You are on page 1of 4

KHUTBAH SAMAGAHA BULAN

Dinten Rebo Ba’da Magrib 26 Mei 2021


Ku: *H.Andris Fajar Aziz*
(Khodimul Ma’had Assaidiyyah Gajahmekar Kab.Bandung)
MWC NU Kec.Kutawaringin,Waketum Da’i Kamtibmas Polresta Bandung

ِ ْ َ‫ٱلش ْمس َوٱلَْق َم َر َدائِب‬ ِ


َ ‫ْي َو َسخ ََّر لَ ُك ُم ٱلَّْي َل َوٱلن‬
.‫َّه َار‬ ْ ‫اَ ْْلَ ْم ُد هلل الَّذ‬
َ َّ ‫ي َو َسخ ََّر لَ ُك ُم‬
‫ َوأَ ْش َه ُد أَ ّن َسيِّ َد ََن َونَبِيَّ نَا ُُمَ َّم ًدا‬،‫الل َواإل ْكرام‬ ِ َ‫ ذُو اْجل‬،‫أَ ْش َه ُد أَ ْن ََل اِلَهَ إََِّل هللا َو ْح َدهُ َل َش ِريك لَه‬
،‫َع ْب ُدهُ َو َرسولُه‬
،‫سان َإَل يَ ْوِم ال ِّدين‬
ِ ‫عْي ِِب ْح‬ ِ ْ ‫اللّه َّم ص ِل و سلِّم واب ِر ْك َعلَى سيِ ِدَن ُُمَم ٍد و َعلَى اَلِ ِه و‬
َ ِ‫أصحابِه َوالتَّاب‬ َ ّ َّ َْ َ َّ ُ
ِ ِ
ِ ِ َ َ‫هللا وط‬ ِ ِ
ُ ‫اعته ل ََعلَّ ُك ْم تُ ْفل‬
،‫ح ْو َن‬ َ ‫ أ ُْوص ْي ُك ْم َو نَ ْفس ْي بِتَ ْق َوى‬،‫ فَ يَايُّ َها اْ ِإل ْخ َوان‬:‫أ ََّما بَ ْع ُد‬
:‫الر ِح ْي ِم‬ ِ َ‫الر ْْح‬
َّ ‫ان‬ ِ ‫ بِس ِم‬،‫الر ِجي ِم‬
َّ ‫هللا‬ ْ ْ َّ ‫الش ْيطَان‬
ِ َّ ‫هلل ِمن‬ ِ ِ
َ ‫ أَعُ ْوذُ ِاب‬:‫ال هللاُ تَعاَ ََل ِِف اْل ُق ْرآن اْل َك ِر ِْْي‬ َ َ‫ق‬
َِِّ ‫س وََل لِلْ َقم ِر وٱسج ُدوا‬
‫لِل ٱلَّ ِذى‬ َّ ِ‫ج ُدوا ل‬ َّ‫َوِم ْن َءايََٰتِ ِه ٱل‬
ُْ َ َ َ ِ ‫لش ْم‬ ُ ‫ ََل تَ ْس‬،‫س َوٱلَْق َم ُر‬ُ ‫م‬ْ َّ
‫ٱلش‬‫و‬َ ‫ار‬
ُ ‫َّه‬
َ ‫ٱلن‬ ‫و‬َ ‫ل‬
ُ ‫ي‬
ْ
‫َخلَ َق ُه َّن إِن ُكنتُ ْم إِ ََّّيهُ تَ ْعبُ ُدون‬

Hadirin Jamaah Sholat samagaha Rohimakumulloh !


Mangga urang sami-sami munajat, kalayan muji syukur ka hadirat Alloh SWT, anu
parantos maparin rupi-rupi ni’mat ka urang sadaya, terutami ni’mat Iman sareng Islam. Solawat,
salam miwah kawilujengan, mugia salamina dikucurkeun sareng dikocorkeun ka jungjunan
urang sadaya, habibana wa nabiyana Muhammad SAW, sadaya kulawargina, para sohabatna oge
sadaya umat anu turut tumut kana ajaran mantena, dugi ka akhir zaman. Aamin.

Wengi ieu urang sadaya kempel di ieu masjid, dina kajadian anu jarang kaalaman,
pikeun nohonan sakumaha anu diparentahkeun ku Rosululloh SAW nyaeta sholat sunat
diteraskeun ku Khutbah samagaha. Mangrupa hiji diantara seueurna kaagungan Alloh SWT anu
ditingalikeun ngalangkungan kajadian aheng, pikeun jadi pelajaran keur urang sadaya. Yen
sadaya anu kumelendang di ieu alam kalebet bulan, bintang panonpoe anu rokaha, aya anu
pangaturan Dzat Alloh SWT.

Urang sadaya kacida leutikna upama disandingkeun sareng makhluk sejen, komo sareng
bulan atawa panonpoe, estuning taya hargana. Kusabab kitu naon atuh anu rek dipikaagul ku
manusa. Dalah sasatoan saperti gajah, maung, jarapah, badak jeung sajabana, anu kacida kuatna.
Moal bisa ditandingan lamun seug dilawan ku kakuatan badan jasmaniah urang. Namung Alloh
SWT maparinkeun ka urang sadaya akal jeung pikiran, pikeun bisa ngatur sarta nyuburkeun ieu
alam, lain keur ngaruksak jeung ngagunasika. Kumargi sakitu, ngagunakeun akal jeung pikiran
kana jalan anu pimaslahateun estuning diparentahkeun ku Alloh SWT pikeun ngokolakeun ieu
alam akur sareng kahoyong anu nyiptakeunana, nyaeta Alloh SWT. Muga-muga urang sadaya
sing kagolongkeun jalma-jalma anu syukur ni’mat, ditebihkeun tina golongan jalma-jalma anu
kufur ni’mat.

Hadirin Rohimakumulloh !
Dina kapercayaan urang Cina baheula, Samagaha teh nyaeta lantaran sato Naga langit
ngagolontorkeun getihna ka walungan tuluy diteleg. Matak dina basa Cina disebatna “Chih” anu
hartina ngadahar. Dina kapercayaan urang Jepang Samagaha teh lantaran aya racun anu
diawurkeun ka dunja. Matak jalma-jalma nutupan sumur-sumur ngarah teu karacunan. Di
Indonesia baheula aya kapercayaan di daerah Jawa, lantaran aya Batara Kala atawa buta jahat
anu ngadahar bulan. Mangka tuluy sok rame-rame nakolan kohkol jeung nu sejena dina waktu
samagaha pikeun nyingsieunan jeung ngusir Batara Kala. Dina kapercayaan urang Arab
Jahiliyah Samagaha teh sok disangkut pautkeun jeung kajadian anu tumiba saperti aya nu maot
atawa aya nu lahiran. Kapercayaan ieu teh terus nerekab, jadi kayakinan dina jaman harita.

Nyakitu deui waktos putra kangjeng Rosululloh SAW anu jenenganana Ibrohim ti ibuna
Mariya Al-Qibtiya pupus nalika bayi. Kaleresan harita kajantenan samagaha. Nepi ka urang
Jahilityah nyebutkeun eta samagaha teh lantaran Ibrahim putra Rosululloh pupus. Nya waktos
harita Rosululloh SAW ngadawuh:

ِ‫ا‬
َ ِ‫ فَِإذَا َرأَيْ تُ ْم َٰذل‬، ‫ت اَ َح ٍد َوََل ِْلَيَاتِِه‬
‫ك ؛ فَا‬ ِ ‫ان لِمو‬
ِ ِ ِ ِ ‫ان ِمن‬
ْ َ ‫آَّيت هللا ََل يَ ْن َخس َف‬
ِ
َ ْ َ‫س َواْل َق َم َر آيَت‬
َ ‫م‬
ْ َّ
‫الش‬ َّ
‫ن‬

َ َ‫ َو ت‬، ‫صلُّ ْوا‬


‫صدَّقُ ْوا‬ َ ‫ َو‬،‫ َو َكِّّبُْوا‬، َ‫ذْ ُك ُر ْوا هللا‬.
“Satemena panonpoe jeung bulan mangrupa dua tanda diantara tanda-tanda (kakawasaan)
Alloh. Teu aya kaitan sareng maot atawa lahirna salah saurang. Mangka mun aranjeun
ningali samagaha prak geura areling (dzikir) ka Alloh, tuluy Agungkeun (takbir), lakukeun
sholat, jeung kaluarkeun sodakoh”. (Shahih Bukhari, 1044)

Pidawuh Rosululloh SAW eta, netelakeun yen kajadian samagaha teh estuning kajadian
alamiah anu teu aya kaitanana jeung kalahiran age maotna hiji jalma, boh ti kaom terhormat
atawa ti kaom cacah (lemah). Oge teu aya kaitanana jeung kajadian-kajadian tahayul nu
sumebar di masyarakar awam jaman baheula. Tapi samagaha teh mangrupa tanda kakawasaan
Alloh SWT, anu ngatur alam pawenangan. Kalayan hiji kajadian ku ayana bulan teu tiasa
katingali kahalangan ku panonpoe, lantaran dina waktu-waktu anu tangtu kaayaanana sajajar,
lempeng ngahalangan kana cahaya bulan, disebatna samagaha bulan. Anapon nalika sajajar dina
waktu beurang, nepi ka cahaya paonpoe kahalangan ku bulan, mangka disebatna Samagaha
panonpoe. Pikeun tapakuraneun umat manusa yen Alloh SWT Dzat anu Maha ngatur. keur
jalma-jalma nu ariman kajadian ieu teh matak ningkatkeun kayakinan, mageuhan kaimanan yen
Alloh SWT Maha Kawasa kana sagala urusan.

Hadirin wal Hadirot Rohimakumulloh !


Pidawuh Rosululloh tadi oge maparin pelajaran, yen dina danget ieu urang sadaya
disunatkeun sanes wungkul ngalaksanakeun sholat Samagaha, tapi oge kedah nyeueurkeun
Dzikir. Tegesna sadar diri ka Alloh SWT, boh ku mangrupa ucapan oge dzikir ati atawa emutan,
jeung pagawean. Estuning ciri ngabuktoskeun yen Rengkak pripolah urang sadaya moal bisa
nyumput tina panguninga sareng pangriksa Alloh SWT. Rek nyumput ka mana urang tangtu
sadaya amal bakal katohyan. Sok sanaja sagede siki sasawi lampah goreng pasti aya wawalesna.
Oge lampah hade pinasiti aya ganjaranana.
Temen-temen dzikir atawa eling ka Alloh teh bakal ngadatangkeun katenangan sareng
katengtreman ka urang sadayana. Pidawuh Alloh SWT:

‫وب‬ ِ َِّ ‫أ َََل بِ ِذ ْك ِر‬


ُ ُ‫الِل تَط َْمئ ُّن الْ ُقل‬
“Sing inget, kalayan eling ka Alloh ngajadikeun hate tengtrem”

Salajengna oge urang sadaya disunahkeun nyeueurkeun takbir (Allohu Akbar)


ngagungkeun Dzat Alloh, supaya sadar yen urang sadaya kacida lemahna. Naon atuh nu matak
jadi kaagulan teh, adigung adiguna ku harta, ku jabatan atawa ku pangaweruh. Ngakibatkeun
timbul rasa aing uyah kidul, leuwih punjul ti batur. Muncul sikep takabur anu matak ngondang
bebendon Alloh SWT ngajauhkeun tina surga Mantenna. Padahal nu sabenerna urang mah teu
daya teu upaya lintang partolongan ti Alloh SWT. La haola wala quwwata illa billahil aliyyil
Adziim.
Rosululloh SAW kantos ngadawuh:
َِِّ ‫الِل وا ْْلم ُد‬
ِ َِّ ‫ب الْ َكالَِم إِ ََل‬ َِّ ‫ول‬
َ‫لِل َوَلَ إِلَه‬ ْ َ َ َّ ‫الِل أ َْربَ ٌع ُس ْب َحا َن‬ ُّ ‫َح‬
َ ‫ « أ‬-‫صلى هللا عليه وسلم‬- ‫الِل‬ ُ ‫ال َر ُس‬َ َ‫ق‬
َ ‫ض ُّر َك ََبَيِِّه َّن بَ َدأ‬
‫ْت‬ َّ َّ‫إَِل‬
َّ ‫الِلُ َو‬
ُ َ‫ َلَ ي‬.ُ‫الِلُ أَ ْك َّب‬

“aya opat ucapan anu paling dipikaresep ku Alloh SWT, nyaeta: Subhanalloh, alhamdulillah, laa
ilaaha illalloh, Allohu akbar. Moal dosa keur anjeun milih kalimat nu mana wae “ HR. Muslim)

Hadirin wal Hadirot Rohimakumulloh !


Rosululloh oge ngawurukeun supados seueur sodaqoh. Bukti syukuran anu saenyana,
sanes dina rupa ucapan, tapi ngalangkungan padambelan. Sahingga shodaqoh teh bisa
dilaksanakeun kalayan susulumputan (sirri) atawa nembrak (alaniyah) mangrupa syiar, jeung
bukti silih-pikanyaan jeung kadang wargi boh nu deukeut oge anu jauh. Estuning bakal
numuwuhkeun rasa silih pikanyaan jeung silih pikadeudeuh.

Rosululloh SAW kantos sasauran. Sakumaha katampi ti Abu Huroiroh RA:


.
ِ َّ ‫َي‬ َِّ ‫ول‬ َ ‫الِلُ َعلَ ْي ِه َو َسلَّ َم فَ َق‬
َّ ‫صلَّى‬ ِ
‫ال أَ ْن‬
َ َ‫َج ًرا ق‬ ْ ‫الص َدقَة أَ ْعظَ ُم أ‬ ُّ ‫الِل أ‬ َ ‫ال ََّي َر ُس‬ َ ‫َّب‬ ِّ ِ‫اء َر ُجلٌ إ ََل الن‬ َ ‫َج‬
‫ْت لِ ُف َال ٍن‬
َ ‫وم قُل‬َ ‫ت ا ْْلُلْ ُق‬ ْ َ‫شى الَْف ْق َر َو ََت ُْملُ ال ِْغ ََن َوََل ُتُِْهلُ َح ََّّت إِذَا بَلَغ‬
َ ْ‫يح ََت‬ٌ ‫يح َشح‬
ِ
ٌ ‫صح‬
ِ ‫ت‬
َ َ ْ‫ص َّد َق َوأَن‬ َ َ‫ت‬
‫َك َذا َولِ ُف َال ٍن َك َذا َوقَ ْد َكا َن لِ ُف َال ٍن‬

“Hiji pameget sumping ka Rosululloh SAW, lajeng tumaros: ...Ya Rosulalloh sodaqoh
naon nu paling seueur ganjaranana ? Rosululloh SAW ngawaler: “anjeun sodaqoh nalika anjeun
dina kaayaan sehat jeung pedit, sieun jadi fakir jeung boga angen-angen hayang jadi jalma
beunghar. Mangka anjeun ulah ngengke-ngengke nepi ka datang waktuna nyawa aya dina tikoro
anjeun. Terus anjeun ngomong si anu kieu si anu kitu. Padahal harta teh milik si anu”. (HR
Bukhori).

Hadirin wal Rohimakumulloh !

Naon rupi kaayaan ieu alam kalebet ayana samagaha bulan dina ieu wengi, sadayana
kalayan aturan Alloh SWT mugi dijantenkeun ibroh kanggo urang. Yen hirup, maot, usik,
malik... aya dina pangriksa sareng pangyuga Mantena. Mudah-mudahan urang sadaya janten
jalma anu mibanda akhlakul karimah pikeun bekel jaga di yaumil akhir.

Muga-muga Alloh ngahapunten kana dosa urang sadayana, maparin kasalametan sareng
kasehatan boh lahir kitu deui batin. Dijembarkeun dina rizkina supaya tiasa langgeng sodakoh,
Oge mugia urang sadaya tiasa teras ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan.

Aamin ya Robbal alamiin.


‫ِ ِِ ِِ‬ ‫ِِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬
‫ني ‪ :‬أعوذ ابهلل من الشيطان الرجيم‪ ،‬بسم‬ ‫َج َعلَنا هللاُ َوإ اَّيكم م َن ال َفائ ِزين اآلمنني‪َ ،‬و ْأد َخلَنَا وإِ اَّيكم ِِف ُزْم َرةِ عبَاده املُْؤمن َْ‬
‫الع ِظْي ِم‪َ ،‬ونَ َف َع ِ ِْن َوإِ اَّي ُك ْم‬ ‫ِ‬
‫لكم ِِف ال ُقْرآن َ‬ ‫اَّللَ َوقُولُوا قَ ْواًل َس ِد ا‬
‫يدا ابََر َك هللاُ ِ ْ‬
‫ِل َو ْ‬
‫ِ‬
‫هللا الرمحن الرحيم‪ََّ :‬ي أَيُّ َها الاذ َ‬
‫ين َآمنُوا اتا ُقوا ا‬
‫وذ ْك ِر احلَكِْي ِم‪ .‬إناهُ تَعاَ ََل َج اواد َك ِرْْي َملِك بٌَّر َرُؤْوف َر ِحْيم‬
‫آلَّيت ِ‬
‫ِاب ِ‬

‫‪Khutbah II:‬‬

‫لى تَ ْوفِ ْي ِق ِه َواِ ْمتِنَانِِه‪.‬‬


‫ْر لَهُ َع َ‬ ‫سانِِه َو ُّ‬
‫الشك ُ‬ ‫هلل َع ِ‬
‫لى إ ْح َ‬ ‫َ‬
‫اَ ْْلم ُد ِ‬
‫َْ‬
‫ِ‬ ‫ك لَهُ َوأَ ْش َه ُد َّ ِ‬ ‫ِ‬
‫إَل‬
‫أن َسيّ َد ََن ُُمَ َّم ًدا َع ْب ُدهُ َوَر ُس ْولُهُ الدَّاعى َ‬ ‫َوأَ ْش َه ُد أَ ْن َلَ الَهَ إَِلَّ هللاُ َوهللاُ َو ْح َدهُ َلَ َش ِريْ َ‬
‫ض َوانِِه‪.‬‬
‫ِر ْ‬
‫َّاس اِتَّ ُق َ‬
‫واهلل‬ ‫ثْيا أ ََّما بَ ْع ُد فَياَ اَيُّ َها الن ُ‬
‫الله َّم ص ِل َعلَى سيِ ِد ََن ُُمَ َّم ٍد ِو َعلَى اَلِ ِه وأ ْ ِ ِ ِ ِ ِ‬
‫َص َحابه َو َسلّ ْم تَ ْسل ْي ًما ك ًْ‬ ‫َ‬ ‫َّ‬ ‫ُ َّ‬
‫َن هللاَ أ ََم َرُك ْم َِب َْم ٍر بَ َدأَ فِ ْي ِه بِنَ ْف ِس ِه َوثَ ََن ِِبَآل ئِ َكتِ ِه بِ ُق ْد ِس ِه‬‫فِ ْي َما أ ََم َر َوانْ تَ ُه ْوا َع َّما ََنَى َوا ْعلَ ُم ْوا أ َّ‬
‫صلُّ ْوا َعلَْي ِه َو َسلِّ ُم ْوا تَ ْسلِ ْي ًما‪.‬‬ ‫آمنُ ْوا َ‬
‫ِ‬
‫لى النَِِّب آي اَيُّ َها الَّذيْ َن َ‬ ‫صل ْو َن َع َ‬
‫ال تَعاَ ََل إِ َّن هللاَ َوَمآلئِ َكتَهُ يُ َ ُّ‬ ‫َوقَ َ‬
‫ك‬‫ك َو ُر ُسلِ َ‬ ‫آل َسيِّ ِدَنَ ُُمَ َّم ٍد َو َعلَى اَنْبِيآئِ َ‬ ‫صلَّى هللاُ َعلَ ْي ِه َو َسلِّ ْم َو َعلَى ِ‬ ‫ٍ‬ ‫ِ‬
‫ص ِّل َعلَى َسيِّد ََن ُُمَ َّمد َ‬ ‫الله َّم َ‬
‫ُ‬
‫اش ِديْ َن أَِِب بَ ْك ٍر َوعُ َمر َوعُثْ َمان َو َعلِى َو َع ْن بَِقيَّ ِة‬ ‫ض الل ُّه َّم َع ِن اْخلُلَ َف ِاء َّ‬
‫الر ِ‬
‫ْي َو ْار َ‬
‫ِ‬
‫َوَمآلئِ َكة اْملَُق َّربِ ْ َ‬
‫ض َعنَّا َم َع ُه ْم بَِر ْْحَتِ َ‬ ‫الصحاب ِة والتَّابِ ِع ْْي وََتبِ ِعي التَّابِ ِع ْْي ََلُم ِابِحس ٍ ِ ِ ِ‬
‫ك ََّي أ َْر َح َم‬ ‫ان الَىيَ ْوم ال ّديْ ِن َو ْار َ‬ ‫َ ْ َْ‬ ‫ََ‬ ‫َّ َ َ َ‬
‫ات الله َّم أ ِ‬
‫َع َّز‬ ‫ِ‬
‫ات اََلَ ْحيآءُ منْ ُه ْم َواَْلَ ْم َو ِ ُ‬ ‫ْي واْملُسلِم ِ‬ ‫ِِ‬ ‫لله َّم اغْ ِفر لِلْم ْؤِمنِ ْ َ ِ ِ‬ ‫الر ِِ‬
‫ْي َواْملُْؤمنَات َواْملُ ْسلم ْ َ َ ْ َ‬ ‫ْ ُ‬ ‫ْي اَ ُ‬ ‫اْح ْ َ‬ ‫َّ‬
‫ص َر ال ِّديْ َن َوا ْخ ُذ ْل‬ ‫ِِ‬ ‫ص ْر ِعبَ َ‬ ‫ِ‬ ‫ْي َوأ َِذ َّل ال ِّ‬ ‫ِ‬
‫ص ْر َم ْن نَ َ‬ ‫اد َك اْملَُو ّحديَّةَ َوانْ ُ‬ ‫ْي َوانْ ُ‬ ‫ش ْر َك َواْملُ ْش ِرك ْ َ‬ ‫اْ ِإل ْسالَ َم َواْملُ ْسل ِم ْ َ‬
‫الله َّم ا ْدفَ ْع َعنَّا اْلبَالَ َء َواْ َلوَاب َء‬ ‫ِ‬
‫ك إِ ََل يَ ْو َم ال ّديْ ِن‪ُ .‬‬ ‫اء ال ِّديْ ِن َوا ْع ِل َكلِ َماتِ َ‬ ‫ِ‬
‫ْي َو َد ّم ْر أَ ْع َد َ‬
‫ِ‬
‫َم ْن َخ َذ َل اْملُ ْسل ِم ْ َ‬
‫خآصةً َو َسائِ ِر‬ ‫الزَلَ ِز َل َواْملِ َح َن َو ُس ْو َء اْ ِلف ْت نَ ِة َواْملِ َح َن َما ظَ َه َر ِم ْن َها َوَما بَطَ َن َع ْن بَلَ ِد ََن اِنْ ُدونِْي ِسيَّا َّ‬ ‫َو َّ‬
‫ِ‬ ‫ِ ِ‬ ‫ِ‬ ‫اْلب لْ َد ِ ِ‬
‫اب‬
‫سنَةً َوقنَا َع َذ َ‬ ‫سنَةً َوِِف اْآلخ َرة َح َ‬ ‫ْي‪َ .‬ربَّنَا آتناَ ِِف الدُّنْ يَا َح َ‬ ‫ب اْ َلعال َِم ْ َ‬‫عآمةً ََّي َر َّ‬
‫ْي َّ‬ ‫ان اْملُ ْسل ِم ْ َ‬ ‫ُ‬
‫هللا ! إِ َّن هللاَ ََي ُْم ُرََن‬ ‫اد ِ‬‫اس ِريْ َن‪ِ .‬عبَ َ‬ ‫النَّا ِر‪ .‬ربَّنَا ظَلَمنَا اَنْ ُفسنَا واإ ْن ََل تَغْ ِفر لَنَا وتَر َْحْنَا لَنَ ُكونَ َّن ِمن اْخلَ ِ‬
‫ْ َ‬ ‫َ َ ْ ْ َْ‬ ‫ْ‬ ‫َ‬
‫شآء َواْملُْن َك ِر َواْلبَ غْي يَِعظُ ُك ْم ل ََعلَّ ُك ْم تَ َذ َّك ُر ْو َن‬ ‫تآء ِذي اْل ُقرِب وي ْن هى َع ِن اْل َفح ِ‬ ‫ان وإِي ِ‬
‫ْ‬ ‫ْ َ ََ َ‬ ‫سِ َْ‬ ‫ِ‬
‫ِابْ َلع ْدل َواْ ِإل ْح َ‬
‫َذ ْكر ِ‬ ‫ِ‬ ‫واذْ ُكروا هللا اْلع ِظيم ي ْذ ُكرُكم وا ْش ُكروهُ َع ِ ِ ِ‬
‫هللا أَ ْك َ ّْب‬ ‫لى ن َعمه يَ ِز ْد ُك ْم َول ُ‬ ‫َ ُ َ َ ْ َ َ ْ ْ َ ُْ َ‬

You might also like