You are on page 1of 12

1 | D A N G I A N G S U N D A Vo l . 5 N o .

3 , D é s é m b e r 2 0 1 7

UNSUR SIRNAAN KALIMAH


DINA BUKU SISINDIRAN JEUNG WAWANGSALAN ANYAR
KARYA DÉDY WINDYAGIRI
PIKEUN BAHAN AJAR NULIS SISINDIRAN DI SMP KELAS
VIII
Triya Nugraha1, Yayat Sudaryat2, Hernawan3
Departemen Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra,
Universitas Pendidikan Indonesia
triyachio@gmail.com, yayat.sudaryat@upi.edu, hernawan@upi.edu

ABSTRAK

Kasang tukang ieu panalungtikan didadasaran ku kanyataan yén sisindiran téh


diwangun ku kalimah-kalimah. Kalimah-kalimah nu aya dina sisindiran mangrupa
kalimah ngantét tur aya unsur-unsur nu disirnakeun. Ieu panalungtikan mibanda tujuan
pikeun mikanyaho tur ngadéskripsikeun unsur sirnaan jeung wanda sirnaan kalimah
nu aya dina sisindiran sarta larapna kana pangajaran. Dina ieu panalungtikan
digunakeun métode déskriptif kalayan ngagunakeun téhnik studi dokuméntasi. Data
dianalisis maké téhnik analisis unsur langsung. Sumber datana nyaéta buku Sisindiran
jeung Wawangsalan Anyar karya Dédy Windyagiri. Hasil panalungtikan manggihan
dua hal, nyaéta unsur sirnaan jeung wanda sirnaan kalimah. Unsur sirnaan kalimah
ngawengku 1) sirnaan tunggal nu ngawengku sirnaan J, C, U, jeung Pany.; jeung 2)
sirnaan jembar nu ngawengku sirnaan J+C, J+U, J+K, J+Pang., J+Pany., U+Pany.,
J+C+Pany., J+U+Pany., jeung J+Pang.+Pany.. Wanda sirnaan kalimah ngawengku 1)
délisi tékstual; 2) délisi situasional; jeung 3) délisi struktural. Unsur jejer panglobana
disirnakeun. Ayana sirnaan dina sisindiran téh patali jeung sumebarna ku cara lisan,
dina omongan langsung mah si panyatur jarang ngedalkeun sagala rupana kalayan
lengkep sabab bakal kaharti ku pamiarsana ku dibantuan isarah ti panyaturna ogé.
Hasil panalungtikan sirnaan kalimah bisa dijadikeun salasahiji bahan ajar dina
pangajaran nulis sisindiran.

Kecap galeuh: unsur sirnaan, délisi, sisindiran, bahan ajar

1
Penulis Utama
2
Penulis Penanggung Jawab 1
3
Penulis Penanggung Jawab 2
T R I YA N U G R A H A : U N S U R S I R N A A N . . . |2

UNSUR PELESAPAN KALIMAT


PADA BUKU SISINDIRAN JEUNG WAWANGSALAN ANYAR
KARYA DÉDY WINDYAGIRI
UNTUK BAHAN AJAR MENULIS SISINDIRAN DI SMP KELAS
VIII

ABSTRAK

Latar belakang penelitian ini didasarkan pada kenyataan bahwa sisindiran


merupakan susunan kalimat. Kalimat-kalimat yang terdapat pada sisindiran
merupakan kalimat majemuk dan terdapat unsur yang dilesapkan. Penelitian ini
mempunyai tujuan untuk mendeskripsikan unsur pelesapan dan bentuk pelesapan
yang terdapat pada kalimat sisindiran serta pamakaiannya pada pembelajaran.
Penelitian ini menggunakan metode penelitian deskriptif dengan menggunakan teknik
studi dokumentasi untuk mengumpulkan data. Data dianalisis menggunakan analisis
unsur langsung. Sumber data didapatkan dari buku Sisindiran jeung Wawangsalan
Anyar karya Dédy Windyagiri. Hasil penelitian menemukan dua hal, yaitu unsur
lesapan dan bentuk lesapan kalimat. Unsur lesapan meliputi 1) pelesapan tunggal
yang mencakup pelesapan unsur S, P, O, dan Konj.; 2) pelesapan majemuk yang
mencakup pelesapan unsur S+P, S+O, S+K, S+Pel., S+Konj., O+Konj., S+P+Konj.,
S+O+Konj., dan S+Pel.+Konj. Bentuk pelesapan kalimat berdasarkan prosesnya
yang ditemukan adalah 1) delisi tékstual; 2) delisi situasional; dan 3) delisi struktural.
Delisis situasional dan unsur lesapan subjek paling banyak ditemukan. Hal ini
berhubungan dengan cara penyebarannya yang secara lisan, dalam obrolan langsung
si pembicara jarang mengucapkan semua maksudnya secara lengkap karena pasti
bisa dimengerti oleh lawan bicaranya dengan dibantu isyarat dari pembicara. Hasil
penelitian pelesapan kalimat ini dapat dipakai untuk bahan pengajaran menulis
sisindiran.

Kata kunci: unsur pelesapan, délisi, sisindiran, bahan ajar

THE ELEMENT OF SENTENCE PHRASING


IN SISINDIRAN JEUNG WAWANGSALAN ANYAR BOOK
BY DEDY WINDYAGIRI
FOR WRITING MATERIAL STUDY
AT GRADE VIII JUNIOR HIGH SCHOOL

ABSTRACT
3 | D A N G I A N G S U N D A Vo l . 5 N o . 3 , D é s é m b e r 2 0 1 7

The background of this study is because of the reality that sisindiran consists of
sentence. Sisindiran sentences is a compound sentence and there are deletion
elements. This study aimed to describe deletion elements and the type of deletion
contained in sisindiran sentence and its use in learning. This study used a descriptive
method with documentation study techniques to collect data. A data analyzed with
direct element analysis. Data sourced in Dedy Windyagiri’s book, Sisindiran jeung
Wawangsalan Anyar. The findings show there are two things, deletion elements and
type of deletion elements. Deletion elements are: 1) single deletion are include
deletion S, P, O, and Konj.. element; 2) plural deletion are include S+P, S+O, S+K,
S+Pel., S+Konj., O+Konj., S+P+Konj., S+O+Konj., dan S+Pel.+Konj. elements.
Deletion type based on the process that found are 1) textual deletion; 2) situational
deletion; and 3) structural deletion. Situational deletion and subject deletion elements
are the most found. That is related to the way they are spread orally. Results of this
study is can be used for writing study material.

Keywords: deletion element, deletion, sisindiran, study material

Kalimah transformasi mangrupa posisi di awal, di tengah, atawa di ahir


kalimah anu strukturna béda jeung kalimah.
kalimah inti tapi tetep kaharti maknana. Conto sisindiran anu maké kalimah
Salah sahiji bagian dina kalimah sirnaan:
transformasi téh nyaéta kalimah sirnaan,
nyaéta ayana salah sahiji unsur anu Kelewih jeung siki sentul,
dileungitkeun tanpa ngarobah makna éta campedak dikaparakeun.
kalimah (Sudaryat, spk. 2013, kc. 278). Tebah-tebih abdi nyusul,
Kalimah sirnaan atawa sok disebut tos pendak Ø disapirakeun.
élipsis, loba digunakeun boh dina (Windyagiri, 2011, kc. 26)
kahirupan urang sapopoé boh dina karya
sastra. Husus dina widang sastra, salah Dina kalimah eusi sisindiranna aya unsur
sahijina nyaéta dina sisindiran, sabab nu disirnakeun nyaéta jejerna, abdi, dina
wangunna kauger ku engang jeung kecap padalisan kaopat. Leungitna jejer dina
nu purwakanti ti unggal padalisanna, padalisan kaopat téh alatan ngudag sarua
pasti loba sisindiran nu salah sahiji unsur 8 engang sabab, umpama ditambahan
kalimahna dileungitkeun atawa ditukeur jejer ‘abdi’ bakal jadi 10 engang nu
posisina sangkan bisa ngudag engang ngabalukarkeun béda engangna jeung
jeung purwakantina. Najan kitu, teu padalisan nu lain tur jadi kurang merenah
saeutik ogé kalimah nu dipaké dina dikedalkeunna.
sisindiran téh mangrupa kalimah lengkep. Dina kahirupan sapopoé, kalimah
Khoerunnisa (2006, kc. 121-122) sirnaan gé loba digunakeun dina obrolan-
nyebutkeun disawang tina warna sirnaan obrolan santai masarakat umum.
unsur fungsional kalimah téh aya nu Upamana nalika pasangrok di jalan antara
mangrupa kecap, frasa, jeung klausa. panyatur jeung pamiarsana sakapeung
Disawang tina posisi sirnaan unsur sok ngobrol heula sakeudeung, boh nu
fungsional kalimahna téh bisa nyicingan nanya boh nu mairan sok rusuh, jadi
sangkan éféktif aya unsur nu
T R I YA N U G R A H A : U N S U R S I R N A A N . . . |4

dileungitkeun atawa bisa jadi ngan dilakukeun ku Imas Khoerunisa dina taun
saunsur nu digunakeun nanya atawa 2006. Judul panalungtikannana nyaéta
mairanna. Kitu deui umpama ngajar di “Sirnaan Unsur Fungsional Kalimah Dina
sakola, pasti aya kalimah sirnaan nu Novel Mercedes 190 karya Muh.
digunakeun boh ku guruna boh ku Rustandi Kartakusuma”. Hasil
muridna. Conto: “Ka mana?”, dijawab panalungtikannana nyaéta milah-milah
“Museum”. Atawa conto séjénna nalika kalimah sirnaan nu kapanggih dina novel
ngajar: “Ngartos teu?”, dijawab dumasar unsur-unsur nu leungitna,
“Ngartos”. Duanana sarua pada-pada kurang leuwih aya sirnaan tunggal; unsur
diwangun ku hiji unsur tapi masih kaharti nu leungitna ngan hiji, jeung sirnaan
boh ku panyaturna boh ku pamiarsana, jembar; unsur nu leungitna leuwih ti hiji.
jeung réa deui conto-conto obrolan dina Buku Sisindiran jeung
kahirupan sapopoé nu ngagunakeun Wawangsalan Anyar karya Dédy
kalimah sirnaan. Windyagiri sorangan pernah ditalungtik
Nu jadi alesan diayakeunna ieu ku Hena Sumarni. Panalungtikannana
panalungtikan téh ku sabab nilik kana ngulik struktur kalimah sisindiran jeung
ayana kakosongan panalungtikan wawangsalanna kalayan judul “Kalimah
ngeunaan prosés sirnana unsur nu aya dina Sisindiran jeung Wawangsalan
dina kalimah, tangtuna aya sababaraha Anyar karya Dédy Windyagiri (Ulikan
katangtuan atawa hal anu émang geus Struktur jeung Semantik)”. Dina
ilahar nu ngabalukarkeun ayana unsur nu panalungtikannana, Sumarni nganalisis
disirnakeun boh dina omongan lisan boh wangun-wangun kalimah nu dipaké dina
dina kalimah-kalimah dina tulisan jeung sisindiran jeung wawangsalan. Nurutkeun
karya sastra. Sumarni (2016, kc. 39-41) kalimah nu
Prosés leungitna unsur dina dipaké dina Sisindiran jeung
kalimah disebut délisi. Nurutkeun Wawangsalan Anyar karya Dédy
Sudaryat spk. (2013, kc. 278), unsur anu Windyagiri téh sacara umum mah maké
dileungitkeun atawa henteu dikedalkeun kalimah ngantét. Lian ti éta, dipedar ogé
téh aya nu bisa kapaluruh dumasar téks tatali harti antar klausana jeung kahasan
atawa wacana tulisanna (délisi tékstual), kalimah dina sisindiran. Sedengkeun
kontéks situasina (délisi situasional), ngeunaan kalimah sirnaan teu dipedar
atawa struktur kalimahna (délisi dina panalungtikan ieu.
struktural). Ieu hal nu kudu ditalungtik Pikeun ngalengkepan élmu
téh, kalimah sirnaan naon waé nu pangaweruh ngeunaan kalimah sirnaan,
kapanggih dina buku Sisindiran jeung panulis miboga maksud pikeun nganalisis
Wawangsalan Anyar karya Dédy wanda kalimah sirnaan nu aya dina
Windyagiri, kumaha prosés sisindiran sangkan bisa nambahan élmu
dileungitkeunna unsur kalimah dina pangaweruh dina widang kabasaan jeung
kalimah sisindiran, sarta kumaha lamun pangajaran kalayan judul
kalimah sirnaan dina sisindiran panalungtikanana “Unsur Sirnaan
dijadikeun bahan ajar. Kalimah dina buku Sisindiran jeung
Panalungtikan saméméhna Wawangsalan Anyar Karya Dédy
ngeunaan kalimah sirnaan pernah Windyagiri pikeun Bahan Ajar Nulis
5 | D A N G I A N G S U N D A Vo l . 5 N o . 3 , D é s é m b e r 2 0 1 7

SMP di Kelas VIII”. Panalungtikan nu néang informasi tinulis nu kaasup wanda


ayeuna difokuskeun maluruh wanda ilmiah, bisa tina buku, dokumén, jurnal,
kalimah sirnaanna (délisi) sarta dipedar éssay, jrrd.
kumaha carana sangkan bisa dilarapkeun Pikeun ieu panalungtikan instrumén
jadi bahan ajar nulis di kelas VIII SMP. nu dipaké nyaéta obsérvasi teu langsung
ngagunakeun alat kartu data nu
MÉTODE PANALUNGTIKAN digunakeun pikeun masing-masingkeun
Ieu panalungtikan ngagunakeun prosés lumangsungna kalimah sirnaan
pamarekan kualitatif, kalayan dina sisindiran nu ditalungtik. Instrumén
ngagunakeun métode déskriptif. Métode panalungtikan nyaéta alat pikeun
déskriptif nyaéta métode nu dipaké nalika meunangkeun data nu kudu dipilih luyu
rék medar atawa ngadéskripsikeun hiji jeung jenis data nu dibutuhkeun (Sudjana,
kajadian nu aya dina mangsa ayeuna. 2006, kc.58). Instrumén nu biasa dipaké
Métode déskriptif biasana medar dina panalungtikan aya kuisionér,
ngeunaan kumaha kaayaan, prosés, observasi (langsung, teu langsung,
karakteristik, jeung hasil tina hiji variabel partisipasi), jeung tés.
atawa leuwih (Sudjana, 2006, kc. 52). Data nu geus dikumpulkeun
Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 234) satuluyna diolah ku cara dianalisis.
panalungtikan déskriptif teu merlukeun Nurutkeun Sudjana (2006, kc.76),
administrasi jeung kontrol kana analisis data nyaéta prosés nyusun,
perlakuan. Panalungtikan anu ditujukeun ngatur, jeung ngolah data sangkan bisa
pikeun ngagambarkeun saayana dipaké pikeun nguji hipotésis. Téhnik
ngeunaan hiji variabel, gejala, atawa ngolah datana ku cara analisis unsur
kaayaan. Umumna panalungtikan langsung.
déskriptif mah teu digunakeun pikeun
nguji hipotésis. HASIL JEUNG PEDARAN
Métode panalungtikan déskriptif Data nu ditalungtik nyaéta
dipaké sabab dianggap luyu jeung udagan sisindiran dina buku Sisindiran jeung
panalungtikanna pikeun nganalisis tur Wawangsalan Anyar karya Dédy
medar kalimah sirnaan, dina hal ieu Windyagiri nu ngawengku sababaraha
prosés ngawangun kalimah sirnaanna, nu wangun jeung wanda sisindiran, di
aya dina Sisindiran jeung Wawangsalan antarana aya piwuruk (P), silihasih (SA),
Anyar karya Dédy Windyagiri tanpa sésébréd (S), sisindiran 6 padalisan
ayana hipotésis. (S6PL), sisindiran 8 padalisan (S8PL),
Sumber data utama dina ieu sisindiran 10 padalisan (S10PL),
panalungtikan nyaéta buku Sisindiran sisindiran 12 padalisan (S12PL), sarta
jeung Wawangsalan Anyar karya Dédy sababaraha sisindiran wangun pupuh;
Windyagiri. Téhnik ngumpulkeun data nu Kinanti (SPK), Sinom (SPSi),
dipaké nyaéta studi dokuméntasi. Studi Asmarandana (SPA), jeung
dokuméntasi dilaksanakeun ku cara Dangdanggula (SPD).
Titénan conto data ieu di handap.

Tabel 1 Conto Data Sisindiran


T R I YA N U G R A H A : U N S U R S I R N A A N . . . |6

No
Sisindiran Kode Data
Data
(001) a. Abdi rék ka Cikapundung, [J] teu apal kiruh hilirna (SWA/40/S/49)
b. Abdi mah daék dicandung, sok asal puguh kilirna
(003) a. Anak hayam dibudalkeun, téangan [J] di kebon jahé (SWA/24/ P/37)
b. [J] Horéam ngedul ngapalkeun, ulangan [J] ngan niron baé
(006) a. Anak sidat [pany.] anak léntah, ngadeukeutan cai mancur (SWA/22/P/19)
b. [J] Ulah tisolédat létah, [J] ngaraheutan haté batur
(013) a. Balukang suligar mayang, [J] ngala combrang maké parang (SWA/26/P/48)
b. [J] Rumingkang ngumbar kahayang, [J] mindeng nyorang nu
dilarang [U]
(016) a. Benang ranteng dina panggung, panggungna pinuh kekebul (SWA/21/P/12)
b. [J] Muntang manteng ka Yang Agung, panuhun mugi dikobul [U]
(018) a. Buah manggu dina nyiru, ulung kupa dirigénan (SWA/20/P/5)
b. Guru digugu [pany.] ditiru, indung [pany.] bapa diajénan
(057) a. Kelewih jeung siki sentul, campedak dikaparakeun (SWA/26/SA/1)
b. Tebih-tebih abdi nyusul, tos pendak [J] disapirakeun
(064) a. Kuring mah ngarecah tutut, itu mah nutuan ketan (SWA/39/S/36)
b. Kuring mah [C] sapédah butut, itu mah nyetiran sédan
(075) a. [J] Mawa kadut mawa karung, [pany.] mawa paré diakeupan (SWA/30/SA/23)
b. [J] Hayang sasimbut sasarung [U], [J] tibra saré dikeukeupan [U]
(091) a. [J] Ngala jaat ka sampalan, [pany.] ngakut paré ka taweuran, awi (SWA/41/S6PL)
bitung pikéléeun
b. Randa béngsrat di péngkolan, isuk soré dibageuran, horéng [J]
piindung téréeun [pang.]

(150) a. Jarami nyangsang di hilir, di curug cai umpalan, [J] ka lamping jalan (SWA/44/SPA)
baréto, [J] rék balik mapay muara, [J] numpang kana érétan, geus
kapireng sora bedug, durduran wayah manceran
b. Tengah wengi Engkang lilir, angen ratug tutunggulan, [J] nguping
nu ngetrokan panto, sidik pisan aya sora, ka Engkang ngagentraan,
horéng angin ngagelebug, rérégan kekeleteran

Katitén tina sababaraha conto data panyambung. Béda jeung unsur-unsur nu


di luhur aya unsur sirnaan dina kalimah aya dina kalimah sirnaan. Dina kalimah
sisindiranna. Aya nu dina bagian sirnaan mah aya unsur nu leungit nalika
cangkang hungkul, aya nu dina bagian ditulis atawa dikedalkeun gumantung
eusi hungkul, aya ogé nu nyampak dina kontéks situasi nalika ngedalkeun éta
cangkang jeung eusina. kalimah. Unsur nu leungit téh bisa
Hiji kalimah sakurang-kurangna jejerna, caritaanna, udaganna,
diwangun ku jejer (J) jeung caritaan (C), kateranganna, panglengkep, jsb.
boh dibarengan udagan (U) jeung Kalimah dina sisindiran sorangan
panglengkep (Pang.) boh henteu, biasa nurutkeun Sumarni (2016, kc. 40-41),
disebut ogé kalimah salancar. Atawa bisa mangrupa kalimah ngantét, boh cangkang
jadi aya unsur-unsur séjén saperti boh eusi sarua maké kalimah ngantét.
katerangan, panglengkep, atawa Sakabéh jumlah sisindiran nu ditalungtik
7 | D A N G I A N G S U N D A Vo l . 5 N o . 3 , D é s é m b e r 2 0 1 7

téh aya 159, tapi ngan 151 sisindiran nu sumebarna sisindiran nu sacara lisan.
kapanggih aya sirnaan boh bagéan Kalimahna diomongkeun sacara langsung
cangkangna boh eusina atawa duanana. ku panyatur ka pamiarsana dina hiji
situasi nu tangtu. Alatan kitu, réréana
Unsur Sirnaan Kalimah jejer kalimahna jarang disebutkeun sabab
Unsur sirnaan nu kapanggih dibagi pasti bakal kaharti kénéh ku pamiarsana.
jadi dua dumasar jumlah unsur sirnaanna Titénan conto ieu di handap.
dina sakalimah, nyaéta sirnaan tunggal
jeung sirnaan jembar. Sirnaan tunggal nu Kelewih jeung siki sentul,
kapanggih aya opat, nyaéta: 1) sirnaan campedak dikaparakeun.
jejer anu jumlahna aya 105; 2) sirnaan Tebih-tebih abdi nyusul,
caritaan anu jumlahna aya opat; 3) tos pendak [J] disapirakeun.
sirnaan udagan anu jumlahna aya dua; (SWA/26/SA/1)
jeung 4) sirnaan panyambung anu
jumlahna aya 15. Katitén aya unsur jejer anu
Sedengkeun sirnaan jembar nu disirnakeun. Sanajan jejer dina padalisan
kapanggih aya salapan, nyaéta: 1) sirnaan kaopat teu disebutkeun gé tapi
J+C anu jumlahna aya lima; 2) sirnaan pamiarsana pasti ngartieun saha nu
J+U anu jumlahna aya 22; 3) sirnaan J+K disapirakeun téh sabab dina padalisan
anu jumlahna aya tujuh; 4) sirnaan katiluna gé geus tembong sisindiranna téh
J+Pang. anu jumlahna aya tilu; 5) sirnaan nyaritakeun abdi (panyaturna). Upama
J+Pany. anu jumlahna aya lima; 6) unsurna teu disirnakeun mah bakal jadi
sirnaan U+Pany. anu jumlahna aya hiji; kieu.
7) sirnaan J+C+Pany. anu jumlahna aya
hiji; 8) sirnaan J+U+Pany. anu jumlahna
aya opat; jeung 9) sirnaan J+Pang.+Pany. Kelewih jeung siki sentul,
anu jumlahna aya hiji. campedak dikaparakeun.
Diantara unsur-unsur sirnaan nu Tebih-tebih abdi nyusul,
kapanggih, sirnaan jejer paling loba tos pendak [abdi] disapirakeun.
kapanggih boh dina sirnaan tunggal boh (SWA/26/SA/1)
dina sirnaan jembar tetep loba unsur jejer
anu disirnakeun. Éta hal patali jeung cara Titénan diagramna di handap.
Kalimah

Klausa 1 Klausa 2

K J C K [J] C

tebih-tebih abdi nyusul tos pendak [abdi] disapirakeun

Salian tinu geus disebutkeun tadi, sisindiran téh nyaéta pikeun ngudag
alesan ayana unsur anu disirnakeun dina jumlah engang anu pas sarta sora nu
T R I YA N U G R A H A : U N S U R S I R N A A N . . . |8

murwakanti tiap padalisanna jeung


sangkan leuwih éféktif kalimahna, nalika Ka halte megat nu ngalih,
dikedalkeun gé jadi merenah. Umumna di bumi [nu ngalih] tos diantosan.
sisindiran téh diwangun ku dalapan Mugi henteu rengat galih,
engang tiap padalisanna. abdi mah tos ditarosan.
(SWA/33/SA/50)
Wanda Kalimah Sirnaan
Dina Tata Basa Sunda Kiwari, Dina bagéan cangkang sisindiran di
Sudaryat spk. (2013, kc. 278-280) luhur aya unsur anu disirnakeun nyaéta
nyebutkeun aya tilu wanda kalimah ‘nu ngalih’ dina klausa kaduana. Éta
sirnaan dumasar kana prosés atawa cara unsur sirnaan téh bisa kapaluruh tina
kapaluruh unsur sirnaan kalimahna, téksna kénéh, nyaéta dina klausa kahiji
nyaéta; 1) délisi tékstual; 2) délisi ‘ka halte megat nu ngalih’. Tanpa
struktural; jeung 3) délisi situasional. disebutkeun dina klausa kaduana gé, éta
Délisi atawa élipsis téh geus biasa kalimah masih bisa kaharti ku pamiarsana
dilakukeun dina kalimah ngantét atawa saha nu tos diantosan téh sabab geus
sumélér, boh délisi jejer, caritaan, udagan, pertéla si panyatur téh keur
boh panglengkep jeung katerangan ngomongkeun nu ngalih.
nurutkeun kaédah-kaédahna nu tangtu. Kadua, délisi situasional nyaéta anu
1) Lamun jejer klausa-klausa dina unsur sirnaanna téh kapanggih dumasar
kalimah ngantét atawa sumélér téh kana kontéks situasi nalika dikedalkeunna
sarua, biasana jejer klausa anu éta kalimah. Délisi situasional
dimimitian atawa dipiheulaan ku panglobana kapanggih nyaéta aya 126,
konjungtor sok dileungitkeun. ieu hal patali jeung unsur sirnaan jejer nu
2) Lamun jejer dina klausa anu sarua panglobana kapanggih sabab unsur
dimimitian atawa dipiheulaan ku jejer réréana kapanggih dina délisi
konjungtor henteu sarua jeung jejer situasional. Dina délisi situasional mah
klausa anu henteu dimimitian ku bisa jadi anggapan tiap jelema téh béda-
konjungtor éta jejer henteu meunang béda sabab kumaha cara nangkepna kana
dileungitkeun. kalimah nu dikedalkeun ku panyatur ka
3) Délisi caritaan, udagan, jeung dirina. Lingkungan jeung kabiasaan
katerangan bisa dilaksanakeun asal éta sapopoé gé bisa mangaruhan persepsi
unsur-unsur téh dina klausa nu hiji pamiarsa ngeunaan maksud omongan
jeung nu lainna sarua. panyatur.
Sakabéh wanda kalimah sirnaan
téh kapanggih dina sisindiran nu Titénan conto ieu di handap.
dianalisis. Kahiji, délisi tékstual nyaéta
unsur sirnaanna masih bisa kapaluruh ku Balukang suligar mayang,
urang dina téksna kénéh. Unsur sirnaan [kuring] ngala combrang maké parang.
dina klausa kadua bisa kapaluruh tina [urang] Rumingkang ngumbar kahayang,
klausa kahijina, atawa sabalikna. Délisi [urang] mindeng nyorang nu dilarang [ku
tékstual anu kapanggih jumlahna aya 62. Alloh swt.].
Contona: (SWA/26/P/48)
9 | D A N G I A N G S U N D A Vo l . 5 N o . 3 , D é s é m b e r 2 0 1 7

Ka Cipacing [jeung] ka Ciléngkrang,


Kecap kuring [J], urang [J], jeung [tuluy] ka Cileunyi dagang bilik.
ku Pangéran [U] téh mangrupa unsur- Bagja teuing diri engkang,
unsur anu disirnakeun. Éta unsur-unsur lamun Nyai kapimilik.
(SWA/28/SA/13)
téh kapaluruh tina kontéks situasina
nyaéta nalika keur mapatahan batur.
Kecap ‘jeung’ dina padalisan kahiji
Dina bagéan cangkang aya sirnaan
téh salaku panyambung nu
jejer, kuring, dimana éta unsur téh teu
nyambungkeun dua caritaan. Sedengkeun
dikedalkeun sabab geus pasti kaharti ku
kecap ‘tuluy’ dina padalisan kadua salaku
pamiarsana. Sabenerna unsur jejerna téh
panyambung nu nyambungkeun klausa
bisa jadi lain kuring upama nilik
kahiji jeung kadua sangkan jadi kalimah
kalimahna mah, tapi alatan éta kalimah
ngantét.
téh dikedalkeun ku panyatur, pamiarsana
bakal boga anggapan yén nu ngala Bahan Ajar Nulis Sisindiran
combrang téh si panyaturna (kuring). Nurutkeun Haerudin jeung Kardana
Kitu deui dina bagéan eusi (2013, kc. 81), bahan ajar basa Sunda téh
sisindiran aya sirnaan jejer (urang) jeung raket patalina jeung matéri lulugu
udagan (ku Alloh swt.). Geus lumrah (pokok). Richards & Rodgers dina
dimana-mana gé upama nu mapatahan Tarigan (2009, kc. 19) nétélakeun bahan
téh pasti sok ditujukeun ka pamiarsana ajar dina hiji sistem instruksional
langsung, nyaéta maké panuduh ‘manéh’, mibanda spésifikasi siga kieu.
atawa ka pamiarsa jeung ka dirina 1) Matéri/bahan bisa ngajadikeun
sorangan, nyaéta maké panuduh ‘urang’. peserta pikeun maju jeung mekar
Tuluy salaku umat muslim pasti gues luyu jeung kamampuh diajarna
ngarti yén ayana larangan téh nyaéta ti séwang-séwangan.
Alloh swt. Béda deui upama nu diajak 2) Matéri/bahan bisa nimbulkeun ayana
nyaritana non-muslim, pasti anggapan gaya diajar nu béda-béda.
udagan nu di sirnakeunna téh lain Alloh 3) Matéri/bahan ajar méré kasempetan
swt., bisa jadi ka déwa atawa hal séjén. pikeun studi jeung pamakéan matéri.
Katilu, délisi struktural nyaéta 4) Matéri/bahan ajar méré kasempetan
unsur sirnaanna bisa kapaluruh ku urang pikeun swaévaluasi jeung kamajuan
upama nilik kana struktur kalimahna. dina pangajaran.
Délisi struktural nu kapanggih jumlahna Nurutkeun Abidin (2013, kc. 181)
aya 53. Sacara struktural, unsur sirnaan nulis téh nyaéta hiji prosés komunikasi
na téh mangrupa kecap panyambungna sacara teu langsung antara panulis jeung
utamana mah dina bagéan cangkangna pamaca. Tulisan téh dijieun sangkan
sabab loba nyebutkeun ngaran-ngaran dipikaharti maksud jeung tujuanna
barang. Aya ogé nu kapaluruh pédah dina sahingga naon-naon prosés nu dipigawé
klausana nuduhkeun babandingan atawa ku panulis téh teu cumah.
pilihan. Lian ti éta, kapaluruh ogé dina Nulis sorangan mangrupa salah
kalimah sisindiran anu mangrupa kalimah sahiji tina opat kaparigelan basa. Teu
ngantét. béda jeung pangajaran maca,
Titénan conto sisindiranna: ngaregepkeun, jeung nyarita, dina
pangajaran nulis ogé diperlukeun ayana
T R I YA N U G R A H A : U N S U R S I R N A A N . . . | 10

hiji métode sangkan bisa ngahontal nyaéta pikeun siswa di SMP kelas VIII.
kompetensi pangajaran nulis nu kudu Saperti dina kompetensi dasar.
dipiboga ku peserta didik. Nurutkeun
Abidin (2013, kc. 184-187) aya tilu 3.4 Memahami dan mengidentifikasi
tahapan dina prosés nulis nyaéta fungsi sosial, struktur dan unsur
meunangkeun ide, ngolah ide, jeung kebahasaan dari sisindiran.
produksi ide. Tujuan pangajaran nulis 4.4 Mengekspresikan sisindiran dalam
minimal aya tilu, nyaéta; (1) bentuk tulisan dan lisan.
numuwuhkeun karep nulis ka siswa; (2)
mekarkeun kamampuh nulis siswa; jeung Dina kompetensi dasar matéri
(3) sangkan siswa bisa nulis sacara sisindiran disebutkeun yén siswa kudu
kréatif. paham kana struktur jeung unsur
Unsur sirnaan dina sisindiran téh kabasaan dina sisindiran. Kukituna
bisa dilarapkeun pikeun pangajaran nulis pikeun nguji pangaweruh siswa ngeunaan
sisindiran. Naha bet milih pangajaran struktur jeung unsur kabasaan dina
nulis? Sabab kalimah sirnaan mah leuwih sisindiran, perlu diayakeun évaluasi nu
gampang kapaluruhna nalika dina luyu jeung kompetensi dasar nu kudu
wangun téks tulisan. Upama dina dipimilik ku siswa. Salian ti évaluasi,
pangajaran nyarita mah siswa bakal hésé matéri ajar nu diajarkeun gé kudu luyu
nangkepna sabab kalimahna teu nyampak jeung kaidah-kaidah pangajaran nulis nu
langsung, tapi kudu ditalar heula. geus disebutkeun saméméhna.
Sisindiran téh umumna diwangun
ku opat padalisan, dua cangkang dua eusi. KACINDEKAN
Sarat pikeun nyieun sisindiran mah nu Unsur-unsur sirnaan nu ditalungtik
utamana nyaéta engang tiap padalisan téh dipasing-pasing kana dua wanda
kudu sarua, umumna mah dalapan dumasar jumlah unsur sirnaanna dina
engang. Tuluy sora ahir antara cangkang sakalimah, nyaéta sirnaan tunggal jeung
jeung eusi kudu murwakanti. Padalisan sirnaan jembar. Sirnaan tunggal nyaéta
kahiji murwakanti jeung padalisan katilu, unsur sirnaanna aya hiji dina
padalisan kadua murwakanti jeung sakalimahna, sedengkeun sirnaan jembar
padalisan kaopat. mah unsur sirnaanna leuwih ti hiji. Unsur
Najan loba sisindiran anu ngandung jejer mangrupa unsur nu panglobana
unsur sirnaan, tapi ma’na tina kalimahna disirnakeun boh dina sirnaan tunggal boh
tetep teu robah jeung masih bisa kaharti dina sirnaan jembar.
kénéh ku pamiarsana. Ayana unsur Titénan bagan unsur sirnaan di
sirnaan dina kalimah sisindiran téh handap.
dipangaruhan ku aturan sisindiran nu
kauger ku jumlah engang nu kudu sarua
jeung sora nu kudu murwakanti tina tiap
padalisanna.
Luyu jeung Kurikulum 2013,
pangajaran sisindiran nu dipaké téh
- Jejer [J]
11 | D A N G I A N G S U N D A V o l . 5 N o . 3 , D é s é m b e r 2 0 1 7

- Caritaan [C]
Sirnaan Tunggal
- Udagan [U]
- Panyambung [Pany.]
Unsur Sirnaan
- Jejer [J] + Caritaan [C]
Kalimah
- Jejer [J] + Udagan [U]
- Jejer [J] + Katerangan [K]
- Jejer [J] + Pang.lengkep [Pang.]
Sirnaan Jembar - Jejer [J] + Panyambung [Pany.]
- Udagan [U] + Panyambung [Pany.]
- Jejer [J] + Caritaan [C] +
Panyambung [Pany.]
- Jejer [J] + Udagan [U] + Panyambung [Pany.]
- Jejer [J] + Pang.lengkep [Pang.] +
Panyambung [Pany.]

Bagan 1 Unsur Sirnaan Kalimah

Wanda kalimah sirnaan dipasing- ngarahkeun siswa sangkan bisa ngahontal


pasing dumasar prosés sirnaanna (délisi) kompetensi dasar.
kana tilu wanda, nyaéta:
1) délisi tékstual, dimana unsur sirnaanna
bisa kapaluruh tina téksna;
2) délisi situasional, unsur sirnaanna DAPTAR PUSTAKA
kapaluruh upama nilik kana kontéks Abidin, Yunus. 2013. Pembelajaran
situasi kalimahna; jeung bahasa berbasis pendidikan
3) délisi struktural, unsur sirnaanna karakter. Bandung: PT Refika
kapaluruh nurutkeun pangaweruh Aditama.
ngeunaan struktur kabasaan. Arikunto, Suharsimi. 2010. Manajemen
Sakabéh prosés di luhur kapanggih penelitian. Jakarta: PT Rineka
dina prosés sirnaan unsur dina sisindiran. Cipta.
Prosés nu pangréana kapanggih nyaéta Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
délisi situasional 2013. Mulok pelajaran bahasa
Luyu jeung kompetensi dasar nu daerah kurikulum 2013. Bandung:
kudu dipiboga ku siswa nurutkeun Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
kurikulum 2013 yén siswa kudu paham Barat.
ngeunaan struktur jeung unsur kabasaan Haerudin, Dingding & Kardana. 2013.
dina sisindiran, mangka perlu diayakeun Panganteur talaah buku ajar.
évaluasi nu luyu jeung kompetensi dasar Bandung : JPBD UPI.
nu kudu dipiboga ku siswa. Tangtuna Khoerunnisa, Imas. 2006. Sirnaan unsur
éféktif henteuna bahan ajar ieu pikeun fungsional kalimah dina novel
siswa téh teu leupas tina kamampuh Mercedes 190 karya Muh. Rustandi
pendidikna sorangan nu ngaping jeung Kartakusuma. Skripsi Pendidikan
T R I YA N U G R A H A : U N S U R S I R N A A N . . . | 12

Bahasa Daerah. Bandung: Teu


dipedalkeun.
Sudaryat, Yayat spk. 2013. Tata basa
sunda kiwari. Bandung : Yrama
Widya.
Sudjana, Nana. 2006. Tuntunan
penyusunan karya ilmiah, makalah-
skipsi-tesis-disertasi. Bandung :
Sinar Baru Algesindo.
Sumarni, Hena. 2016. Kalimat dalam
sisindiran dan wawangsalan anyar
karya Dédy Windyagiri (kajian
struktur dan semantik). Jurnal
Lokabasa Vol. 7, No. 1, April.
Bandung: Departemen Pendidikan
Bahasa Daerah.
Tarigan, Henri Guntur. 2009. Metodologi
pengajaran bahasa 1. Bandung:
Angkasa.
Windyagiri, Dedi. 2011. Sisindiran jeung
wawangsalan anyar. Bandung: PT
Kiblat Buku Utama.

You might also like