); jeung urusanna (dipasrahkeun) ka Alloh. Jalma anu balik deui
(nyokot riba), mangka jalma saperti kitu téh nyaéta pangeusi-pangeusi naraka; maranéhna langgeng di jerona”. (QS Al
Baqoroh [2]: 275)

Ayat ieu ngajelaskeun kaharaman riba sarta wawalesna pikeun maranéhna anu ngadahar riba, anu taya lian nyaéta naraka
jahannam. Langgeng di jerona. Teu héran lamun riba ieu téh kaasup salahsahiji tina tujuh dosa gedé.

Rosululloh SAW ngadawuh:

“Jauhan tujuh perkara anu ngancurkeun! ’Maranéhna (para sohabat Nabi SAW) naros, ’Naon hal éta téh?’ Nabi ngawaler;
’Syirik, sihir, maéhan jiwa anu diharamkeun ku Alloh kalawan alesan anu henteu dibenerkeun, ngadahar riba, ngadahar
harta budak yatim, kabur ti pangperangan, jeung nuduh zina ka awéwé mukmin anu hadé.” (HR Bukhori)

Hadirin jama’ah Jum’ah rohimakumulloh,

Ku kalintang ageungna dosa riba dugi ka Rosululloh SAW ogé ngala'nat. Dawuhan mantenna:

“Rosululloh SAW geus ngala'nat jalma tukang ngadahar riba, jalma anu méré dahar maké riba, anu nuliskeun, jeung dua
urang saksi. Dawuhan Nabi SAW,’ Maranéhna sarua baé [dina hal dosana].” (HR Muslim)

Dina dawuhan anu sanés, saur Nabi SAW:

ُ َ ُ ُ ُ َ َ ْ َ ْ َ ُ ْ َ ُ َ َْ ً َ َ ْ ُ ْ َ َ ٌ ََ َ َ
‫ا ِلربا ثالثة وﺳﺒﻌﻮﻥ ﺑاﺑا ﺃيَسﻫا ِﻣثﻞ ﺃﻥ ﻳﻨ ِكح الرجﻞ ﺃﻣه‬
“Riba ngabogaan 73rupa dosa, anu pang énténgna saperti hiji lalaki anu ngawin (ngazinahan) ka indung tegesna
sorangan.” (HR Hakim)

Ogé dawuhan mantenna:

َ َْ َ ْ َ ََ ْ ُّ َ َ ُ َ ْ َ َ ُ َ ُ ُ َ ُ ُ ُ ْ َ َ ُ َ ْ
‫ِﺩرﻫم ِربا ﻳأ كله الرجﻞ وﻫﻮ ﻳﻌلم ﺃﺷﺪ ِﻣﻦ ِﺳ ٍت وثال ِثي زﻧية‬
“Sadirham riba anu didahar ku salahsaurang sedengkeun manéhna apal, leuwih beurat dosana tinimbang 36 kali
ngalakukeun zina.” (HR Ahmad)

Hadirin jama’ah Jum’ah rohimakumulloh,

Mangka pikeun urang sadaya ulah hèran, lamun mangrupa-rupa karupek hirup mukpruk nagri urang ieu. Riba anu jelas
haram malah dijadikeun sumber anu ngahasilkeun dina èkonomi. Malahan mah, riba dikukut ku nagara dijadikeun pilar
èkonomi sarta dijadikeun sumber panghasilan keuangan nagara.
4

Sacara pribadi, loba muslim anu jadi palaku riba jeung kangeunahan teu ngarasa dosa. Jeung dina lingkup anu leuwih gedè
nagara jadi mesin anu muterkeun riba, malahan mah jadi gegedugna riba panggedéna sabab geus ngahutang ka lembaga
riba internasional saperti IMF jeung Bank Dunia sarta nagara beunghar, anu ribana wungkul nepika ratusan triliun per
taunna. Naha lain hal ieu téh palanggaran anu nyata kana saré'at Alloh SWT?

Kumargi kitu, para wargi sadaya kaum muslimin rohimakumulloh, geura eureunan ngalakukeun riba. Kedah émut kana
panyarék Alloh! Jeung dina lingkup anu leuwih gedé deui, hayu urang sasarengan nanjeurkeun saré'at Alloh ku ngawangun
sistem ékonomi anti riba, nyaéta sistem ékonomi Islam!

ْ َّ ‫ال َو َته ِا َّنه ه َو‬


َ ُْْ َ ََ ْ ْ َ َْ ْ ُ َ َ َ َ ََ
‫اللس ِم ْيع ال َع ِلم‬ ‫ات َوالذك ِرال َح ِك ْي ِم َوتق َّب َل ِمن و ِمنكم ِت‬
ِ ‫بارك اّلل ِل ولكم ِباالاي‬

KHUTBAH 2
ُ ً َّ َ ُ ْ َ ُ َ َ ْ َُ َ ُ َ ْ َ ُ َّ َ َ َّ َ ُ َ ْ َ َ َ ْ َ َّ َ َ َّ َ َ ْ ُ َ َ َ ْ َ َ ِّ َ َّ ُ ْ َ ْ َ
‫ﺷيك له َوﺃﺷ َﻬﺪ ﺃﻥ ُﻣ َﺤ َّمﺪا َع ْﺒﺪ ُﻩ‬ِ ‫َل‬ ‫ﻩ‬‫ﺪ‬ ‫ح‬ ‫و‬ ‫هللا‬ ‫َل‬ ‫ﺇ‬ ‫ه‬
ِ ِ‫ل‬‫ﺇ‬ ‫َل‬ ‫ﺃ‬ ‫ﺪ‬ ‫ﻬ‬ ‫ﺷ‬ ‫ﺃ‬‫و‬ ‫ي‬ ‫م‬ ‫ال‬
ِ ‫الظ‬ ‫َل‬ ‫ﻠِﻟ رب الﻌال ِمي وَل عﺪواﻥ ِﺇَل ع‬ ِ ِ ‫الﺤمﺪ‬
َ َ ُ َََُُ َ َ َ ْ َ َ َ ُ ُ َ ِّ
َ ْ َ ْ َ ُّ َ َ َّ َ َ َ َ َ َ َ ُ َّ َ ُُْ ُ ََ
‫هللا كما ﺃﻣركم هللا ِﺑذ ِلك ِ يف‬ِ ‫ وصلﻮا وﺳل ُمﻮا رعاك ُم هللا عَل ُﻣﺤ َّم ِﺪ اب ِﻦ ع ْﺒ ِﺪ‬.‫ورﺳﻮله صَل هللا عل ْي ِه وعَل ِآل ِه وﺳل َم‬
ُ َ َ
‫ِكﺘ ِاﺑه ﺃ َّﻣ َاﺑ ْﻌﺪ‬
Hadirin sidang jumat rahimakumullah.

Salain riba, aya deui hal anu kedah ku urang jauhan nyaeta judi.

maen judi dina sagala rupa wangunna, remi, domino, jeung lotre, boh di alam nyata boh di alam maya, mangrupa
panyakit masarakat nu ngajadikeun palaku kacanduan. Éta sababna Alloh Ta’ala ngalarang nginum alkohol sareng judi
sacara bertahap.

Dina tahap kahiji, Alloh Ta’ala ngan saukur nyindiran yén nginum miras jeung maen judi téh aya mangpaatna, tapi dosa
atawa cilaka téh jauh leuwih gedé ti batan mangpaatna. Alloh ta'ala ngadawuh:
َ َُ ْ َ
َ‫ﻮﻧ َك َعﻦ ْال َخ ْمر َو ْال َم ْيَس ۖ ُق ْﻞ ﻓﻴﻬ َما ﺇ ْث ٌم َكب ٌي َو َﻣ َﻨاﻓ ُع ل َّلﻨاس َوإ ْث ُم ُﻬ َما َﺃ ْك ََ ُي ﻣﻦ َّﻧ ْﻔﻌﻬما‬
ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ‫ يسأل‬-
Aranjeunna naros ka anjeun (Muhammad) ngeunaan arak sareng judi. Ucapkeun, "Dina duanana aya dosa gede jeung
sababaraha mangpaat pikeun manusa. Tapi dosana leuwih gede ti batan manfaatna.” (QS. Al-Baqarah: 219). Ditegeskeun
dina Tafsir Jalalain yen nginum miras teh mibanda "manfaat" dina wangun:
َْ َّ َّ
‫اللذ ِة َوالﻔ َر ِح‬
"ngabalukarkeun rasa tenang jeung pikagumbiraeun," bari maén judi ogé boga "manfaat" dina bentuk,
َ َ َ َْ َ َ
‫ال ِﺑَل كﺪ‬
ِ ‫ِﺇصاﺑ ِة الم‬
"Kéngingkeun artos tanpa usaha." Dina tahap kahiji ieu, Allah teu sacara eksplisit ngalarang nginum alkohol jeung judi,
tapi ngan nyebutkeun yén "isme" atawa dosa dina duanana jauh leuwih gede ti kauntungan.
ْ َّ َْ ْ
‫َو ِإث ُم ُﻬ َما ﺃ ك ََ ُي ِﻣﻦ ﻧﻔ ِﻌ ِﻬ َما‬
5

“Tapi dosana leuwih gede tibatan manfa’atna.” (QS. Al-Baqarah: 219).

Naon bahaya nginum sareng judi? Jawabanana aya dina larangan alkohol sareng judi dina tahap kadua, nalika Allah
ngadawuh:

َ ْ َّ َ َ ْ ِّ ٌ ْ ُ َ ْ َ ْ َ ُ َ َ ْ َ ُ ْ َ ْ َ ُ ْ َ ْ َ َّ ُ َ َ َّ َ ُّ َ َ
ِ ‫ﻳا ﺃﻳﻬا ال ِذﻳﻦ آﻣﻨﻮا ِﺇﻧما الخمر والمي َِس واْلﻧصاب واْلزَلم ِرجس ﻣﻦ عم ِﻞ الشيط‬
‫اﻥ‬
َ ُ ْ ُ ْ ُ َّ َ َ ُ ُ َ ْ َ
5:90 - ‫ﻓاجﺘ ِنبﻮﻩ لﻌلكم تﻔ ِلﺤﻮﻥ‬
"Eh jalma-jalma anu iman! Saéstuna nginum, judi, (kurban pikeun) berhala, jeung ngagambar nasib ku panah, nyaéta
kalakuan anu keji sarta kaasup kana kalakuan sétan. Maka jauhan eta (perbuatan) supaya aranjeun bagja.” (QS. Al-
Maidah: 90). Dina ayat ieu Allah sacara eksplisit nyebatkeun nginum minuman keras, judi, sareng dua kalakuan sanésna
salaku anu haram. Naon sababna? Hiji sabab kalakuan éta "najis", dua sabab éta "kalakuan sétan," tilu sareng opat aya
dina ayat salajengna:

َ ْ ُ َّ ُ َ َ ْ َ ْ َ ْ َ ْ َ َ ْ َ ْ َ َ َ َ َ ْ ُ ُ َ ْ َ َ ُ َ ُ َ ْ َّ ُ ُ َ َّ
‫َس ويصﺪكم عﻦ‬ ِ ِ ‫ف الخ َم ِر و َالمي‬
‫ﻮقع بﻴﻨكم الﻌ ْﺪاوة والﺒﻐﻀاء ِ َي‬ ِ ‫ِﺇﻧما ﻳ ِريﺪ الشيطاﻥ ﺃﻥ ﻳ‬
َ َ ُ َّ ‫اﻠِﻟ َو َعﻦ‬َّ
5:91 - ‫الصَل ِة ۖ ﻓ َﻬ ْﻞ ﺃﻧﺘم ُّﻣﻨﺘ ُﻬﻮﻥ‬ ِ ِ ‫ِﺫك ِر‬
"Ku cara nginum jeung maen judi, syetan ngan maksudna pikeun nimbulkeun permusuhan jeung kabencian di antara
aranjeun, jeung ngahalangan aranjeun tina dzikir ka Alloh jeung ngalaksanakeun sholat, naha maneh teu hayang
eureun?" (Surat al-Maidah: 91).

Ieu, ma'asyiral muslimin rakhimakumullah...

Nginum minuman keras sareng maen judi dina sagala ragamna, ti maen kartu, domino, atanapi lotre, boh di alam nyata
boh di alam maya atanapi online, sadayana haram sabab:

1. Khamr bakal nutupan pikiran manusa, ngajadikeun manehna teu sadar geus ngalakukeun karuksakan

2. Judi bakal ngajadikeun palaku gampang kaleungitan harta, anu eleh males dendam ka anu meunang, anu meunang
ngajejek anu éléh, harta di imah béak pikeun taruhan, rumah tangga ancur, pamajikan jeung anak ditinggalkeun. ,

3. Pelaku nginum arak, jalma nu maen judi, bakal poho kana dzikir ka Alloh, malihan ayeuna loba jalma nu maen judi,
jalma nu mabok, nu dipirig ku musik jahiliah, jeung nu kaopat.

4. Ninggalkeun solatna. Mabok jeung judi nepi ka peuting, indit sanggeus waktu Isya, balik ka imah saméméh subuh, saré
nepi ka subuh, jeung saterusna. Nauzubillah

Éta sababna dina tahap terakhir larangan arak sareng judi, Alloh ngadawuh:

َ ُ َ ُّ ُ َ ْ َ َ
‫ﻓﻬﻞ ﺃﻧﺘم ﻣﻨﺘﻬﻮﻥ‬
"(Lamun anjeun terang dampak goréng éta goréng), anjeun teu hayang eureun?" (Surat al-Maidah: 91).
6

ُ ْ َ ْ َّ َ ْ ْ ََْ َ ْ ْ ‫ﺇ َﺫا َﻧ َظ َر ﺇ ََل َﺑ‬- ‫ْال َﻌاق َﻞ‬


‫ اﻧ َز َج َر َعﻨ َﻬا َوكﻔت ﻧﻔ ُسه‬-‫اﺳ ِﺪ‬
ِ ‫ض ِتلك المﻔ‬
ِ ‫ﻌ‬ ِ ِ ِ
“Jalma anu boga akal, upama geus nyaho kana sababaraha karuksakan anu ditimbulkeun ku duanana, mangka manéhna
bakal eureun tina éta jeung ngajauhan deui.” (Tafsir As-Sa’di).

Kumargi kitu, hayu urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Allah SWT, miara diri sareng keluarga tina riba sareng judi,
tur urang sadayana ngalaksanakeun naon rupi anu di parentahkeun ku Allah, sareng nebihan naon rupi larangana-Na
Mudah-mudahan Allah SWT nyalametkeun ka urang sadayana tina dosa riba sareng judi Sakitu khutbah ti simkuring,
hapunten bilih seueur kalepatan ti abdi anging kasaenmah sadaya ngan saukur ti Allah SWT. Ditutup ku doa sareng
hamdalah :

َّ َ َ َ َ َ ً َ َ َ َ َ ً َ َ َ َ ْ ُّ َ َ َّ َ
‫اب الﻨ ِار‬ ‫اآلخر ِة حسﻨة و ِقﻨا عذ‬
ِ ‫ربﻨا ِآتﻨا يف الﺪﻧيا حسﻨة و يف‬
َ َ ُ ُ َ َ َ ُ ْ َ ْ َ َ ْ َ َّ َ َ َ ْ َ ُ َ ْ َ َ ْ َ َ َّ ُ َّ َ َ َ ْ ُ
‫ﻮب ِﺇل ْيك‬‫ ﺃﺳﺘﻐ ِﻔرك وﺃت‬،‫ ﺃﺷﻬﺪ ﺃﻥ َل ِﺇله ِﺇَل ﺃﻧت‬،‫ﺳﺒﺤاﻧك اللﻬم و ِبﺤم ِﺪك‬.
ُُ َ ُ ْ َ َ ُ َ َ ُ َ َّ َ
‫هللا َو َب َركاته‬
ِ ‫السالم عل ْيك ْم ورح َمة‬‫و‬

You might also like