Dina peuting jumlang jempling lalugina Ti masjidil harom nu aya di Mekah Ka masjidil aqso anu loba berkah
Sina ninggal dalil-dalil ayat-ayat
Kajadian-kajadian anu berhikmat Anu pinuh picontoeun pikeun ummat Gambaran jalma nu toat nu maksiat
Harita the bulan rojab bulanna mah
Tanggalna teh tanggal tujuh likur cenah Nabi nuju ebog raos genah-genah Di masjidil harom caket pisan kabah
Kurunyung teh jibril sumping rek nyucian
Patuangan dibelek tuluy di laan
Kokotorna salajengna dieusian
Ku hikmat ku ilmu sareng kaimanan Tuluy ditunggangkeun kana tutunggangan Anu cepat kilat teu aya tandingan
Biur majeng angkat jibril nu nyarengan
Ngalangkungan gunung-gunung jeung daratan Sajajalan seueur pisan titinggalan Kaanehan nu nambihan kayakinan Pikeun ummat Islam ngajadi gambaran Paya cepat Lempeng heunteu balilahan