You are on page 1of 6

PANGAJARAN 3

WAWANCARA
1. Mikaweruh Perkara Wawancara
Wawancara téh dina basa Inggris disebutna interview, asalna tina kecap inter
(antara; lolongkrang) jeung view (panitén; panempo). Nilik kana rucatan kecap kitu,
wawancara téh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya-jawab antara dua
urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara (interviewer) jeung nu
diwawancara (narasumber; réspondén). Ku ayana kamekaran téknologi, wawancara gé
bisa dilaksanakan jarak jauh ngaliwatan média internét anu disebut vidéo conference.
Dina widang jurnalistik, kagiatan wawancara téh penting keur salasaurang
jurnalis atawa wartawan keur nyangking atawa maluruh informasi keur nulis warta.
Béda jeung wartawan anu ngahaja ngawawancara narasumber keur sumber bahan
warta, ari dina kagiatan jumpa pers atawa konférénsi pers mah biasana wawancara téh
lantaran kahayang narasumber. Anapon dina kagiatan panalungtikan, wawancara
dilaksanakeun pikeun tujuan maluruh atawa néangan data keur bahan panalungtikan.
Upamana waé salasaurang siswa boga pancén kudu nyieun laporan kagiatan studi
wisata ka museum. Tangtu wé keur nyangking infromasi anu bener, siswa téh teu
cukup nempoan koléksi anu dipajang di museum, tapi sok dibarengan ku wawancara
ka pagawé museum.
Sawatara ahli komunikasi nétélakeun yén wawancara téh mibanda tujuan
(udagan) pikeun: 1) Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut ogé
aktualitas fakta, 2) Nyangking pamadegan resmi ti narasumber, 3) Ngaguar pamanggih
ahli, jeung 4) Konfirmasi keur babandingan data. Ku lantaran kitu, mun urang rék
ngayakeun kagiatan wawancara, aya sawatara hal anu perlu diéstokeun: 1)
Muguhkeun informasi naon anu rék dikumpulkeun, 2) Nangtukeun saha anu rék
diwawancarana (narasumber), 3) Nangtukeun iraha jeung di mana rék diwawancarana,
4) Nyusun angkét wawancara, nya éta daptar patalékan (pertanyaan) anu rék
ditanyakeun. Biasana nyoko kana Prinsip 5W+1H: What (Naon), Where (Di mana), When
(Iraha), Why (Ku naon), Who (Saha), jeung How (Kumaha). Dina derna ngawawancara,
hadéna mah ngagunakeun basa Sunda anu merenah. Nyatetkeun informasi penting
anu ditepikeun ku narasumber. Bakal leuwih hadé lamun dirékam, difoto, atawa
disyuting.
Ku kituna, aya sawatara tatakrama anu kudu dilaksanakeun mun urang rék
ngawawancara, di antarana:
1. Nu ngawawancara kudu nétral, hartina teu meunang nyawad atawa ngawada kana
pamanggih narasumber. Nu ngawawancara mah pancénna gé ngan ukur
nyatetkeun, ngarékam atawa ngadokuméntasikeun hasil wawancara.
2. Nu ngawawancara kudu sopan, hartina dina prungna ngawawancara kudu
némbongkeun pamulu anu soméah, réngkak jeung paripolah anu natakrama, jeung
nyarita maké basa Sunda anu luyu jeung tatakrama;
Lian ti aya tatakramana, nu ngawawancara ge kudu ngalaksanakeun dua hal ieu:
1. Nyatetkeun, pawawancara kudu nyatetkeun naon waé tina hasil wawancara.
Pawawancara kudu nyiapkeun alat tulis keur nyatetkeun informasi anu kacangking
tina hasil wawancara. Dina waktu nyatetkeun jawaban narasumber, biasana mah
pawawancara téh ukur nyatetkeun hal-hal nu pentingna wungkul. Geus kitu tuluy
disusun jadi laporan wawancara kalayan bener tur informatif.
2. Ngarékam, pawawancara biasana ngarékam kagiatan wawancara maké alat rékaman
boh sacara audio atawa audio-visual. Alat rékaman biasana keur
ngadokuméntasikeun kagiatan wawancara, nepi ka sakabéh informasi wawancara
téh bisa kacangking sacara lengkep. Pawawancara biasana mah nyusun transkrip
tina rékaman, geus kitu nyusun laporan hasil wawancara. Upama dibandingkeun
jeung wawancara nu dicatetekeun, wawancara anu dirékam biasana hasilna leuwih
lengkep.

2. Ngaguar Wanda Wawancara


Upama nilik kana tujuan jeung lumangsungna kagiatan, wawancara téh bisa
dipasing-pasing jadi sawatara wanda:

1. Wawancara Konférénsi
Wawancara kkonfzrznsi hartina kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawatara
narasumber. Upamana waé acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi publik.
Wawancara kelompok gé bisa dilaksanakan boh sacara langsung boh teu langsung
(teleconference), upamana geus réa disiarkeun ku sawatara TV.

2. Wawancara Kelompok
Wawancara kelompok mah biasana jumlah pawawancarana lobaan. Narasumberna
mah bisa saurang bisa waé kelompok. Upamana waé sababarah Aurang wartawan ti
sawatara média TV, Radio jeung Koran ngawawancara grup band, artis, atawa tokoh
pulitik. Pawawancara biasana ngsongkeun patalaékan anu béda-béda.

3. Wawancara Mandiri
Wawancara individual sok disebut ogé wawancara mandiri, hartina saurang
pawawancara ngayakeun wawancara ka saurang narasumber. Wawancara mandiri
bisana dilaksanakeun ku saurang wartawan waktu keur maluruh narasumber keur
nulis hiji warta.

4. Wawancara Kauger
Wawancara kauger sok disebut ogé wawancara tertutup, hartina pawawancara kudu
bisa nyekel rusiah rupaning informasi tina hasil wawancarana, ti mimiti idéntitas
narasumber tug nepi ka perkara anu ditepikeun ku narasumber. Biasana pawawancara
geus nyayagikeun angkét anu patalékan jeung jawabanana geus disadiakeun.
Narasumber mah pancénna ngeusian jeung milih jawaban anu dianggap luyu atawa
bener.

5. Wawancara Bébas
Wawancara bébas téh kagiatan wawancara anu patalékanana teu dirumuskeun heula
ku pawawancara. Dina derna wawancara, biasana mah pawawancara ngadadak
ngasongkeun patalékan ka narasumber diluyukeun jeung situasi katut kondisi waktu
kagiatanw awancara lumangsung. Narasumber gé biasana mah méré jawaban-jawaban
anu ngadadak kapikir harita kénéh, henteu nyiapkeun heula jawaban. Wawancara
bébas sok disebut ogé wawancara terbuka, hartina pawawancara teu kauger kudu
ngarusiahkeun idéntitas narasumber. Kitu deui pananya atawa patalékanana gé bébas
teu kawatesanan. Narasumber gé bébas pikeun ngajawabna, teu kawatesanan ku
pilihan jawababan.

PANCEN 1
Sangkan hidep leuwih maham perkara wawancara, pék jawab pananya ieu di handap
jeung babaturan sabangku!
1. Sebutkeun naon anu disebut wawancara!
2. Sebutkeun tujuan wawancara!
3. Sebutkeun tatakrama pas ngawawancara!
4. Sebutkeun jeung jéntrékeun wanda wawancara!
5. Sebutkeun jeung jelaskeun anu dimaksud 5W+1H!

2. Mikaweruh Kalimah Pananya


Dina kagiatan wawancara téh aya paguneman antara nu ngawawancara jeung
narasumber atawa nu diwawancara. Dina prakna paguneman, nu ngawawancara
ngasongkeun sawatara pananya atawa patalékan anu geus disusun dina wangun
angkét. Ku lantaran kitu, hidep kudu mikaweruh perkara kalimah pananya (interogatif).
Titénan geura contona ieu di handap!

(1) Iraha rék ulin ka Jakarta téh?


(2) Kumaha damang?

Conto kalimah di luhur téh kaasup kana kalimah pananya. Kalimah pananya
nya éta kalimah anu eusina nanyakeun hiji perkara ka jalma lian sarta miharep ayana
résponsi mangrupa jawaban anu jéntré. Ciri utama kalimah pananya, mun dina
omongan sok katangén tina lentongna. Sedengkeun dina basa tulis, kalimah pananya
téh sok dutngtungan maké tanda pananya (?).
Ngawangun kalimah pananya bisa ku tilu cara:
1. Nambahan lentong (intonasi) pananya.
_ Budak téh teu asup.
Budak téh teu asup? (lentong nanyakeun)
2. Nambahan kecap lain, encan, henteu, jeung kitu.
_ Budak téh geus indit sakola, lain?
_ Lain, budak téh geus indit sakola?
_ Geus asup, encan?
_ Henteu milu ka Jakarta?
_ Budak téh geus indit ka sakola, kitu?
3. Nambahan kecap pananya naon, saha, naha, mana, kunaon, kumaha, sabaraha, jsté.
_ Naon anu dibeuli ti Pasar Baru téh?
_ Saha nu meulina?
_ Sabaraha hargana?
_ Kumaha kaayaan di Pasar Baru?
_ Mana baju keur kuring téh?
_ Kunaon kamari teu milu ka pasar?

Pancen 2 Nyusun Kalimah Pananya


Ayeuna pzk hidep nyusun 10 kalimah pananya kalayan maké kecap pananya
naon, kumaha, di mana, iraha, naha, ku naon, jeung saha! Contona saperti kieu:

1. kumaha
Kalimahna: Numutkeun Bapa, kumaha kaayaan basa Sunda nu di
lingkungan sakola?

3. Maca Hasil Wawancara


Keur pamaén Persib, bobotoh téh gedé pisan pangaruhna. Kumaha ari Viking
ceuk pamaén Persib? Ieu di handap aya cutatan hasil wawancara dina taun 2007, antara
Yulianto Agung (wartawan majalah Cupumanik) jeung Yaris Riyadi (salasaurang
pamaén Persib). Pék baca ku hidep sing gemet!

YARIS RIYADI:
Nuhun, Viking!

Cupumanik (CM):
Minangka pamaén senior, Akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun
Akang kontribusi Viking kanggo pamaén Persib?

Yaris Riyadi (YR):


Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah.
Viking teu weléh satia masihan sumanget, utamina mun nuju tanding. Boh maén di
Bandung, boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring
ngadukung Pérsib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo
pamaén mah.

CM:
Sakapeung sok aya bobotoh nu teu tuhu kana aturan, upami babalédogan ka tengah
lapang. Kumaha pamendak Akang?
YR:
Panginten éta mah émosi bobotoh nu jolna tina rasa fanatik nu ageung ka Persib. Da
saleresna mah, teu di urang waé nu kitu téh, tong boro di Indonésia, dalah di Éropah gé
nu méngbalna tos maju, masih aya nu kitu téh. Mung kahoyong Viking sareng bobotoh
sanésna tiasa kontrol, tong kaleuleuwihi teuing. Ka pamaén nya tangtos waé matak
mangaruhan méntal, upamina janten kesel atanapi teu fokus maén. Tapi da ayeuna
mah nu kitu téh tos ngirangan, mung kantun hiji dua, teu kawas kapungkur.

CM:
Upami kitu, naha tiasa disebatkeun ayeuna mah bobotoh téh langkung déwasa?

YR:
Muhun katingalna kitu. Bobotoh, pangpangna Viking, tos langkung saé. Panginten
kadéwasaan tiasa kawangun bari ngeureuyeuh. Tapi mungkin waé aya pangaruh ti
organisasi ka para anggotana, upamina ti ketuana masihan bongbolongan ka bobotoh.
Mugi wé sadayana janten engeuh, yén paripolah bobotoh nu kirang merenah téh sanés
ukur ngarugikeun pamaén, tapi langkung ti kitu, kleubna janten didengda, ka
bobotohna teu tiasa nongton, kirang kapercayaan ti sponsor, jsté.

CM:
Kumaha harepan Akang keur Viking ka payunna?

YR:
Nuhun pisan ka Viking nu tos lami ngadukung Persib. Mudah-mudahan dukungan ti
Viking sareng ti bobotoh sanésna gé tiasa diwales ku préstasi Persib nu saé. Mugi
Viking tiasa teras satia wé ngadukung Persib, tiasa langkung tartib tur sportif. Supados
sadayana tenang, boh pamaén, boh kleubna, boh mikaresep méngbal umumna. Viking
téh suporter nu éksisténsina tos lami pan, sawadina tiasa dianggo conto ku bobotoh
sanésna. Nuhun-nuhun janten pioner suporter sportif di Indonésia. Sareng hiji deui,
upami tiasa mah Viking sareng The Jack akur atuh, supados Persib sareng Persija teu
dirugikeun waé ku tindakan awon suporterna.

Dicutat tina majalah Cupumanik No. 12/2007


kaca 40-41.

Pancen 3. Ngawawancara Guru nu Aya di Sakola


Hidep ngelompok duaan-duaan. Geus kitu, tuluy wawancara salasaurang guru
nu aya di sakola hidep. Bisa ogé ngawawancara tukang dagang, tukang beberesih jeung
satpam nu aya di sakola hidep.Jejer wawancarana ngeunaan kaulinan tradisional.
Alusna mah narasumberna difoto. Hasil wawancarana ogé alusna mah dirékam atawa
disuting. Angket wawancarana ieu di handap.
Angkét wawancara:
(1) _________________________________________________________
_________________________________________________________
(2) _________________________________________________________
_________________________________________________________
(3) _________________________________________________________
_________________________________________________________
(4) _________________________________________________________
_________________________________________________________
(5) _________________________________________________________
_________________________________________________________
(6) _________________________________________________________
_________________________________________________________
(7) _________________________________________________________
_________________________________________________________
(8) _________________________________________________________
_________________________________________________________

Laporan Hasil Wawancara:

You might also like