You are on page 1of 7

MAKALAH

BUDAYA SUNDA
(Kadaharan Khas Sunda)

Di susun ku:
Kelompok :5 (Lima)
Wasta :Muhammad Irfan Nasrullah

PROGRAM STUDI TEKNIK MESIN


FAKULTAS TEKNIK
UNIVERSITAS PASUNDAN
BANDUNG
2019
PANGJAJAP
Langkung tipayun urang munajat ka Allah SWT. Ngucapkeun
syukur Alhamdulillah kusabab gusti Allah nu parantos maparinan
nikmat anu seueur ngajungjung urang dina kaayaan sehat wal afiat.
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan tina ngarengsekeun ieu
makalah anu dijudulan “Kadaharan Khas Sunda” enggoning pikeun
ngalaksanakeun tugas Budaya Sunda anu kalebet mata kuliah dasar.
Pamungkas, mugia makalah ieu aya mangpaatna kanggo urang
sadayana. Tangtu wae rea keneh kahengkeran ieu makalah teh.
Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu makalah
pohara dianti-atina. Dina deugeut ieu simkuring hapunteun, mugi
jembar kana samudya kalepatan sareng kaluputan, hatur nuhun.

Bandung, Oktober 2019

Panyusun
DAFTAR EUSI

PANGJAJAP
DAFTAR EUSI
BAB I BUBUKA
A. Latar Belakang
B. Watesan Masalah
C. Maksad jeung Tujuan
BAB II EUSI
A. Sajarah Kadaharan
B. Cara Ngadamel
C. Khasiat
BAB III PANUTUP
A. Kacindekan
B. Saran
DAFTAR PUSTAKA
DOKUMENTASI
BAB I
BUBUKA
A. Latar Belakang
Masarakat Indonesia mangrupa hiji masarakat majemuk anu
ngabogaan keanekaragaman dina sagala rupa aspek kahirupan. Bukti
nyata ayana kemajemukan di jero masarakat urang kasampak dina rupa-
rupana kabudayaan di Indonesia. Minangka salah sahiji suku bangsa di
Indonesia, suku Sunda anu ngabogaan karakteristik anu ngabedakeun
manehna kalawan suku sejen dina kadaharan masakanana.
Masakan khas Jawa Barat jaman baheula nyatana miboga rasa lada
nu kuat. Kulantaran tiap-tiap masakan sayur atawa daging olahan,
sababaraha kokolot zaman baheula boga kabiasaan make cabe atawa
cengek kanggo sambarana. Lamun teu ngagunakeun sambara lada,
pastina aya sambel nu disajikeun babarengan jeung lalaban sayuran.
Ciri khas lain dina masakan khas Sunda nyaeta kreatif
ngamangpaatkeun bahan-bahan dasar anu kalobaan jalma nganggep teu
mangpaat. Misalna tumis genjer anu bahan dasarna tina tutuwuhan
gulma dina sela-sela tangkal pare, sayur kadedemes atawa kulit sampeu
nu sering dianggap racun, goring impun garing nu dimasak tina lauk-
lauk leutik nu hirup liar dina walungan cai ngalir, atawa tutut, hama
keong nu hirup ti sawah.
Di masakan cumi hideung, warna hideungna asalna tina tinta cumi
nu ngahaja teu dipiceun. Oge sambel goring ati sapi atawa asakan bahan
jeroan sapi jeung hayam. Ciri khas masakan Sunda mangrupakeun
wujud kekayaan budaya anu kudu dimumule. Malah sakuduna
dilindungi jeung diperlakukeun sakumaha banda cagar budaya.

B. Watesan Masalah

1. Naon wae katuangan khas wewengkon Jawa Barat?


2. Kumaha sajarah katuangan khas Jawa Barat?
3. Kumaha cara pengolahan katuangan khas Jawa Barat?
C. Maksad jeung Tujuan

Maksad tina dijieunna ieu makalah teh nyaeta pikeun nganyahokeun


leeuteun khas Sunda. Tujuan tina nyieun karya ilmiah ieu nyaeta:

1. Pikeun mikawanoh masakan khas budaya Sunda.


2. Pikeun ngabewarakeun naon unsur-unsur nu aya dina masakan
khas budaya Sunda.
3. Pikeun ngabewarakeun kumaha cara jeung resepna dina
ngadamel masakan khas budaya Sunda.
4. Mangrupa bukti nyata usaha urang sarerea ngamumule ciri khas
budaya Sunda dina bentuk masakan atanapi inumanana.
BAB II
EUSI
A. Sajarah Kadaharan
Dina ieu makalah bade dijelaskeun sajarah kumaha asal mula na
kadaharan khas Jawa Barat tiasa dugi ka waktos ayeuna.
Peuyeum

B. Cara Ngadamel
C. Khasiat
https://www.sarihusada.co.id/Nutrisi-Untuk-Bangsa/Aktivitas/Jelajah-
Gizi/Peuyeum-Bandung-Makanan-Populer-dari-Provinsi-Jawa-Barat

https://santripreneur.or.id/portfolio-item/peuyeum-bandung-kuliner-khas-
jawa-barat/

https://su.wikipedia.org/wiki/Peuyeum

http://www.apasih.web.id/7-khasiat-peuyeum-bandung-bagi-kesehatan-dan-
kecantikan-358.html
BAB III
PANUTUP
A. Kacindekan

B. Saran

You might also like