You are on page 1of 6

‫‪Assalamu’alaikum Wr.Wb.

‬‬
‫‪Takbir 9x‬‬

‫الِل رو ْحدر ُه‬ ‫هلل أَّ ْك ر َْب ركب ْ رِْيا روالْ رح ْمدُ ِ ِلِل ركثِ ْ ًْيا رو ُس ْب رح ران هللا ُب ْك رر ًة رو َأ ِص ْي ًًل رَلا ر رَل ا ََّل ُ ُ‬ ‫اَ‬

‫رَص رع ْبدر ُه رو َأ رع َّز ُج ْندر ُه روه ررز رم ْ َاْل ْح رز ْا رب رو ْحدر ُه‬ ‫رصدر رق رو ْعدر ُه رون ر ر‬
‫رالْ رح ْمدُ ِ ِلِل رر ِب الْ رعالر ِم ْ رْي روالْ رعا ِق رب ُة لِلْ ُمتَّ ِق ْ رْي رو رَل عُدْ رو ْا رن ا ََّل عر رَل الْ َّظا ِل ِم ْ رْي َأ ْشهردُ َأ ْن‬
‫ِ‬
‫ِل الْ رح ُّق الْ ُمب ْ رِْي رو َأ ْشهردُ َأ َّن ُم رح َّم ًدا رع ْبدُ ُه رو رر ُس ْو َُل رصا ِد ُق‬
‫ُ‬ ‫هللا رالْ رم ِ ُ‬
‫ر َِل ر راَل ا ََّل ُ‬
‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ر‬ ‫ِ‬ ‫ر‬ ‫ِ‬ ‫ر‬ ‫َّ‬ ‫ِ‬ ‫ْ‬ ‫ْ ِِ‬
‫َص ِبه َأ ْ رْجع ْ رْي را َّما ب ر ْعدُ‬ ‫ٍ‬
‫ال روعْد َاْل م ْ رْي راللهُ َّم رص ِل عرَل رس ِيدَنر ُم رح َّمد روعرَل َأ َِل رو ْ‬
‫هللا تر رع رَل ِ ِْف‬ ‫هللا فرقردْ فر رازالْ ُمتَّ ُق ْو رن قرا رل ُ‬ ‫اِض ْو رن ُأ ْو ِص ْي ُ ُْك روا ََّّي ري ِبتر ْق روى ِ‬ ‫فر ريا َأُّيُّ را الْ رح ِ ُ‬
‫الش ْي رط ِان َّالر ِج ْ ِي‬‫الْ ُق ْر َأ ِن الْ رك ِر ْ ِْي َأ ُع ْو ُذ ِِب ِهلل ِم ر ِن َّ‬
‫هللا َّالر ْ رْح ِن َّالر ِح ْ ِي‬
‫ب ِْس ِم ِ‬
‫هللا ال َّ ِِت فر رط رر النَّ راس عرلرْيْ را رَلتر ْب ِدي رل ِل رخلْ ِق ِ‬
‫هللا‬ ‫فرأَ ِق ْم رو ْ رْج رك ِل ِل ِين رح ِنيفًا ِف ْط رر رت ِ‬
‫رذ ِ رِل ِال ُين الْقر ِ ُي رولر ِك َّن َأ ْك ر رَث النَّ ِاس رَلير ْعلر ُم ر‬
‫ون‬

‫!‪Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd‬‬


‫!‪Hadirin Sidang ied Rahimakumullah‬‬
‫‪Sugrining puji anu sampruna, sareng pangalem sagemlengna, eta tetep kagungan‬‬
‫‪Allah Swt., anu mikawelas ka abdi-abdina anu ngaluhurkeun darajat jalma anu‬‬
‫‪bakti ka Anjeuna.‬‬
‫‪Shalawat kalih salam anu utami, muga tetep ka pang afdhal-afdhalna jalmi, Nabi‬‬
‫‪terakhir Rasul panutup, anu kaceluk ka awun-awun kakocap ka janabria, Nabi‬‬
‫‪Muhammad Saw., ka kulawargina, ka sahabatna, katut ka sadaya umatna anu taat‬‬
‫‪tumut kana ajaran mantena.‬‬
‫! ‪Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd‬‬
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh ! Muji Syukur kanu Maha Agung,
Alhamdulillâh urang tiasa tepang deui sareng Idul Fitri tahun ieu, sab’ada
nagalaksanakeun shaum kalih ibadah-ibadah sanesna dina sa sasih lamina.
Pamugi sanes kanten ibadah urang kenging ganjaran anu berlipat ganda
mungguhing Allah Swt..
Naon atuh ari Idul Fitri teh?
Îd hartosna balik Fitri hartosna kasucian. Janten, Idul Fitri hartosna balik kana
kasucian. Kasucian anu mana? Kasucian anu sifatna azaliyah. Sabab, sadaya jalma
anu kumelenang di alam dunya asalna suci. Allah Swt. kantos naros ka urang di
zaman azali; “Alastu birobbikum; Naha ari Kaula teh lain pangeran aranjeun?”.
Urang sadaya ngajawab: “Balâ Syahidnâ; Kantenan, abdi sadaya nyaksi, Gusti teh
Pangeran Abdi”.

Singketna, Idul Fitri teh balik kana fithrah azali, madep ka Allah. Henteu lanca-linci
luncat mulang udar tina tali gadang. Naon margina? Sabab Allah marentahkeun
supaya urang istiqomah madep kalayan balik ka Allah Swt. Dawuhan Alloh dina
Surat Ar-Rûm [30] ayat 30:

‫الِل ال َّ ِ ِْت فر رط رر النَّ راس عرلرْيْ راۗ رَل تر ْب ِديْ رل ِل رخلْ ِق‬
ِ ‫فر را ِق ْم رو ْ رْج رك ِل ِل ْي ِن رح ِن ْيفًاۗ ِف ْط رر رت ه‬
‫الِل ۗ هذ ِ رِل ِال ْي ُن الْقر ِ ُُۙي رو هل ِك َّن ار ْك ر رَث النَّ ِاس رَل ير ْعلر ُم ْو رُۙن‬
ِ‫ه‬

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd !


Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh!
Naon anu dimaksad Fithrah dina ayat eta? Allah dina ayat eta keneh
ngajelaskeun, ‫ ذلكَالدينَالقيم‬, hartosna agama anu ajeg, agama anu lurus. Janten
atuh simpulna, Idul Fitri teh hakekatna balik kana aturan agama Allah Swt. Jadi
naon wae urang, pakasaban naon wae nu digarap ku urang, sadayana luyu akur
sareng aturan agama Allah. Agama anu diwangun ku tilu rukun; nyaeta Imân,
Islâm, kalih Ihsân. Atuh lamun kitu mah, Idul Fitri nuntut ka urang sadaya supaya
janten jalmi Mu’min, Muslim, kalih Muhsin. Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh! Sapalih ulama Tashowwuf ngamaknaan Idul
Fitri janten tilu makna. Hiji, i’âdatul jasad min al-ma’shiyyati ilâ ath-thâ’ati. Balikna
jasad urang tina maksiat kana thoat. Naon ari maksiat? Secara bahasa, maksiat
hartosna al-khurûju ‘anith tho’ati wa mukhâlafatul amri. Kaluar tina thoat sareng
sulaya tina parentah. Numutkeun Dr. Ali Jum’ah, ulama ahli Ushul Fikih, maksiat
teh timbul tina sifat dasar anu aya di manusa. Sabab, saur mantena, aya opat sifat
dasar dina diri manusa. Kahiji, sifat Rubûbiyyah nyaeta sifat kapangeranan.
Misalna sifat takabbur, kumuluhur, tafakhur, sareng anu sanesna. Anu sakedahna
dipimilik ku Allah, tapi dipilampah ku manusa. Kadua, sifat Syaithâniyyah nyaeta
sifat anu dipimilk ku syetan. Contona sifat ngewa ka sasama [al-bughdu], dendam
ka butur [al-hiqdu], sareng nifaq. Simpulna, manusa milampah sifat-sifat anu
padahal eta teh sifat asli syetan. Katilu, sifat Bahîmiyyah nyaeta sifat-sifat sato
anu lindeuk. Saperti maling, zina, sareng anu sanesna. Kaopat, sifat Sabû’iyyah
nyaeta sifat sato galak atanapi binatang buas. Cirina, resep nganiaya ka batur,
bungah lamun bisa ngarogahala sasama, sareng sajabina. Tah biasana, maksiat
teh muncul tina sifat Bahimîyyah, terus jadi sifat Sabû’iyyah. Upami dua eta sifat
tos kumpul, lahir sisat Sayithoniyyah anu akhirna kana sifat Rubûbiyyah. Upami
maksiat tos jadi kabiasaan manusa, biasa jadi manusa nganggap dirina lir ibarat
Pangeran. Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd! Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh!
Makna Idul Fitri anu kadua, i’âdatul qalbi min al-ghaflati ilâ dzikrillâh. Balikna
manah urang tina ghoflah kana dzikrullah. Tina poho kana eling. Naon Ari
Ghoflah? Dina Kitab Fadhâilus Syuhûr Li Thalabi al-Ridlâ Rabbi al-Ghafûr halaman
13 disebatkeun:

َّ ‫ِه ُمتر ْاب ر رع ُة النَّ ْف ِس عر رَل رما ت ر ْش َتر ِ ْي ِه رو ُمتر ْاب ر رع ُة‬
‫الش ْي رط ِان ِ َْلن َّ ُه ر َْي ِر ْي عر رَل النَّ ِاس‬ ‫َألْ رغ ْف ر َُل ِ ر‬
‫رم ْج ررى الَّ ِم‬
Hartosna: “Ghoflah teh nuturkeun kahayang nafsu jeung nuturkeun syetan anu
bergerak nuturkeun aliran getih manusa”. Naon ari bahaya ghoflah?

‫َألْ رغ ْف ر َُل ت ُْو ِر ُث الْقر ْس رو ُة‬


ghoflah teh nyababkeun TEUAS HATE. Upami hate tos teuas, maka jalmi bakal
hirup sasar sasasar-sasarna. Dawuhan Allah dina Surat Az-Zumar [39] ayat 22:
‫الِل رصدْ رر ٗه ِل ْ ًِل ْس رًل ِم فره رُو عر هَل ن ُْو ٍر ِم ْن َّ ِرب ٖه ۗفر رويْ ٌل لِلْ هق ِس ري ِة قُلُ ْوُبُ ُ ْم ِم ْن‬
ُ ‫َش رح ه‬ ‫رافر رم ْن ر ر‬
‫الِل ۗ ُاولهٰۤى رك ِ ِْف ضر هل ٍل ُّمب ْ ٍِْي‬
ِ ‫ِذ ْك ِر ه‬
ِ
Hartosna: “Cilaka pikeun jalm-jalma anu Teus Hate, sabab teu eling ka Allah.
Maranehna aya dina kasasaran anu nyata”.Numawi, nagalangkungan Idul Fitri,
hayu urang balikkeun manah urang tina ghoflah kana dzikrullah. Upami manah
urang tos leleb anteb dina dzikrullah, Numutkeun Syaikh Junaid Al-Baghdadi
hasilna SHOFAUL QOLBI atanapi BERSIH ATI CAANG MANAH.Allâhu akbar 3x
walillâhi al-hamd! Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah!Pertarosanana, kumaha
carana supaya urang kagungan SHOFAUL QOLBI, bersih ati-caang manah? Urang
kedah terang alat ngaberesihan manah urang. Dawuh kangjeng Rasul:

ِ ‫ك رش ْ ٍْي ثِقر ْا ر ٌَل روثِقر ْا ر َُل الْ ُقلُ ْو ِب ِذ ْك ُر‬


‫هللا‬ ِ ُ ‫ِل‬
Hartosna: “Sagala perkara aya alat meresihanana, ari alat meresihan manah/hate
nyaeta dzikrullah”. Jalmi anu ngabalieur, menghindar tina dzikrullah diancam ku
Allah Swt., dina Surat Thaha ayat 124 dugi ka126:

)124( ‫ُش ُه ير ْو رم الْ ِق ريا رم ِة َأ ْ رْعى‬


ُ ُ ‫رو رم ْن َأع رْر رض رع ْن ِذ ْك ِري فرا َّن ر َُل رم ِعيشر ًة ضر ْن ًًك رو ر َْن‬
ُ ِ ‫ْر‬
ِ ‫ر‬
)125( ‫ُشت ِرِن َأْعى روق ك ْن ُت برص ًْيا‬
ْ‫د‬ ْ ‫قرا رل رر ِب ِل رم رح ر‬
(126) ‫قرا رل رك رذ ِ رِل َأتر ْت رك أ رَّيتُ رنا فرن ر ِسيَتر را رو رك رذ ِ رِل الْ ري ْو رم تُنْ رس‬
Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd! Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah! Makna
Idul Fitri anu katilu, i’âdatus Sirri min asy-syirki ilâ at-tawhîd. Balikna Sirr
kayakinan urang tina syirik kana tauhid. Balik tina midua Allah kana kayakinan
tauhid, yen Allah tempat sagala pamundut urang, tempat nyalindung urang.
Sanes nyalindung ka gunung, sanes muja ka sagara. Estuning Allah dasar
kayakinan sareng tujuan amal perjuangan. Salajengna, hayu urang nitenan ayat 7
Surat Al-Insyirah:

‫فر ِا رذا فر رر ۡغ رت فران رۡص ُۡۙب‬


Ayat ieu singket tapi padet. Allah ngajarkeun ka urang supaya saenggalna
nagalaksanakeun kegiatan anu sanes, upami rengse tina hiji kegiatan. Numawi,
saparantos shaum dugika ayeuna Idul fitri, hayu urang teraskeun sumanget
Ramadhan. Sumanget Tadarus, berjamaah, shodaqoh, sareng anu sanesna. Ulah
dugika, rengse Ramadhan tepang Idul Fitri, rengse sagala-galana. Margi di antawis
ciri jalmi anu rugi, di mana Ramdahan tos rengse, sagala-galana rengse, anu
akhirna teu kenging pangampura Allah Swt.. Dawuhan Kangjeng Rasul:

‫رو رر ِ رِغ َأن ُْف رر ُج ٍل رد رخ رل عرلر ْي ِه رر رمضر ُان ُ َُّث ان ْ رسلرخر قر ْب رل َأ ْن يُ ْغ رف رر ر َُل‬
Hartosna: “Kalintang Rugi sareng hina hiji jalmi, di mana Ramadhan datang ka
manehna, sabada Ramadhan rengse, dosana teu dihampura ku Alloh”. (H.R.
Tirmidzi).Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd! Hadirin Sidang Ied Rahimakumullah!
Hayu urang ngadua ka Allah, mudah-mudahan ku sumpingna Idul Fitri, jasad
urang balik tina maksiat kana thoat, manah urang balik tina ghoflah kana
dzikrullah, kayakinan urang balik tina Syirik kana tauhid. Amin ya Rabbal ‘alamin.

‫هللا ِ ِْل رولر ُ ُْك‬


ُ ‫رِب رركر‬

Calik antara dua Khutbah Dilajengkeun kana Khutbah Kadua Takbir 7x

‫الِل رو ْحدر ُه‬ ُ ُ ‫راهلل أَّ ْك ر َْب ركب ْ رِْيا روالْ رح ْمدُ ِ ِلِل ركثِ ْ ًْيا رو ُس ْب رح ران هللا ُب ْك رر ًة رو َأ ِص ْي ًًل رَلا ر رَل ا ََّل‬
‫رَص رع ْبدر ُه رو َأ رع َّز ُجنْدر ُه روه ررز رم ْ َاْل ْح رز ْا رب رو ْحدر ُه رالْ رح ْمدُ ِ ِلِل رر ِب‬ ‫رصدر رق روعْدر ُه رون ر ر‬
ُ ‫الْ رعالر ِم ْ رْي روالْ رعا ِق رب ُة لِلْ ُمتَّ ِق ْ رْي رو رَل عُدْ رو ْا رن ا ََّل عر رَل الْ َّظا ِل ِم ْ رْي َأ ْشهردُ َأ ْن ر َِل ر راَل ا ََّل‬
‫هللا‬
َّ‫ِل الْ رح ُّق الْ ُمب ْ رِْي رو َأ ْشهردُ َأ َّن ُم رح َّمدًا ِ رع ْبدُ ُه رو رر ُس ْو ُ َُل رصا ِد ُق الْ رو ْع ِد ْ َاْل ِ ِم ْ رْي راللهُ َّم‬ ُ ِ ‫رالْ رم‬
ْ ‫رص ِل عر رَل رس ِي ِدَنر ُم رح َّم ٍد روعر رَل َأ ِ َِل رو ر‬
ُ ِ ‫َص ِب ِه َأ ْ رْج ِع ْ رْي َأ َّم ب ر ْعدُ فر ريا َأُّيُّ را الْ رح‬
‫اِض ْو رن‬
‫هللا تر رع رَل ِ ِْف الْ ُق ْر َأ ِن الْ رك ِر ْ ِْي‬ ُ ‫هللا فرقردْ فر راز الر ُمتَّ ُق ْو رن قرا رل‬ ِ ‫ُأ ْو ِص ْي ُ ُْك روا ََّّي ري ِبتر ْق روى‬
ِ
‫هللا رو رم رًلئِ رك رت ُه‬ ‫هللا َّالر ْ رْح ِن َّالر ِح ْ ِي ا َّن ر‬ ‫الش ْي رط ِان َّالر ِج ْ ِي ِب ْس ِم ِ‬ ‫َأع ُْو ُذ ِِب ِهلل ِم رن َّ‬
‫ِ‬ ‫ر‬ ‫ُّ ر ِ ِ ِ‬
‫ون عر رَل النَّ ِ ِب يرأ َأُّيُّ را َّ ِاَّل رين رءا رمنُوا رصلوا عرل ْيه رو رسل ُموا ْ ميًا َأللهُ َّم َأم ْْي رَّي رر َّب‬
‫ِ‬ ‫َّ‬ ‫ل‬ ‫س‬ ‫ت‬ ‫يُ رصل ُّ ر‬
‫ات را ْ َْل ْح ريا ِء ِمْنْ ُ ْم‬ ‫ات روالْ ُم ْؤ ِم ِن ْ رْي روالْ ُم ْؤ ِمنر ِ‬ ‫الْ رعالر ِم ْ رْي َأللَّهُ َّم ا ْغ ِف ْر لِلْ ُم ْس ِل ِم ْ رْي روالْ ُم ْس ِل رم ِ‬
‫رو ْ َاْل ْم رو ِات ان رَّك ر َِس ْي ٌع قر ِريْ ٌب ُم ِج ْي ُب الَّ ع رْو ِات ِب رر ْ رْحتِ رك رَّي َأ ْر رح رم َّالر ْا ِ ِْح ْ رْي َأللَّهُ َّم ترقربَّ ْل‬
‫ِمنَّا رص رًلتر رنا ِ رو ِص ريا رمنرا رو ِق ريا رمنرا رو ُر ُك ْو رع رنا رو ُُس ُْودرَنر روت ر ْس ِب ْي رح رنا رو ر َْت ِم ْيدر َنر رو ر َْت ِل ْيل رنار‬
‫رَض رعنرا روت ِرم ْم تر ْق ِص ْ رْيَنر رَّيا ر رَل الْ رعالر ِم ْ رْي َأللَّهُ َّم ا ْج رعلْنرا ِم رن‬ ‫روتر ْكب ْ رِْيَنر روتر رع ُّبدر َنر رو ر رَت ُّش رعنرا روت ر ُّ‬
‫ِ‬ ‫ر‬ ‫ٍ ِ‬
‫ِ‬
‫َص ِبه َأ ْ رْجع ْ رْي ررب َّ رنا‬ ‫هللا عر رَل رس ِي ِدَنر ُم رح َّمد روعرَل َأ ِ رَل رو ْ‬
‫ر‬ ‫الْ رعا ئِ ِد ْي رن روالْفائِ ِزْي رن رو رص ََّل ُ‬
‫َأتِنرا ِِف الُّ نْ ريا رح رس نر ًة رو ِِف ْ َاْل ِخ رر ِة رح رس نر ًة رو ِقنرا عر رذ ْا رب النَّار روالْ رح ْمدُ ِ ِلِل رر ِب‬
‫الْ رعالر ِم ْ رْي‬
‫‪Wilujeng boboran shiyam, Wilujeng Idul Fitri 1444 H, Hapunten Lahir Bathin.‬‬
‫‪Minal ‘Aidin wal Faizin. Amin Ya Rabbal ‘Alamin.‬‬
‫‪Wassalamu’alaikum Wr.Wb.‬‬

You might also like