You are on page 1of 2

HAKEKAT, SYARE`AT JEUNG ADAB

ِ ِ ِ ِ ِ
َ‫ اَ ْش َه ُد اَ ْن اَّل الَه‬. ‫اَحْلَ ْم ُد هلل الَّذ ْى اَْر َس َل َر ُس ْولَهُ بِاهْلَُدى َوديْ ِن احْلَ ِّق ليُظْ ِه َرهُ َعلَى الدِّيْ ِن ُكلِّه َولَ ْو َك ِر َه الْ ُم ْش ِر ُك ْو َن‬
‫ص ِّل َو َس لِّ ْم َعلَى َس يِّ ِدنَا‬ ِ ِ ِ ‫ و اَ ْش ه ُد اَ َّن حُم َّم ًدا عب ُده ورسوهُل‬. ِ‫اِاَّل اهلل الْملِك احْل ُّق الْمب‬
َ ‫اَللَّ ُه َّم‬. ُ ‫ص اد ُق الْ َو ْع د اَأْلمنْي‬ َ ُ ْ ُ َ َ ُ َْ َ َ َ ُ ‫ُ َ ُ َ ُ نْي‬
‫ اََّما َب ْع ُد َفيَ ا‬. ‫ص اَل ةً َّو َس اَل ًما َداِئ َمنْي ِ ُمتَاَل ِز َمنْي ِ اِىَل َي ْوِم ال دِّيْ ِن‬ ِ ِ
َ َ ‫ص َحابِه اَمْج َعنْي‬
ِِ ِ ٍِ
ْ َ‫حُمَ َّمد ا َم ِام الْ ُمتَّقنْي َ َو َعلَى ءَال ه َو ا‬
‫ص ابَ ُك ْم ِم ْن‬ ِ َّ ‫ان‬ ِ َ‫اهلل ِمن الشَّيط‬ ِ ِ ِ ِِ ِِ ِ
َ َ‫ َو َم ا ا‬: ‫الرجْي ِم‬ ْ َ ِ‫ اَعُ ْوذُ ب‬. ‫عبَ َاد اهلل اَّت ُق ْوا اهللَ َح َّق ُت َقاته َو اّل مَتُْوتُ َّن ااَّل َو اَْنتُ ْم ُم ْسل ُم ْو َن‬
ٍ‫ت اَيْ ِديْ ُك ْم و َي ْع ُف ْوا َع ْن َكثِرْي‬ ٍ ِ ‫ُّم‬
ْ َ‫صْيبَة فَبِ َما َك َسب‬
َ
"Jeung saniskara anu tumiba ka aranjeun ti antara balai teh, nya saestuna alatan leungeun aranjeun, jeung
Anjeunna maparin panghampura tina sabagian gede {kasalahan-kasalahan}". { QS. Asy-syuro: 30 }.

Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !


Dina raraga mernahkeun hate sareng polah urang sadaya, Gusti Allah parantos ngatur ku jalan
nempatkeun hakekat, syare`at sareng adab. Urang sadaya sebagei makhlukna kedah tiasa mernahkeunana
sakumaha panempatan ti Gusti Allah, margi upami henteu sapagodos sareng panempatan ti Gusti Allah
tangtos bakal cilaka, sasar sareng bakal keuna ku tipuan syetan.
1. Ari hakekat eta masalah hate, nyaeta wajib ngimankeun oge ngayakinkeun yen sadaya kajadian anu
tumiba kadiri atanapi kabatur, anu sae atanapi anu awon eta sadayana ti Gusti Allah, katangtosan ti
Mantenna. Pidawuh Anu Mahasa Suci :
ِ ‫صيبنَا اِاَّل ما َكتَب اهلل لَنَا هو مواَل نَا وعلَى‬
‫اهلل َف ْليََت َو َّك ِل الْ ُمْؤ ِمُن ْو َن‬ ِ
َ َ َْ َُ ُ َ َ َْ ُّ‫قُ ْل لَ ْن ي‬
" Pok caritakeun : ' Moal aya anu tumiba ka urang sarerea salian ti saniskara anu geus dipastikeun ku
Alloh ka urang sarerea. Nya Anjeunna anu nangtayungan urang sarerea jeung nya ka Alloh kuduna jalma-
jalma mu`min tawekal ". { QS. At-Taubah, ayat 51 }.
2. Syare`at nyaeta lampahkeuneun, maksadna padamelan badan sakujur, alias mun teu ngakal moal
ngakeul, mun teu ngoprek moal nyapek. Manusa kedah usaha kalawan ngerahkeun sagala kamampuhan
anu aya, hasil henteuna kumaha kaparigelan dirina, hade goreng, untung sareng rugi eta kumaha usahana
nyalira. Pidawuh Gusti Allah :
‫ت‬
ْ َ‫ت َو َعلَْي َها َما ا ْكتَ َسب‬
ْ َ‫هَلَا َما َك َسب‬
" Manehna baris meunang ganjaran tina saniskara anu diusahakeunana jeung manehna baris meunang
siksaan tina saniskara anu diusahakeunana ". { QS. Al-Baqoroh, ayat 286 }.

Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !


Gusti Allah parantos maparin alat sareng jalan kanggo narekahan nyaeta ku dipasihan akal. Ieu akal tiasa
milari tarekah sareng jalan mana anu kedah dipilampah sareng mana anu ulah. Akal tiasa merhetangkeun
untung sareng rugi, akal tiasa nimbang-nimbang hade sareng goreng, leres sareng lepat.

Antawis hakekat sareng syare`at teu kenging beurat sabeulah, komo upami pagentos nempatkeun. Anu
kedahna ditekadkeun kalah janten lampah atanapi anu kedahna dilampahkeun kalah janten tekad.
Sapertos jalmi teu hoyong ihtiar atanapi kirang sumanget dina ngaihtiaran pimilikeun sareng rezeki
kumargi ngandelkeun kayakinan yen urusan milik, rezeki, bagja cilaka urusan Allah, tos puguh
takeranana, tos aya dina panguninga Allah, teu kedah cape-cape toh-tohan milari, da ari sanes bageanana
mah moal hasil masing kalah kumaha bae oge, tapi najan cicing ari tos bageanana mah teu burung datang
sorangan. Numutkeun ulama tauhid, tekad jalmi anu sapertos kitu disebat tekad kafir jabbariyyah.
Atanapi jalmi toh-tohan, sumanget dina milari pimilikeun sareng rezeki kumargi dibarengan ku
kayakinan yen Gusti Allah mah sakadar nyayogikeun pimilikeun sareng pirezekieun, Gusti Allah teu
turut campur ngatur, jadi hasil sareng henteuna kumaha kadaek sareng usaha manusa. Numutkeun ulama
tauhid, tekad jalmi anu sapertos ieu disebat tekad kafir qodariyyah.
3. Adab, nyaeta tatakrama dina nyarios sareng kasopanan dina cariosan. Upami urang kenging kasaean
sapertos kenging pituduh, kenging bati tina dagang, maka kedah dibalikeun ka Gusti Allah. Upami
kenging musibah sapertos janten jalmi tukang ma`siyat, dagang bangkrut, tatanen ku hama, maka
pulangkeun kadiri nyalira yen eta teh tina margi kalepatan sareng kakirangan nyalira. Dawuh Gusti Allah
SWT dina QS. An-Nisa: 79 anu pihartoseunana: " Saniskara kahadean anu tumiba ka anjeun, eta teh ti
Allah, jeung saniskara kagorengan anu tumiba ka anjeun, eta mah ti diri anjeun".
‫‪Aya pari paos, ulah sok ngakukeun pagawean batur jeung ulah sok neumbleuhkeun kasalahan ka batur,‬‬
‫‪dina hartos upami kenging nugraha atanapi ni`mat teu kenging di angken hasil kamampuan nyalira da eta‬‬
‫‪mah pamasihan ti Gusti Allah, upami kenging musibah teu kenging ngalepatkeun ka batur, tapi kedah‬‬
‫‪ngoreksi kadiri nyalira.‬‬
‫‪Mugi-mugi urang sadaya kelebet jalmi-jalmi anu tiasa mernahkeun antawis hakekat, syare`at sareng adab‬‬
‫‪sangkan hirup aya dina pangampura sareng rido Allah SWT !.‬‬

‫الس ِمْي ُع الْ َعلِْي ُم‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ مِب ِ ِ ِ‬


‫الذ ْك ِر احْلَ ِكْي ِم َو َت َقبَّ َل ِميِّن ْ َو ِمْن ُك ْم تِاَل َوتَهُ انَّهُ ُه َو َّ‬
‫ات و ِّ‬ ‫ِ ِ‬ ‫ىِف‬
‫بَ َار َك اهللُ يِل ْ َو لَ ُك ْم الْ ُق ْرآن الْ َعظْي ِم َونَ َف َعيِن ْ َو ايَّا ُك ْم َا فْيه م َن ااْل يَ َ‬
‫‪Khutbah Kadua‬‬

‫ك لَهُ َو اَ ْش َه ُد اَ َّن َس يِّ َدنَا َونَبَِّينَ ا‬ ‫ِ ِ‬ ‫ِ‬ ‫اَحْلَ ْم ُد هلل الَّ ِذ ْي اََمَرنَا بِ َّ‬
‫ض َاه ‪ .‬اَ ْش َه ُد اَ ْن اَّل الَهَ ااَّل اهللُ َو ْح َدهُ اَل َش ِريْ َ‬‫الت ْق َوى لَنْي ِل ِر َ‬
‫ص َحابِِه َو َم ْن تَبِ َع ُه ْم اِىَل َي ْوِم الْ ِقيَ َام ِة ‪ .‬اََّما‬ ‫ِِ‬ ‫ٍ‬ ‫ِ‬
‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َعلَى َس يِّدنَا حُمَ َّمد َو َعلَى ءَال ه َواَ ْ‬ ‫حُمَ َّم ًدا َعْب ُدهُ َو َر ُس ْولُهُ ‪ .‬اَللَّ ُه َّم َ‬
‫ِِ‬ ‫ِ ِ‬ ‫ِ ِ ِِ‬ ‫اهلل اَِّت ُق وا اهلل بِامتِثَ ِال اَو ِام ِر ِه واجتِنَ ِ ِ ِ‬ ‫بع ُد َفي ا ِعب اد ِ‬
‫اب َن َواهْي ه ‪ .‬اَللَّ ُه َّم ا ْغف ْر ل ْل ُم ْس لمنْي َ َوالْ ُم ْس ل َمات َوالْ ُم ْؤ مننْي َ‬ ‫َ ْ‬ ‫َ‬ ‫ْ َ ْ‬ ‫َْ َ َ َ‬
‫اب‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫َّك اَنْت َّ ِ‬ ‫ِ ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِِ‬ ‫ِ ِ‬
‫ت الت ََّّو ُ‬ ‫َّك اَنْ َ‬
‫ب َعلَْينَ ا ان َ‬ ‫الس مْي ُع الْ َعلْي ُم َو تُ ْ‬ ‫َألم َوات َربَّنَ ا َت َقبَّ ْل منَّا ان َ َ‬ ‫َألحيَ اء مْن ُه ْم َو اْ ْ‬ ‫َوالْ ُمْؤ منَ ات اْ ْ‬
‫ِ‬
‫ك يَا‬ ‫اَأْلبَرا ِر بَِرمْح َتِ َ‬ ‫ِ‬
‫اب النَا ِر ‪َ .‬و اَ ْدخ ْلنَا اجْلَنَّةَ َم َع ْ‬
‫ِ‬
‫الد ْنيَا َح َسنَةً َّو ىِف ْالءَاخَر ِة َح َسنَةً َّو قنَا َع َذ َ‬ ‫الر ِحْي ُم َربَّنَا ءَاتِنَا ىِف ُّ‬‫َّ‬
‫ب الْ َعالَ ِمنْي َ ‪.‬عباداهلل‪ ,‬اناهلل يعمر بالعدل والحسان وأيتاءذلقرب وينها عن الفحشاء‬ ‫الرامِحِ نْي َ َواحْلَ ْم ُد هلل َر ِّ‬‫اَْر َح َم َ‬
‫واملنكر والبغ يعدكم لعلكم تتكون ولذكراهلل اكرب‪.‬‬

You might also like