Professional Documents
Culture Documents
SUNDA Khuthbah Jumat 20 2023 Kriteria Pemimpin Dalam Islam
SUNDA Khuthbah Jumat 20 2023 Kriteria Pemimpin Dalam Islam
DMDI
DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA
https://seruanmasjid.com
KRITÉRIA PAMINGPIN
NURUTKEUN ISLAM
KHUTBAH KAHIJI
اما َوإ َ ْ
ح َس ُن َن ِديًّا. خ ْي ٌر َّمقَ ً َال َش ِر ْي َ
ك َل ُهَ ،ش َه َ
اد َة َم ْن ُه َو َ
ف
ص ُ َوإ َ ْش َه ُد إ َ َّن َس ِّي َد َنا م َ
ح َّم ًدإ َع ْب ُد ُه َو َر ُس ْولُ ُه إ ْل ُمتَّ ِ
صبِ ًّيا.
ارإ َو َ ب كا ِر ِم ِ
ك بِا ْل َم َ
َ ً
اد َق إ ْل َو ْع ِد
ِ ص َ ح َّم ٍد ك
َ َان َ ل َو َسلِّ ْم َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم َ إَللَّ ُه َّم َف
ِّ ص
ِ ح
س ُن ْو َن ْ حبِ ِه إلَّ ِذ ْي َن ُي
ْ ص َ َو َع َلى إلِ ِه َو،َان َر ُس ْوالً َنبِ ًّيا َ َوك
َف َيا إَيُّ َها، إ َ َّما َب ْع ُد،إ ِ ْسال ََم ُه ْم َو َل ْم َي ْف َعلُ ْوإ َش ْي ًئا َف ِريًّا
ك ْم َب ْي َن ُه ْم بِ َما إَن َْزلَ الل ُه َو َال تَ َّت ِب ْع إَ ْه َوإ َۤء ُه ْم ْ َوإَ ِن
ُ إح
Aya saurang tokoh muslim nyebutkeun kieu; pamingpin ahli maksiyat kudu
tetep dita’atan sapanjang teu ngalarang kabébasan ngalaksanakeun agama.
Pamingpin teu perlu ditingali sholéh atawa henteuna, anu penting kualitas jeung
kapasitas kapamingpinanana.
Pasualanana, naha bener saperti kitu nurutkeun ajaran Islam? Naha bener calon
pamingpin teu kudu sholeh? Hartina, manéhna bisa baé ti golongan jalma faséq
atawa anu resep ma’siyat (misalna: resep nongton film porno), kusabab anu
penting manéhna boga kapasitas kapamingpinan. Tuluy, sajauh mana saurang
pamingpin wajib dita’atan? Naha bener pamingpin faséq atau ahli ma’siyat tetep
wajib dita’atan?
Urang téh saurang Muslim. Hirup di nagri anu mayoritas pangeusina ngagem
agama Islam. Mangka geus samistina, urang ngajadikeun Islam tegesna nyaéta
Al-Qur’an jeung As-Sunnah anu jadi hiji-hijina standar dina netepkeun calon
pamingpin, ogé dina nangtukeun sikep jeung kawijakan pamingpin.
Diantara kritéria calon pamingpin atawa kapala nagara nyaéta kudu jalma anu
adil. Hartina, manéhna lain jalma faséq atawa ahli ma’siyat atawa jalma dlolim.
Sabab, kecap adil mémang sering dilawankeun jeung kecap faséq atawa dlolim.
Diantara ciri utama jalma faséq atawa dlolim nyaéta embung maké hukum ku
hukum-hukum Alloh subhanahu wa ta’ala. Dasarna nyaéta dawuhan Alloh
subhanahu wa ta’ala:
ِ ٰ
َ ك ْم بِ َما إَن َْزلَ الل ُه َفاُولۤ ٰى
ِك ُه ُم إلظل ُم ْو َن ْ َو َم ْن لَّ ْم َي
ُ ح
Sing saha baé anu teu ngahukuman ku hukum-hukum Alloh, mangka maranéhna
téh nyaéta kaom anu dlolim (TQS al-Maidah [5]: 45).
ِ ِٰك ُه ُم إ ْلف
سقُ ْو َن َ ك ْم بِ َما إَن َْزلَ الل ُه َفاُولۤ ٰى ْ َو َم ْن لَّ ْم َي
ُ ح
Sing saha baé anu teu ngahukuman ku hukum-hukum Alloh, mangka maranéhna
téh nyaéta kaom anu faséq (TQS al-Maidah [5]: 47).
Kukituna singsanajan sacara pribadi saurang calon pamingpin kaciri hadé, sopan,
daréhdéh, cerdas, boga jiwa kapamingpinan, lamun manéhna embung
ngahukuman ku hukum-hukum Alloh subhanahu wa ta’ala dina mingpin jeung
ngurus rahayat, atawa teu hayang nerapkeun syaré’at Islam dina ngurus
nagara/pamaréntahan, mangka dina dasarna manéhna téh asup katégori dlolim
atawa faséq.
Komo deui, geus mah sacara pribadi ahli ma’siyat, manéhna ogé nolak hukum-
hukum Alloh atawa katangar anti syaré’at Islam. Jalma-jalma faséq atawa dlolim
saperti kitu jelas teu pantes jadi pamingpin (pupuhu nagara) kusabab hartina
maranéhna téh lain jalma-jalma anu adil. Komo deui, dina Islam mah tugas
utama pamingpin nagara (Imam/Khalifah) téh nyaéta nerapkeun hukum-hukum
syaré’at.
ِ ط
ان َ إلس ْل و م
ِ ْ
ك ح
ُ ْ
ل إ يِي َيَ ُنوب َع ِن ْإال ُ َّم ِة ف
ْ ِ
ذ َّخلِ ْيفَ ُة ُه َو إل
َ إَ ْل
ُّ َ ُ ْ
ع
ِ كا ِم إلشَّ ْر ْ َ َوفِ ْي تَ ْن ِف ْي ِذ إ
َ ح
Kholifah (kapala nagara) téh nyaéta jalma anu ngawakilan umat Islam dina
urusan kakawasaan atawa pamaréntahan jeung nerapkeun hukum-hukum
syaré’at (Zallum, Nizhâm al-Hukmi fii al-Islâm, hlm. 49).
Aya anu nafsirkeun kata’atan ka pangawasa téh sifatna mutlak jeung umum
pikeun satiap anu nyekel kakawasaan (pangawasa). Teu ditingal deui naha Ulil
Amri téh Kholifah dina sistem pamaréntahan Islam (Khilafah), atawa pangawasa
dina sistem pamaréntahan sékulér, saperti présiden dina sistem républik, atawa
raja dina sistem karajaan (monarki).
Padahal anu dimaksud dina éta ayat lain sambarangan pangawasa, tapi
pangawasa dina sistem pamaréntahan Islam. Éta téh Imam atawa Kholifah jeung
para wakilna (Al-Mas’ari, Thâ’at Ulil Amri Hudûduhaa wa Quyûduhâ, hlm. 17).
لع ِظ ْي ِ
مَ ،و َنفَ َع ِني َو إِيَّاك ُْم َباركَ الله لِي و َل ُ ِ
لقُرإ ِن ْإ َ
ك ْم فى ْإ ْ َ َ
م َو َتقَ َّب َل الل ُه ِم َّنا َو ِم ْن ُ
ك ْم ح ِ
كي ِ ك ِر إ ْل َ
إلذ ْ بِ َمافِ ْي ِه ِم َن ْإال َي ِ
ات َو ِّ
إلعلِ ْي ُمَ ،وإ َقُ ْولُ َق ْو لِي َه َذإ َفا ْس َتغْ ِف ُر
إلس ِم ْي ُع َتِال ََو َت ُه َو إِنَّ ُه ُه َو َّ
إلر ِح ْيم الل َه َ ِ
إلعظ ْي َم إِنَّ ُه ُه َو إل َغفُ ْو ُر َّ
KHUTBAH II
لى ر ِْض َوإنِ ِه. إ ى إعح َّم ًدإ َعب ُد ُه ورسولُ ُه إل َّد ِ إ َّن َس ِّي َد َنا ُم َ
َ َ َ ُ ْ ْ
حابِ ِه َو َسلِّ ْم
ص َح َّم ٍد ِو َع َلى إَلِ ِه َوإ َ ْ
ل َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم َ
ص ِّ
إلله َّم َُ
َتسلِي ًما ِ
ك ْثي ًرإ ْ ْ
اس إِتَّقُ وإالل َه فِ ْي َما إ َ َم َر َوإنَْ َت ُه ْوإ َع َّما َن َهى
ُ ن
َّ إل ا ه
َ ُّ يَ إ َ ا يفَ د
ُ ع َ
إ َّ َ ْ
ب ا م
لم ْسلِ ِم ْي َن ْ ِ إغ ِفر لِ ْلم ْؤ ِم ِنين و ْإلم ْؤ ِ
َ ُ إ و ات ن
َ م َ ُ ُ ْ َ ْ ْ إَ ُ
لله َّم
ك ُر الل ِه إ َ ْ
ك َب ْر َعلى نِ َع ِم ِه َيز ِْدك ُْم َو َل ِذ ْ
َ