You are on page 1of 7

‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬

‫‪DMDI‬‬
‫‪DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬
‫‪https://seruanmasjid.com‬‬

‫‪NANJEURKEUN HUKUM‬‬
‫‪KUDU ADIL JEUNG‬‬
‫!‪AMANAH‬‬
‫‪KHUTBAH KAHIJI‬‬

‫إن ْال َح ْم َد هَّلِل ِ‪ ,‬نَحْ َم ُدهُ‪َ ,‬ونَ ْس تَ ِعينُهُ‪َ ,‬ونَ ْس تَ ْغفِ ُرهُ‪َ ,‬ونَ ُع و ُذ بِاهَّلل ِ‬ ‫َّ‬
‫ت َأ ْع َمالِنَا‬‫ُور َأ ْنفُ ِسنَا‪َ ,‬و َسيَِّئا ِ‬ ‫ِم ْن ُشر ِ‬
‫ي لَهُ‪,‬‬ ‫ض َّل لَهُ‪َ ,‬و َم ْن يُضْ لِلْ فَالَ هَا ِد َ‬ ‫َم ْن يَ ْه ِد ِه هَّللا ُ فَالَ ُم ِ‬
‫ك لَ هُ‪َ ،‬ش هَا َدةَ َم ْن هُ َو‬ ‫َأ ْشهَ ُد َأ ْن الَ اِلَهَ اِالَّ هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي َ‬
‫َخ ْي ٌر َّمقَا ًما َوَأحْ َس ُن نَ ِديًّا‪.‬‬
‫ف بِ ْال َم َك ِ‬
‫ار ِم‬ ‫ص ُ‬ ‫َوَأ ْشهَ ُد َأ َّن َسيِّ َدنَا م َح َّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َرس ُْولُهُ ْال ُمتَّ ِ‬
‫صبِيًّا‪.‬‬‫ِكبَارًا َو َ‬
‫ق ْال َو ْع ِد‬ ‫ص ا ِد َ‬ ‫ان َ‬ ‫صلِّ َو َس لِّ ْم َعلَى َس يِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َك َ‬ ‫اَللَّهُ َّم فَ َ‬
‫ص حْ بِ ِه الَّ ِذي َْن يُحْ ِس نُ ْو َن‬ ‫ان َر ُس ْوالً نَبِيًّ ا‪َ ،‬و َعلَى آلِ ِه َو َ‬ ‫َو َك َ‬
‫ِإ ْسالَ َمهُ ْم َولَ ْم يَ ْف َعلُ ْوا َش ْيًئا فَ ِريًّا‪،‬‬
ِ ‫ اُ ْو‬،ُ‫اضر ُْو َن َر ِح َم ُك ُم هللا‬
‫ص ْينِ ْي نَ ْف ِس ْي‬ ِ ‫ فَيَا َأيُّهَا ْال َح‬،‫َأ َّما بَ ْع ُد‬
.‫ فَقَ ْد فَا َز ْال ُمتَّقُ ْو َن‬،ِ‫َوِإيَّا ُك ْم بِتَ ْق َوى هللا‬
: ‫قَا َل هللاُ تَ َعالَى‬
‫َّج ِيم‬
ِ ‫ان الر‬ ِ َ‫َأ ُعو ُذ بِاهَّلل ِ ِم َن ال َّش ْيط‬
‫ون َو َم ْن َأحْ َس ُن ِم َن هَّللا ِ ُح ْك ًم ا لِقَ ْو ٍم‬ َ ‫َأفَ ُح ْك َم ْال َجا ِهلِيَّ ِة يَ ْب ُغ‬
‫يُوقِنُون‬
(QS Al-Maidah [5]: 50)

Alhamdulillah, urang muji syukur ka Alloh tina sagala ni’mat-Na, anu parantos
ngempelkeun urang sadaya di tempat anu mulya ieu, dina poéan anu mulya,
sasarengan sareng jalmi-jalmi anu insyaAlloh dimuliyakeun ku Alloh.

Sholawat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpahcurahkeun ka manusa


pang mulyana, Rosululloh Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka
kulawargina, shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu istiqomah
nyepeng pageuh sareng merjoangkeun Islam dugika poé kiyamah.

Prak geura taqwa ka Alloh. Perhatikeun dawuh panutan urang Nabi shollallohu
‘alaihi wa sallam:

ِ ِ‫ َو َخ ال‬،‫ َوَأ ْتبِ ِع ال َّسيَِّئةَ ْال َح َسنَةَ تَ ْم ُحهَ ا‬،‫ت‬


‫ق‬ َ ‫ق هللاَ َح ْيثُ َما ُك ْن‬
ِ َّ‫اِت‬
‫ق َح َس ٍن‬ ٍ ُ‫اس بِ ُخل‬َ َّ‫الن‬
“Prak geura takwa ka Alloh di mana baé anjeun aya. Barengan satiap kagoréngan
ku kahadéan, tangtu éta kahadéan bakal mupus kagoréngan. Jeung prak gaul jeung
manusa kalawan maké akhlak anu hadé”. (HR Tirmidzi)

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Saha baé pasti mikahayang kaadilan. Tapi kumaha urang bakal meunang kaadilan,
lamun anu nanjeurkeun hukumna sorangan kalahka ngamaénkeun hukum. Sasama
pulisi silih tembak. Rahayat can disogrogkeun ka pangadilan geus ditembak, sarta
loba deui kasus séjéna. Teu salah lamun slogan: “pangadilan loba, tapi kaadilan
langka” bukti éta kanyataan.
Pakar hukum Prof Dr Sudjito nyebutkeun, hukum anu lumangsung wanci kiwari
leuwih loba mihak ka para pangawasa, pangusaha, jeung politisi sarta beuki
ngamarjinalkeun (ngapilainkeun) rahayat. Kusabab kitu usaha nanjeurkeun hukum di
nagara ieu jauh tanah ka langit. Hukum sering seukeut ka golongan anu béda jeung
pangawasa, tapi mintul ka jalma-jalma anu aya dina lingkungan kakawasaan.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Pasualan hukum di mana baé ogé sabenerna nyumber kana dua hal poko: Benerna
(sohéh) éta hukum, jeung alusna moralitas anu nanjeurkeun hukum. Hukum anu
sohéh pasti adil. Anu nanjeurkeun hukum ngabogaan sipat amanah bakal ngajamin
kaadilan.

Hukum salilana moal sohéh lamun datang tina akal jeung hawa nafsu manusa.
Hukum buatan manusa pinuh ku kapentingan-kapentingan. Naha éta kapentingan
kakawasaan atawa pulitik. Ulah héran lamun hukum jijieunan manusa sering eusina
pasal-pasal karét anu bisa ditarik-ulur sakahayang hawa nafsu pangawasa.

Padahal Alloh subhanahu wa ta’ala parantos ngingetan yén kahancuran bakal datang
lamun bebenaran nuturkeun hawa nafsu. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
‫ات َواَأْلرْ ضُ َو َم ْن‬
ُ ‫الس َما َو‬
َّ ‫ت‬ ِ ‫ق َأ ْه َوا َءهُ ْم لَفَ َس َد‬ ُّ ‫َولَ ِو اتَّبَ َع ْال َح‬
‫ُون‬
َ ‫ْرض‬ ِ ‫فِي ِه َّن بَلْ َأتَ ْينَاهُ ْم بِ ِذ ْك ِر ِه ْم فَهُ ْم َع ْن ِذ ْك ِر ِه ْم ُمع‬
“Lamun seug mah bebeneran téh nuturkeun hawa nafsu maranéhna, pasti hancur ieu
langit jeung bumi, sarta sakabéh pangeusina. Sabenerna Kaula geus ngadatangkeun
ka maranéhna paringetan, tapi maranéhna ngabalieur tina éta paringetan”. (TQS
al-Mukminun [23]: 71)

Alloh subhanahu wa ta’ala ogé negeskeun yén maranéhna anu nuturkeun hawa nafsu
jeung ninggalkeun hukum-hukum-Na salaku jalma anu sasar:

َ ‫َو َم ْن َأ‬
ِ ‫ضلُّ ِم َّم ِن اتَّبَ َع هَ َواهُ بِ َغي ِْر هُ ًدى ِم َن هَّللا‬
“Naha saha anu leuwih sasar tinimbang jalma anu nuturkeun hawa nafsuna teu
meunang pituduh ti Alloh saeutik ogé?”. (TQS al-Qoshosh [28]: 50)

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kanyahokeun, naon anu ku urang sadaya kabandungan ayeuna kacida pisan bédana
jeung hukum Islam. Hukum Islam ngajamin kaadilan, kusabab datang ti Alloh Anu
Maha Adil. Bébas tina hawa nafsu manusa. Bébas tina kapentingan pulitik.
Aturanana jelas. Eusina lain pasal-pasal karet anu bisa ditarik sakahayang manusa.
Satiap usaha nyéléwéngkeun hukum-hukum Alloh gampang kapanggih sahingga bisa
sagancangna dilempengkeun deui.
Baheula, nalika jalma-jalma Bani Makhzum meredih ka Usamah bin Zaid
rodhiyallohu ‘anhu supaya pangdugikeun ka Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam
sangkan ngabatalkeun hukuman potong leungeun ka saurang awéwé gegedén ti
kaomna, Anjeuna murka sarta mépélingan maranéhna, “Naha anjeun hayang ménta
supaya Kaula ngahampangkeun sanksi/hudud Alloh?” Tuluy Anjeuna khutbah:

‫ْف‬ُ ‫الش ِري‬ َ ‫ك الَّ ِذي َْن قَ ْبلَ ُك ْم َأنَّهُ ْم َك انُ ْوا ِإ َذا َس َر‬
َّ ‫ق ِف ْي ِه ْم‬ َ َ‫ِإنَّ َم ا َأ ْهل‬
ِ‫ َواي ُم هللا‬،‫ْف َأقَ ا ُم ْوا َعلَ ْي ِه ْال َح َّد‬
ُ ‫ض ِعي‬
َّ ‫ق فِ ْي ِه ْم ال‬ َ ‫ َوِإ َذا َس َر‬،ُ‫تَ َر ُك ْوه‬
ُ ‫ت لَقَطَع‬
‫ْت يَ َدهَا‬ ْ َ‫ت ُم َح َّم ٍد َسرق‬ ِ َ‫لَ ْو َأ َّن ف‬
َ ‫اط َمةَ بِ ْن‬
“Saéstuna anu geus ngabinasakeun umat saméméh aranjeun nyaéta lamun aya
gegedén ngabogaan kamulyaan di antara maranéhna maling, maranéhna teu
ngahukuman. Sabalikna, lamun cacah kuricakan anu maling, maranéhna
nanjeurkeun hukuman ka éta sijalma. Demi Alloh, lamun seug mah Fatimah budak
awéwé Muhammad maling, tangtu kaula sorangan anu bakal neukteuk leungeuna!!”.
(HR al-Bukhori)

Kusabab kitu, teu aya hukum anu bisa nyiptakeun kaadilan anging hukum-hukum
Islam. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:

‫ون َو َم ْن َأحْ َس ُن ِم َن هَّللا ِ ُح ْك ًم ا لِقَ ْو ٍم‬


َ ‫َأفَ ُح ْك َم ْال َجا ِهلِيَّ ِة يَ ْب ُغ‬
‫يُوقِنُون‬
“Naha hukum jahiliyah anu ku maranéhna dipikahayang? Hukum saha anu leuwih
hadé tinimbang hukum Alloh pikeun jalma-jalma anu yakin?”. (TQS al-Maidah [5]:
50)

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kaadilan hukum ogé jadi susah kusabab geus kurangna sikep amanah anu
nanjeurkeun hukum. Padahal amanah téh salahsahiji syarat utama nanjeurkeun
kaadilan. Alloh subhanahu wa ta’ala geus maréntahkeun ka kaom Muslim pikeun
nyumponan amanah kalawan sahadé-hadéna.

ِ ‫ِإ َّن هَّللا َ يَ ْأ ُم ُر ُك ْم َأ ْن تُ َؤ ُّدوا اَأْل َمانَ ا‬


‫ت ِإلَى َأ ْهلِهَ ا َوِإ َذا َح َك ْمتُ ْم‬
‫اس َأ ْن تَحْ ُك ُموا بِ ْال َع ْد ِل‬
ِ َّ‫بَي َْن الن‬
“Saéstuna Alloh maréntah kaaranjeun pikeun nepikeun amanah ka anu boga hak
narimana. Lamun aranjeun mutuskeun hukum di antara manusa, prak putuskeun éta
hukum kalawan adil!”. (TQS an-Nisa’ [4]: 58)

Ngan baé, ngaharepkeun sikep amanah muncul di tengah masyarakat sékuler wanci
kiwari, saperti néwak haseup.

Imam Malik bin Anas dina Kitab Al-Muwaththo ngariwayatkeun yén dina hiji
mangsa nalika Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam ngutus Abdulloh bin Rowahah
rodhiyallohu ‘anhu pikeun nyokot hasil panén bungbuahan kaom Yahudi Khoybar.
Sigana maranéhna geus sapongkol pikeun nyogok Abdulloh bin Rowahah supaya
bisa ngurangan éta tarikan. Maranéhna ngumpulkeun perhiasan kaom awéwé
maranéhna jadi sogokan.

Ningal sikep kaom Yahudi saperti kitu, Abdullah bin Rowahah ngambek tuluy pok
nyarita, “Héy Yahudi, demi Alloh! Maranéh téh nyaéta makhluk Alloh anu ku kaula
pang dipikaijidna. Naha henteu hal éta anu ngadorong ka kaula pikeun nyieun
kadloliman ka aranjeun. Saéstuna sogok anu ku aranjeun dibikeun téh nyaéta haram.
Kaula teu sudi kana ngadaharna”. Kaom Yahudi ngagebeg tuluy muji ka manéhna,
“Ku sikep saperti kitu pisan, langit jeung bumi masih kénéh ngadeg”.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kudu dipahamkeun, yén hukum hésé pikeun ditanjeurkeun kalawan adil jeung
amanah salila aturan Islam teu diadegkeun. Kaadilan jeung nanjeurkeun hukum anu
amanah ngan bisa ngawujud dina kahirupan Islam. Dijerona akidah Islam jadi
landasan masyarakat sarta syaré'at Islam jadi hukum-hukum anu diterapkeun pikeun
masyarakat. Didinya kaadilan bakal datang. []

‫ َونَفَ َعنِي َوِإيَّا ُك ْم بِ َمافِ ْي ِه‬،‫آن ْال َع ِظي ِْم‬ ِ ْ‫ك هللا لِي َولَ ُك ْم ِفى ْالقُ ر‬ َ ‫بَ ا َر‬
ُ‫ت َوال ِّذ ْك ِر ْال َح ِك ِيم َوتَقَبَّ َل هللاُ ِمنَّا َو ِم ْن ُك ْم تِالَ َوتَ هُ َوِإنَّه‬
ِ ‫ِم َن اآْل يَ ا‬
ْ َ‫ َوَأقُ ْو ُل قَ ْولِي هَ َذا ف‬،‫الس ِم ْي ُع ال َعلِ ْي ُم‬
ُ‫أس تَ ْغفِ ُر هللاَ ال َع ِظ ْي َم ِإنَّه‬ َّ ‫هُ َو‬
ِ ‫هُ َو ال َغفُ ْو ُر الر‬
‫َّحيْم‬
KHUTBAH II

‫ َوَأ ْشهَ ُد‬.‫اَ ْل َح ْم ُد هللِ َعل َى ِإحْ َسانِ ِه َوال ُّش ْك ُر لَهُ َعل َى تَ ْوفِ ْيقِ ِه َواِ ْمتِنَانِ ِه‬
َّ ‫ك لَ هُ َوَأ ْش هَ ُد‬
‫أن َس يِّ َدنَا‬ َ ‫َأ ْن الَ اِلَ هَ ِإالَّ هللاُ َوهللاُ َوحْ َدهُ الَ َش ِر ْي‬
‫ص لِّ َعلَى‬
‫ض َوانِ ِه‪ .‬اللهُ َّم َ‬ ‫ُم َح َّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َر ُس ْولُهُ ال َّدا ِعى إل َى ِر ْ‬
‫َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد ِو َعلَى اَلِ ِه َوَأصْ َحابِ ِه َو َسلِّ ْم تَ ْسلِ ْي ًما ِكث ْيرًا‬

‫َأ َّما بَ ْع ُد فَي ا َ اَيُّهَ ا النَّاسُ اِتَّقُواهللاَ ِف ْي َم ا َأ َم َر َوا ْنتَهُ ْوا َع َّما نَهَى‬
‫َوا ْعلَ ُم ْوا َأ َّن هللاَ َأ َم َر ُك ْم بِ َأ ْم ٍر بَ َدَأ فِ ْي ِه بِنَ ْف ِس ِه َوثَـنَى بِ َمآل ِئ َكتِ ِه‬
‫ُص لُّ ْو َن َعل َى‬ ‫ْال ُم َس بِّ َح ِة بِقُ ْد ِس ِه َوقَ ا َل تَع اَلَى ِإ َّن هللاَ َو َمآلِئ َكتَ هُ ي َ‬
‫النَّبِى ي آ اَيُّهَ ا الَّ ِذي َْن آ َمنُ ْوا َ‬
‫ص لُّ ْوا َعلَ ْي ِه َو َس لِّ ُم ْوا تَ ْس لِ ْي ًما‪ .‬اللهُ َّم‬
‫صلَّى هللاُ َعلَ ْي ِه َو َس لِّ ْم َو َعلَى ِ‬
‫آل َس يِّ ِدنا َ‬ ‫صلِّ َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َ‬ ‫َ‬
‫ض اللّهُ َّم‬ ‫ك َو َمآلِئ َك ِة ْال ُمقَ َّربِي َْن َوارْ َ‬ ‫ك َو ُر ُسلِ َ‬ ‫ُم َح َّم ٍد َو َعلَى اَ ْنبِيآِئ َ‬
‫َّاش ِدي َْن َأبِى بَ ْك ٍر َو ُع َم ر َو ُع ْث َم ان َو َعلي َو َع ْن‬ ‫َع ِن ْال ُخلَفَ ا ِء الر ِ‬
‫ان اِلَى يَ ْو ِم‬ ‫ص َحابَ ِة َوالتَّابِ ِعي َْن َوتَابِ ِعي التَّابِ ِعي َْن لَهُ ْم بِاِحْ َس ٍ‬ ‫بَقِيَّ ِة ال َّ‬
‫ك يَا َأرْ َح َم الر ِ‬
‫َّاح ِمي َْن‬ ‫ض َعنَّا َم َعهُ ْم بِ َرحْ َمتِ َ‬ ‫ال ِّدي ِْن َوارْ َ‬

‫ت‬‫ت َو ْال ُم ْس لِ ِمي َْن َو ْال ُم ْس لِ َما ِ‬ ‫اَللهُ َّم ا ْغفِ رْ ِل ْل ُم ْؤ ِمنِي َْن َو ْال ُمْؤ ِمنَ ا ِ‬
‫ت اللهُ َّم َأ ِع َّز ْاِإل ْس الَ َم َو ْال ُم ْس لِ ِمي َْن َوَأ ِذ َّل‬ ‫اَالَحْ يآء ِم ْنهُ ْم َو ْاالَ ْم َوا ِ‬
‫ص رْ َم ْن‬ ‫ك ْال ُم َو ِّح ِدي َْن َوا ْن ُ‬ ‫ص رْ ِعبَ ا َد َ‬ ‫ك َو ْال ُم ْش ِر ِكي َْن َوا ْن ُ‬ ‫الش رْ َ‬ ‫ِّ‬
‫اخ ُذلْ َم ْن َخ َذ َل ْال ُم ْس لِ ِمي َْن َو َد ِّمرْ َأ ْع َدا َء ال ِّدي ِْن‬ ‫ص َر ال ِّدي َْن َو ْ‬ ‫نَ َ‬
‫ك ِإلَى يَ ْو ِم ال ِّدي ِْن‪ .‬اللهُ َّم ا ْدفَ ْع َعنَّا ْالبَالَ َء َو ْال َوبَ ا َء‬ ‫َوا ْع ِل َكلِ َماتِ َ‬
‫َوال َّزالَ ِز َل َو ْال ِم َح َن َو ُس ْو َء ْالفِ ْتنَ ِة َو ْال ِم َح َن َم ا ظَهَ َر ِم ْنهَ ا َو َم ا‬
‫ان ْال ُم ْسلِ ِمي َْن عآ َّمةً‬ ‫صةً َو َساِئ ِر ْالب ُْل َد ِ‬‫بَطَ َن َع ْن بَلَ ِدنَا اِ ْن ُدونِي ِْسيَّا خآ َّ‬
‫آلخ َر ِة َح َس نَةً‬ ‫يَا َربَّ ْال َعالَ ِمي َْن‪َ .‬ربَّنَا آتِنا َ ِفى ال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َوفِى ْا ِ‬
‫اإن لَ ْم تَ ْغفِرْ لَنَا َوتَرْ َح ْمنَ ا‬ ‫ار‪َ .‬ربَّنَا ظَلَ ْمنَا اَ ْنفُ َسنَا َو ْ‬‫اب النَّ ِ‬‫َوقِنَا َع َذ َ‬
‫لَنَ ُك ْونَ َّن ِم َن ْال َخ ِ‬
‫اس ِري َْن‪.‬‬
‫ان َوِإيْت آ ِء ِذي ْالقُ رْ ب َى‬ ‫ِعبَا َدهللاِ ! ِإ َّن هللاَ يَْأ ُم ُربِاْل َع ْد ِل َو ْاِإل حْ َس ِ‬
‫َويَ ْنهَى َع ِن ْالفَحْ ش آ ِء َو ْال ُم ْن َك ِر َو ْالبَ ْغي يَ ِعظُ ُك ْم لَ َعلَّ ُك ْم تَ َذ َّكر ُْو َن‬
‫اش ُكر ُْوهُ َعل َى نِ َع ِم ِه يَ ِز ْد ُك ْم‬ ‫َو ْاذ ُك رُوا هللاَ ْال َع ِظ ْي َم يَ ْذ ُكرْ ُك ْم َو ْ‬
‫َولَ ِذ ْك ُر هللاِ َأ ْكبَرْ‬

You might also like