Professional Documents
Culture Documents
I. KETENTUAN UMUM:
a. Kegiatan Lomba Bulan Bahasa dilaksanakan pada.
- Lomba dalam bentuk video dimulai Senin, 25 Oktober dan dikumpulkan Kamis, 28
Oktober 2021 ke wali kelas masing-masing.
- Lomba selain bentuk video dilaksanakan Kamis, 28 Oktober 2021.
b. Seluruh peserta Lomba Bulan Bahasa adalah murid-murid SMP Islam Al Azhar 20
Cianjur.
c. Seluruh murid WAJIB hadir. Wali kelas akan mencatat absensinya pada daftar hadir
murid.
d. Murid hadir seperti biasa melalui aplikasi zoom meeting dengan memakai baju seragam
hari Kamis (pramuka).
4. Lagu yang dinyanyikan oleh peserta boleh dari daerah mana saja.
5. Peserta dapat melakukan cover/aransement se-kreatif mungkin.
6. Peserta lomba menggunakan seragam sekolah.
7. Kriteria penilaian meliputi: ekspresi, penjiwaan, artikulasi, dan teknik vokal.
e. Lomba Ngadongeng
1. Setiap kelas mengirimkan perwakilan 1 orang sebagai penanggung jawab lomba
ngadongeng.
2. Lomba ngadongeng dilaksanakan melalui zoom meeting.
3. Naskah dongeng disediakan panitia.
4. Peserta menggunakan seragam sekolah.
5. Peserta menggunakan kekuatan suara (tidak menggunakan mic).
6. Peserta tidak menggunakan properti.
7. Peserta tidak boleh mengganggu peserta lain yang sedang tampil.
8. Kriteria penialain meliputi.
a. Vokal (intonasi, tempo, artikulasi)
b. Menguasai isi (penjiwaan)
c. Kemampuan menguasai panggung (komunikasi, ekspresi, gestur)
4. Naskah story telling ditik dalam kertas A4, margin normal, Times New Roman 12,
spasi 1,15.
5. Kostum bebas dan sopan disesuaikan dengan tema naskah.
6. Durasi waktu maksimal 7 menit.
7. Setiap peserta harus bersiap 3 menit sebelum penampilan dimulai.
8. Kriteria penilaian meliputi: pronounciation (pengucapan), fluency
(kefasihan/kelancaran), gesture/body language/expression, timing, dan costume and
property (additional score).
6. Kriteria penilaian meliputi fashohah, kreativitas. suara/intonasi, adab, dan sarana yang
mendukung, jumlah likers menjadi penilaian tambahan.
1. Lomba Literasi
2. Lomba Video Cipta dan Baca Puisi
3. Lomba Video Cover Lagu Daerah
4. Lomba Ikrar 3 Bahasa
5. Lomba Ngadongeng
6. Lomba Story Telling
7. Lomba Cipta Cerpen
Lomba Video Perkenalan Diri Bahasa
8.
Arab
Lomba Video Kreasi Memperingati
9.
Sumpah Pemuda
Keterangan:
- Lomba bisa diikuti oleh murid putra/putri.
- Lomba berbentuk video dikumpulkan ke wali kelas.
Cianjur,
Wali Kelas
____________________
KETENTUAN LOMBA “BULAN BAHASA 2021”
SMP ISLAM AL-AZHAR 20 TP.2021-2022
NASKAH DONGÉNG
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna isuk-isuk,
bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék
acan, sumawonna Si Kabayan mah da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka
beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti ku mitoha,” cék dina pikirna, “sakitu geus kolot, na aya
kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur
nyenangkeun awak? Ari ieu bet kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké ....”
Barang nepi ka huma pék ngarala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si
Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng teu kaur
beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawahing sangeuk digawé. Siga-
sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun.
Gelenyu Si Kabayan imut; imut kanjut nu leleb téa.
“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kaula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati
mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang
iteuk!”
Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si
Kabayan, sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari
ngareumpeukan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus
metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Aduh
beurat naker,” omongna. Geus kitu, gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan ambleng baé, sedeng poé geus reupreupan. “Naha Si
Kabayan bet ambleng baé?” cék mitohana ngomong sorangan. “Moal salah, meureun
terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja
heula ka kolot rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”
Rigdig karung roay dipanggul. “Édas beurat naker,” omongna. “Didedet
teuing, ieu mani teuas kieu,” bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy
dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul
pelak roay urang téh, nya! Mani sakieu lobana.”
“Hih tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing.”
jawab mitoha lalaki. “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna teu
ngadéngé Si Kabayan kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”
KETENTUAN LOMBA “BULAN BAHASA 2021”
SMP ISLAM AL-AZHAR 20 TP.2021-2022
“Aéh-aéh kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat
naker.”
Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina
liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleu-geujleug na ...
ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé
ngajerit bawahing ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku
kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, da capé!”, bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh, geuning sia Kabayan,” cék mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung leuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!”, cék mitoha awéwé. Ari
mitoha lalaki mah léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung bapa, Kabayan! Sing bener, ulah
goréng polah kitu ka kolot téh pamali deuleu matak doraka,” cék mitoha awéwé.
“Heug, moal mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang
rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui-rét deui ngarérét ku juru panon
ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah ingeteun kana
papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.
Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan
mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun
liang karung téh. Reketek ditalian. “Na ka mana mitoha bet euweuh? Moal salah
ninggalkeun meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik.
Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu,
bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan! Kabayan!” cék sora jero karung, “Ieu aing, mitoha sia ulah
digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” bari gaplok dipeupeuh
karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa deuleu ieuh, lain roay!” “Roay! Roay!”, bari terus digugusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun ka raranjangan, “Ek!”, sora jelema nu
titeundeut. “Tah mitoha awéwé, roay sakarung!”, bari léos manéhna mah indit ka cai.
Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna
daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanana teu kira-kira
kagéteunana. Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalakina teu bisa
hudang-hudang acan.
(Ottih Rostoyati, Si Kabayan: Sebuah Studi tentang Sistem Nilai Budaya dan
Sikap Hidup Masyarakat Sunda)
KETENTUAN LOMBA “BULAN BAHASA 2021”
SMP ISLAM AL-AZHAR 20 TP.2021-2022
NGADEUPAAN LINCAR
Dina hiji lembur aya jelema ngaranna si Kabayan. Éta jelema geus boga
pamajikan, geus imah-imah sorangan ngan malarat, imahna gé ngan sagedé gondok.
Ku tina kamalaratanana, turug-turug adatna teu pati parok jeung batu, ku
tatanggana tara dipaduli, dimomorékeun pisan. Dina usum sisidekahan tara
diarondang, katélér-télér baé, ngan ukur sok aya nu méré sahuap-sakopeun. Manéhna
ogé tara ngondang ka batur, da tara sidekah, ku tina kamalaratanana téa.
Dina hiji mangsa aya tatanggana, anu rada cukup, sidekah mulud, teu wudu
rada rongkah, maké meuncit domba naon-naon. Ondanganana ogé loba, malah aya
anu ti jauhna. Ari si Kabayan, anu sakitu deukeutna, imahna méh pahareup-hareup,
henteu kaogan, ku tina geus biasa téa. Tapi harita mah si Kabayan kacida nyeri
haténa, sabab moncongok teuing.
Sanggeus oganan-oganan kumpul kabéh si Kabayan geus poho dikaéra, tuluy
nyampeurkeun kanu keur sidekah téh bari ditaranjang, tapi henteu unggah, cicing
dipipir bari ngadeupaan lincar cara budak, pokna, “Sadeupa, dua deupa, tilu
deupa ....”
Ondangan-ondangan karagéteun pisan, malah sawaréhma aya nu rék lumpat,
marukan si Kabayan gélo.
Tidinya aya saurang anu ngomong, pokna, “Kabayan, naha kitu pepetaan, cara
budak baé.”
Wangsulna, “Wah, lamun kolot ogé meureun diogan.”
Nu boga imah éraeun naker, tuluy norojol bijil, bari ngomong ka si Kabayan,
pokna, “Kaditu heula, disamping, engké kadieu deui, milu ngariung; kapan tadi ogé
diogan.”
Jawabna, “Mangga atuh!”
KETENTUAN LOMBA “BULAN BAHASA 2021”
SMP ISLAM AL-AZHAR 20 TP.2021-2022
Di Sukabumi mah, salian ti aya délman aya nayor deuih. Nayor téh pakakas
akut nu dikenyed ku kuda. Nayor mah gilindingna leutik, pakakas diukna gé leutik
hareurin usik. Sirikna tuur jeung tuur pakétrok. Lamun diukna di jajaran katuhu malik
ka hareup, geus pasti diuk di jajaran kénca kudu malik ka tukang; kana panto-enya da
ngan nayor nu aya pantoan mah. Lamun teu kitu, moal asup, da suku pabeulit tuur
pacorok. Maenya kudu asup kana antara suku batur (paselup jeung palangkangan).
Jadi, naék nayor mah kudu silih élédan, silih éléhan. Rada béda jeung délman mah,
komo jeung kéréték mah. Laluasa diuk dina délman jeung kéréték mah.
Di Nagrak, nu kawéntar boga nayor téh Mang Bacun. Anjeunna boga nayor
jeung geus ngusiran ti taun 50-an. Harita can aya saéngan angkutan umum, aya wahon
gé taun 70-an, da biasa urang Nagrak mah sok leumpang baé ka kota (Cibadak) téh.
Tah bakating ku kahot-kahotna Kusir Bacun jeung nayorna. Teu sirikna geus
teu sieuneun ku jurig nyiliwuri sétan mindah rupa téh. Atuda harita mah nu ngaranna
Jelegong, Bungursarang, Santiong-ngaran wewengkon nu kaliwatan ti Nagrak ka
Cibadak téh iiihhh, tong dicatur. Ayeuna gé tangkal-tangkal mahoni masih rarajeg,
pakebonan pategalan masih tingjalembrung hara-haraeun. Sakapeung mah kotoplakna
kuda Mang Bacun jeung Mang Bacunna nu dianggap jurig téh bakating ku pantes
ngabandingan kaayaan harita.
Tapi aya carita lucu ngeunaan Mang Bacun jeung nayorna. Kieu caritana.
Sakali mangsa rebun-rebun Mang Bacun geus nepi ka Bungursarang. Lantaran
pelebah dinya poék pisan ku indung peuting nu masih kénéh kandel, Mang Bacun teu
ningalieun jalan koral saperti sasarina, padahal dibaturan ku lantéra ngentit. Geus kitu
baé deuih kuduna, nayorna ngagejlug tina tanjakan kana pudunan, teu katempoeun
aya Aki Kotok nu ngabengkot nanggung cau.
“Gejlug!”
“Gubrag!”
“Alah ieuuunnnggg!” Aki Kotok ngagorowok.
Tangtu baé Mang Bacun reuwaseun aya nu ngagorowok, keur mah eukeur
nayorna tiguling, bet aya nu katindihan deuih. Sanggeus sawatara lila ugal-ugil duaan
jeung papada kaciri beungeut, tungtungna mah duanana kapiasem tuluy patingarakey
bari ngawawaas kajadian tadi. Teu ditolih cau Aki Kotok nu pabalatak jeung
tanggunganana semplak mah. Ti harita Mang Bacun lamun ka pasar tara rebun-rebun
teuing lantaran sieun tiguling jeung nindihan jelema deui, kitu deui mun mulangna
tara wanci magrib, sok asaran baé, lantaran nyingkahan dianggap jurig ku jelema réa.
Ti harita ogé aya sisindiran nu kawentar ku kajadian éta. Kajadian tigulingna
nayor Mang Bacun nu ninggang Aki Kotok, jadi geuhgeuyan. Kieu sisindiranana téh:
Kéong racun dina piring
Tikotok dina palupuh
Mang Bacun anu tiguling
Aki Kotok anu ripuh.
(Chye Retty Isnendes, Habli Rohmat Hadid: Mama Lurah Sakti jeung Ki Mandahong)