You are on page 1of 9

KHUTBAH

JUDUL : HAKEKAT SARENG HIKMAH PUASA

DITULIS OLEH :

FATIR LUKMANUL HAKIM

KELAS : IX

MINHAJUT THALIBIN

SEKOLAH MENENGAH PERTAMA (SMP)

PUNGANGAN
‫ﺤِﺒِﻪ‬
ْ ‫ﺻ‬
َ ‫ﻋَﻠﻰ آِﻟِﻪ َو‬
َ ‫ َو‬،‫ن‬
َ ‫ﻋْﺪَﻧﺎ‬
َ ‫ﺳِّﻴِﺪ َوَﻟِﺪ‬
َ ‫ﺤَّﻤٍﺪ‬
َ ‫ﻋَﻠﻰ ُﻣ‬
َ ‫ﺴَﻠﺎُم‬
َّ ‫ﺼَﻠﺎُة َواﻟ‬
َّ ‫ َواﻟ‬،‫ن‬
ِ ‫ﻚ اﻟَّﺪَّﻳﺎ‬
ِ ‫ﺤْﻤُﺪ ﻟﻠِﻪ اْﻟَﻤِﻠ‬
َ ‫اﻟ‬

ِ ‫ﻋ‬
‫ﻦ‬ َ ‫ﻦـَّزُه‬
َ ‫ﻚ َﻟُﻪ اْﻟُﻤ‬
َ ‫ﺷِﺮْﻳ‬
َ ‫ﺣَﺪُه َﻟﺎ‬
ْ ‫ُ َو‬ ‫ن َّﻟﺎ ِإﻟَﻪ ِإَّﻟﺎ ﷲ‬
ْ ‫ﺷَﻬُﺪ َأ‬
ْ ‫ َوَأ‬،‫ﻋَﻠﻰ َﻣِّﺮ اﻟَّﺰَﻣﺎن‬
َ ‫َوَﺗﺎِﺑِﻌْﻴِﻪ‬

‫ﺧُﻠُﻘُﻪ‬
ُ ‫ن‬
َ ‫ي َﻛﺎ‬
ْ ‫ﺳْﻮُﻟُﻪ اَّﻟِﺬ‬
ُ ‫ﻋْﺒُﺪُه َوَر‬
َ ‫ﺤَّﻤًﺪا‬
َ ‫ﺳِّﻴَﺪَﻧﺎ ُﻣ‬
َ ‫ن‬
َّ ‫ﺷَﻬُﺪ َأ‬
ْ ‫ َوَأ‬،‫ن‬
ِ ‫ن َواْﻟَﻤَﻜﺎ‬
ِ ‫ﺠَﻬِﺔ َواﻟَّﺰَﻣﺎ‬
ِ ‫ﺴِﻤَّﻴِﺔ َواْﻟ‬
ْ ‫ﺠ‬
ِ ‫اْﻟ‬

‫ﻞ ِﻓﻲ‬
ِ ‫ اْﻟَﻘﺎِﺋ‬،‫ن‬
ِ ‫ِ اﻟَﻤَّﻨﺎ‬ ‫ﺴﻲ ِﺑَﺘْﻘَﻮى ﷲ‬
ِ ‫ﻢ َوَﻧْﻔ‬
ْ ‫ﺻْﻴُﻜ‬
ِ ‫ َﻓﺈِّﻧﻲ ُأْو‬،‫ﻦ‬
ِ ‫ﺣٰﻤ‬
ْ ‫ﻋَﺒﺎَد اﻟَّﺮ‬
ِ ‫ َﻓَﻴﺎ‬،‫ن َأَّﻣﺎ َﺑْﻌُﺪ‬
َ ‫اْﻟُﻘْﺮآ‬

َّ ‫ﺣ‬
‫ﻖ‬ َ َ ‫ﻦ آَﻣُﻨْﻮا اَّﺗُﻘﻮا ﷲ‬
َ ‫ َﻳﺎَأّﻳَﻬﺎ اّﻟَﺬْﻳ‬،‫ﻢ‬
ِ ‫ﺟْﻴ‬
ِ ‫ن اﻟَّﺮ‬
ِ ‫ﻄﺎ‬
َ ‫ﺸْﻴ‬
َّ ‫ﻦ اﻟ‬
َ ‫ِ ِﻣ‬ ‫بﷲ‬
ِ ‫ﻋْﻮُذ‬
ُ ‫ َأ‬:‫ن‬
ِ ‫ِﻛَﺘﺎِﺑِﻪ اْﻟُﻘْﺮآ‬

‫ﺼَﻴﺎُم َﻛَﻤﺎ‬
ِّ ‫ﻢ اﻟ‬
ُ ‫ﻋَﻠْﻴُﻜ‬
َ ‫ﺐ‬
َ ‫ﻦ ٰاَﻣُﻨْﻮا ُﻛِﺘ‬
َ ‫ل ٰﻳَﺎُّﻳَﻬﺎ اَّﻟِﺬْﻳ‬
َ ‫ َوَﻗا‬،‫ن‬
َ ‫ﺴِﻠُﻤْﻮ‬
ْ ‫ﻢ ُﻣ‬
ْ ‫ﻦ ِإَّﻟﺎ َوَأْﻧُﺘ‬
ّ ‫َ َﺗُﻤْﻮُﺗ‬ ‫ُﺗَﻘﺎِﺗِﻪ َوﻻ‬

‫ن ﺻﺪق ﷲ اﻟﻌﻈﻴﻢ‬
َ ‫ﻢ َﺗَّﺘُﻘْﻮ‬
ْ ‫ﻢ َﻟَﻌَّﻠُﻜ‬
ْ ‫ﻦ َﻗْﺒِﻠُﻜ‬
ْ ‫ﻦ ِﻣ‬
َ ‫ﻋَﻠﻰ اَّﻟِﺬْﻳ‬
َ ‫ﺐ‬
َ ‫ُﻛِﺘ‬

Sidang Jumah anu mulya, Puji sareng syukur anu utami hayu urang

panjatkeun ka Alloh Robbul Izzati. Solawat sareng salam anu sajati

mugia tetep dilimpahkeun ka pamingpin para nabi, yakne Kangjeng

Nabi Muhammad saw.

Alhamdulillah urang sadaya parantos dugi kana bulan anu dianti-anti,

nyaeta bulan Suci Romadon. Mugi-mugi lebetna urang kana bulan

suci ieu sing disarengan ku rohmat sareng magfiroh Alloh swt.,

kalayan taufik sareng hidayah-Na, sahingga urang sadayana tiasa

leres-leres ngalebetan bulan suci ieu ku pirang-pirang amaliah ibadah

wajib sinareng sunahna anu matak nganteurkeun urang kana rido

Mantenna. Amin ya robbal alamin.

Hadirin anu mulya, Teu hilap, sateu acan ngadugikeun ieu khutbah,

khatib umajak ka sadayana sidang jumah, hayu urang sami-sami

ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Nu Maha Kawasa.


Katambih, hikmah tina ibadah puasa anu ku urang sadayana

dijalankannya teh, teu aya sanes salah sawiosna keur ngahontal

darajat takwa. Takwa anu hartos ngawaro ka parentah Gusti Alloh,

sieun ku peringatan Gusti Alloh, ati-ati dina sagala laku-lampah bisi

nyorang perkara anu matak dibendu ku Gusti Alloh.

Hadirin sadayana, Tiap manusa pasti ngabogaan hawa nafsu. Jeung

ari hakekat puasa nyaeta ngendalikeun hawa nafsu, lain maehan

hawa nafsu. Cohagna, ngendalikeun hawa nafsu eta konci utama

dina ibadah puasa. Di antarana nafsu anu tilu, nyaeta nafsu

muthma’innah, lawwamah, jeung ammarah.

Nafsu muthma’innah nyaeta nafsu anu ngajak kana syukur nalika

urang meunang ni’mat, jeung ngajak sabar nalika urang dipaparin

cocoba. Nafsu lawwamah nyaeta nafsu anu nyalahkeun urang nalika

migawe salah jeung dosa. Teras nafsu ammarah nyaeta nafsu anu

sok marentah urang kana migawe goreng.

Tegesna, eta sadayana nafsu teh, terutama nafsu amarah, kedah

dikendalikeun ku urang, sanes justru urang anu dikendalikeun nafsu.

Sabab hiji waktu mah urang butuh ku nafsu, contona nafsu barang

dahar supaya jadi sabab kuatna awak urang, nafsu syahwat kanu

janten bojo urang supaya jadi sabab lahirna turunan urang, jeung

sajabana.

Tah ibadah puasa teh jadi salah sahiji cara keur urang ngendalikeun
hawa nafsu. Nafsu nu awalna bisa dicumponan kahayangna nalika di

luar bulan puasa, dina bulan puasa mah wayahna ditahan heula.

Contona nafsu barang dahar ti beurang, jeung nafsu jimak jeung

bojo urang. Jeung nalika dicumponannana oge ulah dianteur

sakahayangna. Sabab urang teh puasa tea. Puasa hartina nahan

perkara anu asalna halal dipigawe ti beurang, komo lamun anu teu

halal mah. Lewih ti batas mah lain meunang kautamaan, tapi malah

meunang karugian.

Sidang Jumah anu mulya, Sanes kanten ti eta, puasa urang teh ulah

ngan sabatas nahan lapar padaharan jeung syahwat rarangan

hungkul, tapi kudu ditingkatkeun jeung puasa anggota tubuh anu

sanesna. Ngajauhan perkara anu matak ngabatalkeun ibadah puasa

oge pahala ibadah puasa.

Kalolobaannana urang karek tiasa ningalkeun perkara anu

ngabatalkeun puasa. Karek bisa nahan haus jeung lapar saur

Kangjeng Nabi tea mah, tapi hikmah jeung faedah puasa anu

saenyana teu acan kapibanda. Kitu pisan dina pidawuhna:

‫ﻄﺶ‬
ْ ‫ع َواﻟَﻌ‬
ُ ‫ﺠﻮ‬
ُ ‫ﺻَﻴﺎِﻣِﻪ ِإَّﻟﺎ اْﻟ‬
ِ ‫ﻦ‬
ْ ‫ﺲ َﻟُﻪ ِﻣ‬
َ ‫ﻢ َﻟْﻴ‬
ٍ ‫ﺻﺎِﺋ‬
َ ‫ﻦ‬
ْ ‫ﻢ ِﻣ‬
ْ ‫َﻛ‬

Hartosna, “Seueur pisan jalmi anu puasa, tapi teu kenging bagean

nanaon kecuali rasa lapar sareng haus.” (HR. Ahmad)

Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami tingkatkeun puasa urang

sadayana. Lain ukur puasa padaharan jeung syahwat urang, tapi


puasa jeung anggota badan anu sanesna, saperti lisan puasa tina

ngagibah, soca puasa tina ningal perkara anu teu halal, kuping puasa

tina ngupingkeun perkara anu teu bermakna, panangan puasa tina

midamel perkara anu dilarang, sampean puasa tina ngalengkah anu

teu dipikarido pangeran, sareng sajabina. Sabab, pidawuh Kangjeng

Rosul, moal ditarima puasa jalmi anu tetep teu ninggalkeun

pagawaean gorengna.

‫ﺷَﺮاَﺑﻪ‬
َ ‫ع ﻃَﻌﺎَﻣﻪ و‬
َ ‫ن َﻳَﺪ‬
ْ ‫ﺟٌﺔ ِﻓﻲ َأ‬
َ ‫ﺣﺎ‬
َ ‫ﺲ ﻟﻠِﻪ‬
َ ‫ﻞ ﺑِﻪ َﻓَﻠْﻴ‬
َ ‫ل اﻟُّﺰْوِر واﻟَﻌَﻤ‬
َ ‫ع َﻗْﻮ‬
ْ ‫ﻢ َﻳَﺪ‬
ْ ‫ﻦ َﻟ‬
ْ ‫َﻣ‬

Artinya, “Saha jalma anu teu ninggalkeun cariosan jeung padamelan

dosa, maka Alloh moal narima puasana,” (HR al Bukhari).

Eta puasa teh neme kagolong puasa pancadria jeung anggota zohir.

Kalih ti eta, urang sadayana kedah ningkat deuih tina puasa zohir

kana puasa batin. Hartina, nahan jeung ngendalikeun galecokna hate

tina rupa-rupa gerentes jeung kayakinan anu teu hade, saperti syirik

alias midua pangeran, goreng sangka, pinuh ku kangewa, dendam,

dengki, ujub, takabur, jeung sajabana.

Anggur mah, pinuhan hate urang ku rupi-rupi zikir jeung eling ka

Alloh swt. Sabab, yakin eta pisan anu leuwih ngadeukeutkeun urang

sareng Mantenna, saatosna urang diajar nurutan salah sawios

sifatna, nyaeta teu tuang teu leueut. Walhasil, puasa teh cara

manusia nahan hawa nafsuna jeung nurutan sifat Pangerannana

supaya leuwih deukeut jeung Mantenna.


Hadirin kaom Muslimin anu dimulyakeun ku Alloh, Ku hal sakitu, para

ulama tasawuf, salah sawiosna Imam al-Ghazali, ngabagi puasa teh

janten tilu tingkatan. Kahiji puasa umum, kadua puasa khusus, katilu

puasa paling khusus. Puasa umum nyaeta puasa anu tiba ukur

nahan kahayang padaharan jeung rarangan. Salajengna puasa

khusus nyaeta puasa nahan anggota badan zohir sapertos panon,

cepil, lisan, panangan, sampean, jeung anggota badan sanesna tina

pagawean-pagawean dosa. Terakhir puasa paling khusus nyaeta

puasa hate tina patekadan, sifat, jeung pikiran anu goreng, kaasup

pikiran anu sifatna duniawi sareng salian ti Alloh. Tingkatan anu

terakhir biasana tingkatan para nabi, para shidiqin, sareng

muqorrobin. Nanging sanes mustahil urang sadayana oge tiasa

diajar kanggo ngahontal tingkatan puasa anu paling khusus eta,

ngalangkungan mujahadah anu saleres-leresna.

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumulloh, Salajengna, kanggo ngiatkeun

sumanget urang sadayana dina ngajalankeun ibadah puasa, kacida

saena urang uninga kana hikmah-hikmahna puasa. Salah sawiosna

anu parantos disinggung di luhur, nyaeta ngahontal darajat takwa.

Biasana nalika urang puasa urang teu wantun midamel perkara anu

ngabatalkeun puasa sanaos teu aya batur. Tah dina sagala laku

lampah teh urang sapapaosna kedah kitu. Kedah ngaraos

disaksikeun jeung diawaskeun ku Alloh. Kedah sieun midamel anu

matak ngondang bebendu Alloh. Lamun urang atos takwa insya


Alloh, urang gaduh bekel anu pangsae-saena dina mayunan

kahirupan akherat, sakumaha pidawuh Alloh.

‫ﺧْﻴَﺮ اﻟَّﺰاِد اﻟَّﺘْﻘَﻮى‬


َ ‫ن‬
َّ ‫َوَﺗَﺰَّوُدوا َﻓِﺈ‬

Hartosna, “Aranjeun kudu bebekelan. Mung, saenya-enyana bekel anu

paling alus nyaeta takwa.” (QS. al-Baqoroh [2]: 197).

Sedengkeun jalmi anu takwa tos dijangjikeun ku Alloh ngengingkeun

magfiroh sareng surga-Na. Matak urang kedah buru-buru dina

ngahasilkeunnana, sakumaha dina Al-Quran.

َ ‫ت ِﻟْﻠُﻤَّﺘِﻘﻴ‬
‫ﻦ‬ ْ ‫ﻋَّﺪ‬
ِ ‫ض ُأ‬
ُ ‫ت َواْﻟَﺄْر‬
ُ ‫ﺴﻤﺎوا‬
َّ ‫ﺿَﻬﺎ اﻟ‬
ُ ‫ﻋْﺮ‬
َ ‫ﺟَّﻨٍﺔ‬
َ ‫ﻢ َو‬
ْ ‫ﻦ َرِّﺑُﻜ‬
ْ ‫ﻋﻮا ِإﻟﻰ َﻣْﻐِﻔَﺮٍة ِﻣ‬
ُ ‫َوﺳﺎِر‬

Hartosna, “Kudu gagancangan aranjeun muru ampunan ti pangeran

aranjeun sareng surga, anu legana salega langit jeung bumi, oge (eta

surga teh) disadiakeun keur jalma-jalma anu takwa,” QS. Ali Imron [3]:

133).

Oge seueur-seueur pisan hikmah anu sanesna, nanging rupina moal

tiasa kadugikeun sadayana dina waktos ieu. Di antawisna hikmahna

teh nyaketkeun diri urang ka Nu Maha Kawasa, diajar ngaraoskeun

lapar sareng hausna jalmi fakir sareng sagala kakirangan anu aya di

sabudeureun urang, ngajagi kasehatan jasmani, latihan ngeker hawa

nafsu anu matak nyilakakeun urang, ngajernihkeun nenangkeun hate

jeung pikiran, sareng sajabina.

Mudah-mudahan ngalangkungan khutbah anu singkat ieu, urang


‫‪sadayana sing tiasa leres-leres ngajalankeun ibadah puasa kalayan‬‬

‫‪ngengingkeun hikmah sareng fadilahna. Amin ya robbal alamin.‬‬

‫ت َواﻟِّﺬْﻛِﺮ‬
‫ﻦ ْاﻵَﻳﺎ ِ‬
‫ﻢ ِﺑَﻤﺎ ِﻓْﻴِﻪ ِﻣ َ‬
‫ﻲ َوِإَّﻳﺎُﻛ ْ‬
‫ﻢ‪َ ،‬وَﻧَﻔَﻌِﻨ ْ‬
‫ﻈْﻴ ِ‬
‫ن اْﻟَﻌ ِ‬
‫ﻢ ِﻓﻲ اْﻟُﻘْﺮآ ِ‬
‫ﻲ َوَﻟُﻜ ْ‬
‫ُ ِﻟ ْ‬ ‫كﷲ‬
‫َﺑﺎَر َ‬

‫ﻫَﺬا‬
‫ﻲ َ‬
‫ل َﻗْﻮِﻟ ْ‬
‫ﻢ‪َ ،‬أُﻗْﻮ ُ‬
‫ﺴِﻤْﻴُﻊ اْﻟَﻌِﻠْﻴ ُ‬
‫ﻫَﻮ اﻟ َّ‬
‫ﻢ ِﺗﻻ ََوَﺗُﻪ‪ِ ،‬إَّﻧُﻪ ُ‬
‫ﻲ َوِﻣْﻨُﻜ ْ‬
‫ُ ِﻣِّﻨ ْ‬ ‫ﻞﷲ‬
‫ﻢ‪َ ،‬وَﺗَﻘَﺒ َّ‬
‫ﺤِﻜْﻴ ِ‬
‫اْﻟ َ‬

‫ﻫَﻮ اْﻟَﻐُﻔْﻮُر‬
‫ﺳَﺘْﻐِﻔُﺮْوُه ِإّﻧُﻪ ُ‬
‫ت َﻓﺎ ْ‬
‫ﺴِﻠَﻤﺎ ِ‬
‫ﻦ َواْﻟُﻤ ْ‬
‫ﺴِﻠِﻤْﻴ َ‬
‫ﺴﺎِﺋِﺮ اْﻟُﻤ ْ‬
‫ﻢ َوِﻟ َ‬
‫ﻲ َوَﻟُﻜ ْ‬
‫ﻢ ِﻟ ْ‬
‫ﻈْﻴ َ‬
‫َ اْﻟَﻌ ِ‬ ‫ﺳَﺘْﻐِﻔُﺮ ﷲ‬
‫َوَأ ْ‬

‫ﺣْﻴ ِ‬
‫ﻢ‬ ‫اﻟّﺮ ِ‬

You might also like