You are on page 1of 1

Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh.

Wilujeng Enjing Sadayana? Bapa/Ibu Guru anu ku sim abdi dipihormat, sareng
sadaya rerencangan anu kusim abdi dipikanyaah, khususna siswa kelas 6 nu
dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Allah ta’ala nu
parantos masihan waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu
acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para hadirin anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun
kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa
wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala
panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sehat sadidinten ku cara anu
sehat oge. Sapertos meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu
rutin, nah eta mangrupakan conto hirup anu sehat anu sederhana.

Conto sanesna dei, lamun dilingkungan sakola nyaeta urang kedah miceun sampah
kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan
baham, sareng ngalaksanakeun kawajiban piket di sakola.

Sabab bersih teh mangrupakeun sabagian tina iman, lamun saupami sadidinten
urang tiasa ngajaga kaberesihan, insya allah awak urang oge bakal sehat sarta di
jauhkeun dina anu ngarana panyakit.Sarta awak urang bakal bersih atanapi jauh
tina kokotor, sareng lingkungan di sabudeureun urang.

Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang oge jadi bersih.Hadirin
sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur biantara singket ti sim abdi, pamungkas ti abdi,
bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah
larapna, mugi kersa ngahapunten. Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

You might also like