Professional Documents
Culture Documents
DMDI
DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA
https://seruanmasjid.com
ROMADLON:
MOMÉNTUM PIKEUN
NGARONJATKEUN
KATAKWAAN
KHUTBAH KAHIJI
اما َوإ َ ْ
ح َس ُن َن ِديًّا. خ ْي ٌر َّمقَ ً َال َش ِر ْي َ
ك َل ُهَ ،ش َه َ
اد َة َم ْن ُه َو َ
ف ِ
ص ت
َّ م ْ
ل إ ه
ُ ُ لو س ر و ه
ُ د
ُ ب ع
َ إ د
ً م
َّ ح
َ م ا ن
َ د
َ ي س ن
َّ َ إ د
ُ ه
َ ْ
ش َ َوإ
ُ ُ َ َ ُ ْ ْ َ ِّ
صبِ ًّيا. ِ بِا ْل َم َ
كا ِر ِم ك َب ً
ارإ َو َ
اد َق إ ْل َو ْع ِد
ِ ص َ ح َّم ٍد ك
َ َان َ ل َو َسلِّ ْم َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم َ إَللَّ ُه َّم َف
ِّ ص
ِ ح
س ُن ْو َن ْ حبِ ِه إلَّ ِذ ْي َن ُي
ْ ص َ َو َع َلى إلِ ِه َو،َان َر ُس ْوالً َنبِ ًّيا َ َوك
َف َيا إَيُّ َها، إ َ َّما َب ْع ُد،إ ِ ْسال ََم ُه ْم َو َل ْم َي ْف َعلُ ْوإ َش ْي ًئا َف ِريًّا
ت ِّم َن ٍ ٰ ح َنا َع َل ْي ِه ْم َب َرك ْ َو َل ْو إَ َّن إَ ْه َل إ ْلقُ ٰرى إ ٰ َم ُن ْوإ َوإتَّقَ ْوإ َلفَ َت
ِ ٰ ض ول
خ ْذن ٰ ُه ْم بِ َما كَانُ ْوإ َ َك ْن ك ََّذ ُب ْوإ َفا َ ِ إلس َما ِۤء َو ْإالَ ْر َّ
ِ ك
س ُب ْو َن ْ َي
(QS al-A’rof [7]: 96)
Dina bulan ieu katakwaan urang sadaya digembléng sabulan campleng. Alloh
subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
Nurutkeun Syeikh Abu Bakar al-Jazairi, kecap “supaya aranjeun tarakwa” dina
ayat ieu téh hartina, “supaya ku shaum éta Alloh subhanahu wa ta’ala nyiapkeun
anjeun pikeun bisa ngajalankeun sakabéh paréntah-Na jeung ngajauhan sakabéh
cegahana-Na”. (Al-Jazairi, Aysar at-Tafaasiir, I/80)
Salahsahiji ciri khas jalma anu takwa, nurutkeun Imam Ali ash-Shobuni nyutat
diantara kasauran Imam al-Hasan al-Bashri nyaéta “maranéhna anu sieun kana
naon baé anu parantos ku Alloh subhanahu wa ta’ala dicaram ka diri maranéhna
jeung nyumponan kana naon baé anu pantos ku Alloh subhanahu wa ta’ala
diwajibkeun ka diri maranéhna”. (tingal: Ali ash-Shobuni, Shofwah at-Tafaasiir,
I/26)
Lain takwa ngarana, lamun aya anu biasa ngalakukeun sholat, ngalaksanakeun
puasa Romadlon atawa nepika ibadah naék haji ka Baétulloh; samentara
manéhna biasa ngadahar riba, ngalakukeun nyogok jeung korupsi, ngaharé-
harékeun urusan masyarakat, ngadloliman rahayat jeung embung kabeungkeut
ku syaré’at Islam di luar anu ngait jeung ibadah ritual.
Lamun baheula, anu dituturkeun téh nyaéta para pandita jeung rahib-rahib
Yahudi katut Nasrani, kiwari mah anu dituturkeun téh nyaéta pangawasa jeung
wakil rahayat dina sistem démokrasi. Sabab, maranéhna pisan anu biasa nyieun
hukum, anu ngahalalkeun kana naon anu geus ku Alloh diharamkeun jeung
ngaharamkeun kana naon anu ku Alloh dihalalkeun.
Teu kudu jauh-jauh, riba contona. Riba anu jelas-jelas haram, dihalalkeun.
Nepika Pamaréntah jadi gegedugna tukang riba. Hutang rébuan triliun kalawan
bunga salangit. Bank-bank riba dipiara, jeung sajabana.
Kanyahokeun, aya sajumlah tanda jalma anu takwa. Zubair bin al-Awwam
kantos nulis surat anu eusina naséhat pikeun dirina sorangan. Dina éta surat téh
disebutkeun, “Amma ba’du. Saéstuna jalma anu takwa téh ngabogaan sajumlah
tanda anu dikanyahokeun ku jalma lian atawa dirina sorangan, nyaéta: sabar
nalika ngarandapan cocoba, ridlo kana papastén (qodlo’), teu weléh syukuran
tina ni’mat anu dipaparinkeun, jeung ngahandapkeun diri (tunduk patuh) di
hareupeun hukum-hukum Al-Qur’an”. (Ibn al-Jauzi, Shifat ash-Shofwah, I/170;
Abu Nu’aim al-Asbahani, Hilyah Awliyaa’, I/177)
Ingetkeun, takwa kudu salawasna aya dina diri saurang Muslim iraha baé, di
mana baé, jeung dina kaayaan kumaha baé. Rosululloh shollallalohu ‘alaihi wa
sallam kantos ngadawuh:
ت
َ ك ْن َ إِتَّ ِق الل َه
ُ ح ْيثُ َما
“Prak geura tarakwa anueun dina sagala kaayaan anjeun!”. (HR at-Tirmidzi
sareng Ahmad)
Kecap “haytsuma kunta” maksudna dina kaayaan lega atawa rupek, senang
atawa susah, suka bungah atawa nalika katibanan mushibah. (Al-Mubarokfuri,
VI/104)
Kecap “haytsuma kunta” ogé mibanda harti: di mana baé ayana, naha nalika
manusa ningali anjeun atawa nalika maranéhna teu ningali Anjeun (Muhammad
bin ‘Alan ash-Shiddiqi, Daliil al-Faalihiin, I/164)
ح ْم ِق
ُ ْ
ل إ ق م ح
ْ َ إ ن
َّ َ إ و ى َق ت
ُّ إل س
ِ ي َ
ك ْ
ل إ س ي ْ
ك َ إ ن
َّ َ إع َل ُموإ إ
ْ َو
َ َ َ ْ َ َ
ُ إَ ْل
فُج ْو ُر
Kanyahokeun cerdas anu pang cerdasna nyaéta takwa, jeung bodo anu pang
bodona nyaéta resep ma’siyat (Lihat: Al-Baqilani, I’jaaz Al-Qur’aan, 1/137; as-
Suyuthi, Taariikh al-Khulafaa’, 1/28)
ٍ ٰ ح َنا َع َل ْي ِه ْم َب َرك
ت ِّم َن ْ َو َل ْو إَ َّن إَ ْه َل إ ْلقُ ٰرى إ ٰ َم ُن ْوإ َوإتَّقَ ْوإ َلفَ َت
ِ إلس َما ِۤء َو ْإالَ ْر
ض َّ
“Lamun seug mah pangeusi nagri-nagri éta ariman jeung tarakwa, Kaula pasti
ngalimpahkeun ka maranéhna kabarokahan ti langit jeung ti bumi...”. (TQS al-
A’rof [7]: 96).
لع ِظ ْي ِ
مَ ،و َنفَ َع ِني َو إِيَّاك ُْم َباركَ الله لِي و َل ُ ِ
لقُرإ ِن ْإ َ
ك ْم فى ْإ ْ َ َ
م َو َتقَ َّب َل الل ُه ِم َّنا َو ِم ْن ُ
ك ْم ح ِ
كي ِ ك ِر إ ْل َ
إلذ ْ بِ َمافِ ْي ِه ِم َن ْإال َي ِ
ات َو ِّ
KHUTBAH II
لى ر ِْض َوإنِ ِه. إ ى إعح َّم ًدإ َعب ُد ُه ورسولُ ُه إل َّد ِ إ َّن َس ِّي َد َنا ُم َ
َ َ َ ُ ْ ْ
حابِ ِه َو َسلِّ ْم
ص َح َّم ٍد ِو َع َلى إَلِ ِه َوإ َ ْ
ل َع َلى َس ِّي ِد َنا ُم َ
ص ِّ
إلله َّم َُ
َتسلِي ًما ِ
ك ْثي ًرإ ْ ْ
اس إِتَّقُ وإالل َه فِ ْي َما إ َ َم َر َوإنَْ َت ُه ْوإ َع َّما َن َهى
ُ ن
َّ إل ا ه
َ ُّ يَ إ َ ا يفَ د
ُ ع َ
إ َّ َ ْ
ب ا م
لم ْسلِ ِم ْي َن ْ ِ إغ ِفر لِ ْلم ْؤ ِم ِنين و ْإلم ْؤ ِ
َ ُ إ و ات ن
َ م َ ُ ُ ْ َ ْ ْ إَ ُ
لله َّم
ك ُر الل ِه إ َ ْ
ك َب ْر َعلى نِ َع ِم ِه َيز ِْدك ُْم َو َل ِذ ْ
َ